Sunday, May 11, 2014

Babad Cianjur

makam Raja Jampang Manggung
ka I Prabu Kujang PIlawa di Kac. Mande Cianjur
Wawacan jeung Babad : Karajaan-karajaan Samemeh Datangna Dalem Cikundul Sarta Kadaleman Nu sajaman Jeung Dalem Cikundul. (pikeun ditalungtik deui ku para sejarawan).
Dikumpulkeun ku Luki Muharam : Wartawan Tabloid Sunda GALURA Grup Pikiran Rakyat Bandung, Divisi Sejarah dan nilai tradisional Lembaga Kebudayaan Cianjur( LKC), Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Cianjur.

Pikeun sabagean urang Cianjur, boh pejabat, rahayat seniman atawa budayawanna mikawanoh sejarah Cianjur sapertina geus ngarasa cukup ku miboga sajarah Cianjur anu disusun ku Drs. Bayu Surianingrat taun 1984 dina buku “ Sejarah Cianjur Sareng Dalem Cikundul “ , saolah-olah samemeh datang Dalem Cikundul / Rd. Jayasasana / Aria Wiratanu I (1677-1691 M) kaayaan Cianjur teh masih keneh leuweung geledegan.  Malah Rd. Damanhuri ngadadarkeun yen sawaktu Rd. Jayasasana /Dalem Cikundul mimiti datang ka Cianjur ngababad heula leuweung geledegan pikeun nyieun pilemburan,ngababad make bedog kembar,anu helokna eta bedog teh bisa ngababad sorangan teu perlu dicekel gagangna,tangtu pedaran model kieu geus teu asup akal komo mun diudag ku elmu pengetahuanmah.
Kusabab boga anggapan yen Dalem Cikundul anu ngamimitan muka Cianjur antukna saban taun, komo lamun geus deukeut kana milangkala Cianjur tanggal 12 Juli nu dipadungdengkeun teh sual riwayat-riwayat anu aya dina babad Cianjur Dalem Cikundul wungkul saperti ngadadar deui sejarah Kuda Kosong, Surat Kalih, pindahna puseur dayeuh ka Pamoyanan atawa carita Dalem Dicondre, kitu deui jeung kitu deui, saperti taya deui bahasan.
Padahal sanggeus dipaluruh ku sim kuring ti taun 2002 minangka wartawan tabloid Galura, tetela samemeh datangna Dalem Cikundul ka Cianjur geus aya sababaraha karajaan, malahmah ti abad ka 2 Masehi geus ngadeg karajaan di wewengkon pakidulan Cianjur nyaeta karajaan Agrabinta, karajaan gede Jampang Manggung jeung karajaan Tanjung Singuru anu pernahna deukeut bendungan Cisuru Desa Sukarama Bojong Picung. Memang tacan dipaluruh sumber primer jeung sekunderna ku para ahli sajarah, tapi lamun hal eta anu dimasalahkeun nepika iraha moal diungkab-ungkab ku para aktivis budaya di Cianjur atawa ku Pemkab. Cianjur.
Kapan nurutkeun Prof. Dr. Nina Lubis oge ngeceskeun yen sajarah Cianjur tacan aya anu ditalungtik ku para ahli sejarah anu memang sacara resmi ditunjuk ku Gubernur Jawa Barat. “ Memang parantos aya panalungtikan sejarah Cianjur ku Rieza Denaputra , mung nu dipedarna sual sejarah kota Cianjur sanes sajarah Cianjur ti jaman purba. Sedengkeun buku sejarah nu disusun ku Bayu Surianingrat eta oge tiasa janten rujukan mung kapan Bayu Surianingratmah kasangtukangna sanes sajarawan, “ cek Ninna Lubis hiji waktu sawaktu hadir jadi nara sumber diacara Hari Pers Nasional dua taun katukang di kantor perwakilan PWI Kab. Cianjur.      
Matak geus waktuna ayeuna diungkab sajarah pamarentahan samemeh datangna Dalem Cikundul ka Cianjur, misalna ngeunaan karajaan Agrabinta dina tulisanna Yoseph Iskandar nu sumberna tina naskah Wangsakerta ngadadarkeun kieu :
Dina mangsa karajaan Salakanaga diparentah ku raja Dewawarman I taun 130-168 M, disabit-sabit aya hiji karajaan di Ujung Kidul ngaranna karajaan Agrabinta. Hal ieu dikuatkeun ku pamanggih Prof. Dr. Ir. Anwas Adiwilaga ti Universitas Padjadjaran Bandung, anu nembrakeun yen di Cianjur tebeh kidul aya patilasan tempat suci titinggal agama Hindu. Ayeuna eta wewengkon the sok disebut  Agrabinta, padahal ngaran asalnamah Argabhita anu hartina Agra=puncak, bhita = benteng, ngandung harti kota benteng dimumunggang gunung. Nu ngadegkeun karajaan Agrabinta nyaeta Prabu Sweta Liman Sakti, ari prameswarina nyaeta Singalanagari ti Srilangka. Sweta Liman Sakti datang ka pulo Jawa Barat bareng jeung lanceuk-lanceukna nyaeta Dewawarman (Cikal) jeung Bahadura (Panengah). Kacaritakeun Dewawarman teh hiji pamuda asal India geus pangalaman balayar antar lautan, inyana loba sobatna diunggal pulo anu didatangan di Nusantara kayaning para panghulu-panghulu / kuwu desa da puguh haritamah ditatar Sunda tacan aya karajaan.  Salah sahiji sobatna nyaeta Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya panghulu desa di basisir kulon Pandeglang, Banten. Dewarman kungsi mantuan Aki Tirem numpes para bajo laut anu remen ngajorag pakuwuan Pulosari anu diluluguan ku Aki Tirem, Dewawarman antukna dijodokeun jeung Dwani Rahayu / Nyi Pohaci Larasati anakna Aki Tirem. Sanggeus kitu Dewawarman jeung adi-adina teu baralik deui  ka India nagara asalna.
Sanggeus Aki Tirem maot, Dewawarman ngaganti mitohana jadi panghulu desa, lila lila padumukan anu dipingpinna beuki rame rahayatna nepika jadi hiji karajaan. Ku Dewawarman asalnamah karajaan the dingaranna Rajatapura, ngan ku rahayatna disebut Salakanagara (Salaka hartina perak, nagara hartina nagri). Ari adina nu kadua nyaeta Bahadura Harigana Jayasakti diistrenan jadi raja di Ujung Kulon, sedengkeun Sweta Liman Sakti diistrenan jadi raja diwewengkon Ujung Kidul nu puseur dayeuhna di Agrabinta (dilebah perkebunan Agrabinta Kidul Cianjur) . Karajaan Agrabinta kungsi kasabit-sabit dina kajadian baruntakna Cakrawarman, adina Prabu Purnawarman, kacaritakeun Cakrawarman sawaktu rek ngarebut tahta raja Tarumanagara ti lanceukna , inyana dibantuan ku salah saurang gegeden karajaan Agrabinta pangkatna menteri dina taun 437 Masehi. Dina sajarah karajaan Indraprahasta (Cirebon ayeuna) kasabit-sabit deui yen anak kadua raja Agrabinta nyaeta Tirtamanggala ngadahup ka Dewi Rasmi anakna raja Indraprahasta, saterusna TIrtamanggala diangkat jadi raja Indraprahasta ngagantikeun mitohana, nyangkring kakawasaan ti taun 507-526 M. “ Satemenna mun urang Cianjur engeuh yen karajaan munggaran anu aya di Cianjur teh karajaan Agrabinta, karajaan Agrabinta mangrupa kota  nu kurilingan ku benteng-benteng batu, ayeuna urut batu-batuna pasolengrah di perkebunan agrabinta. Titip kaurang Cianjur sangkan miropea batu-batu titinggal karajaan Agrabinta.” Pesen Yoseph diakhir tulisanna.
Lian ti eta aya deui karajaan lainna nyaeta Karajaan Tanjung Singuru, sumber sejarahna tina Pantun ngan duka meunang saha. Lian ti eta diungkabkeun oge dina buku sejarah Cianjur “ Riwayat Suatu Bangsa Hingga Lahirnya negeri Cianjur, “ nu disusun ku almarhum Rd. Damanhuri taun 1998 anu ngeceskeun yen sawaktu pasukan gabungan Cirebon, Demak jeung Banten kungsi gagal sababaraha kali ngarurug karajaan Pajajaran, hiji waktu sanggeus gagal ngarurug Pajajaran, pasukan gabungan Banten, Demak jeung Cirebon meupeus keuyang ngeridkeun pasukan ngarurug karajaan lain bawahan Pajajaran nyaeta karajaan Tanjung Singuru ( ayeunamah asup kana wilayah kampung Cisuru Desa Sukarama Kac. Bojong Picung Cianjur), ngan tarekah eta gaga loge kusabab karajaan Tanjung Singuru dibantuan ku tentara ti karajaan Pajajaran.
Sedengkeun dina Pantun Jaka Susuru diunkabkeun riwayat karajaan Tanjung Singuru anu diadegkeun ku Prabu Jaka Susuru, ngan hanjakalna eusi Pantun loba ngungkabkeun hal-hal anu teu kajaul ku akal sehat, Pantun Jaka Susur kieu eusina :
 Pantun  JAKA SUSURU
Di Désa Sukarama, Kacamatan Bojongpicung,
kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna,
aya lembur anu nelah Lembur Susuru,
lembur anu mibanda ajén carita,
nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru,
sakumaha anu kaunggel,
dina carita anu dicaritakeun deui.

Kocapkeun di Nagara Pajajaran,
nagara anu subur mamur,
gemah ripah loh jinawi.
Ari anu jadi rajana harita,
Sang Prabu Siliwangi nu katujuh.
Raja anu adil tur wijaksana,
anu matak katurut ku abdi-abdina.

Kangjeng Raja kagungan putra pameget,
keur sumedeng rumaja putra,
belekesenteng buta tulang buta daging.
Ari rupina kasép taya babandinganana,
dedeg sampé rupa hadé,
dibarung ku hadé tata hadé basa.
Dupi kakasihna anu kaceluk,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.

Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran,
dideuheusan ku patih, parabupati,
jeung paramantri ponggawa sakabéh.
Sami hémpak di paséban balé agung.
Sang Raja mundut tinimbangan,
réh putrana rék dijenengkeun bupati,
di hiji kabupaten anyar,
anu kudu diadegkeun ku sorangan.

Sang Raja mariksa anu sami hémpak,
“Kumaha sapuk atawa henteu?
Upama aya anu henteu sapuk,
mending caritakeun baé ayeuna,
urang badamikeun kumaha hadéna.”
Nu dipariksa ngawalon saur manuk,
yén ngiringan kana pangersa Sang Raja.
“Sukur ari kabéh geus sapuk mah.”

Pok Sang Raja ngalahir ka putrana,
“Éta kabupa¬tén anyar téh kudu di wétan.
Pék téangan tempat pinagaraeun
anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Tempat anu kacida alusna
pikeun dijadikeun nagara anyar.
Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh,
meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.”

Méméh angkat ngantunkeun nagara,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
dipaparin jimat ku nu jadi ramana.
Nyaéta Makuta Siger Kancana
jeung Lawé Domas Kinasihan,
minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi,
pencaran ti Nagara Pajajaran.

Sanggeus nyungkem ka kang rama,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
nembé jengkar ti karaton,
di¬iring ku dua mantri kapetengan,
Sewana Giri jeung Sewana Guru,
nu baris ngaping ngajaring,
salami lumampah milari pinagaraeun
di Tatar Alas Pasagi Wétan.

Radén Anom angkatna badarat,
asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung luwang-liwung harieum geueumeun.
Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna.
Dahar paké teu pati kapaliré,
saré ogé sakadar tamba palay.

Barang nepi ka hiji tempat,
reg tiluanana ngarandeg,
ngawas-ngawas patempatan.
Di dinya téh tanahna léndo,
caina curcor, kaayaanana hadé,
nu biasa disebut galudra ngupuk.
Cindekna pantes kacida pinagaraeun.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
énggal baé muja semedi,
nyu¬hunkeun pitulung Sang Hiang Otipati,
supaya éta tempat téh jadi nagara.
Panedana ditampi ku Nu Kawasa,
harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara.

Nagara teuing ku santosa,
bénténgna lima ngajegir,
hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja,
hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak,
hiji deui bénténg beusi purasani.
Karatonna ayana di tengah-tengah,
alus agréng sarta agem taya bangsana,
wantuning buatan Déwa.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
lajeng menekung deui ka Déwa,
nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria,
80.000 perjurit jeung 80 badéga
nu pinguruseun karaton.
Éta ogé tinekanan deui baé,
ku Déwa dilaksanakeun.

Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé,
gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi
miwarang hiji utusan ngadeu¬heusan ka ramana,
unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg,
sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.

Gancangna carita baé,
Utusan geus balik deui ti Pajajaran,
nagara anu anyar diadegkeun téh
dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran,
nyaéta Nagara Tanjung Singuru,
sarta rajana dipaparin jenengan
Sang Prabu Jaka Susuru.

Nagara Tanjung Singuru,
lami-lami janten nagara kerta raharja,
pangeusina beuki tambah gegek baé.
Tapi Sang Prabu Jaka Susuru,
ngarasa keueung cuang-cieung,
taya batur pakumaha dina sela-sela
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
ku margi henteu kagungan praméswari.

Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru
nga¬jugjug ka Nagara Bitungwulung,
réh aya selenting bawaning angin
yén Bupati Bitungwulung,
Pangéran Jungjang Buana,
kagungan putra istri dua.
Jenenganana Sekar Jayanti,
jeung adina Jayanti Kembang.

Sadatangna ka Bitungwulung,
Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna,
ditampi ku Pangéran Jungjang Buana.
Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina,
lantaran putri duanana ogé gareulis,
geulis lain pupulasan sagala-galana,
surup pisan kana jadi praméswari.

Antukna baé éta putri téh dilamar duanana.
Ku ramana disanggakeun duanana.
Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun,
disarengan ku ramana diiring upacara.
Teras baé duanana diréndéngankeun
sareng Sang Prabu Jaka Susuru
di Nagara Tanjung Singuru.

Der baé atuh pesta ramé kacida,
tujuh poé tujuh peuting taya eureunna.
Tatabeuhan ngageder beurang-peuting.
Jalma daratang ti suklakna ti siklukna,
kabéh tamplok minuhan alun-alun,
némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja,
yén ayeuna tos kagungan praméswari,
anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.

Sigeug heula anu keur oléng-pangan¬tén.
Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh,
kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya.
Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri,
jenengan Ratna Kembang,
réh anjeunna teu acan kagungan garwa.
Lain teu niat lain teu hayang, cenah,
ngan nganti-nganti wanci nu mustari.

Ari éta Nagara Gunung Gumuruh,
pere¬nahna henteu jauh ti Tanjung Singuru.
Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru.
Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru,
karaméan nu sakitu matak geunjleungna,
hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela.
Katambah-tambah loba rahayat nagrina,
anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.

Nya tuluy mariksakeun ka raina,
“Nyai, di mana pésta anu kakuping téh?
Jeung méstakeun naon deuih?
Jigana henteu jauh ti nagara urang,
da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.”
Ku Ratna Kembang di¬walon,
yén putra Bupati Bitungwulung duanana
diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru,
péstana diayakeun di Tanjung Singuru.

Badak Tamela kacida ngarénjagna,
bendu munggah ngagugudug,
amarah munggah henteu kawadahan,
réh anjeunna aya manah ka éta dua putri,
dikemu ti baréto diceungceum ti baheula.
Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa,
diiwat ku raja anyar tatanggana.
Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.

Badak Tamela ka luar ti karaton,
ngajugjug ka Tanjung Singuru
karepna gilig rék ngiwat putri nu dua.
Sajajalan anjeunna hulang-huleng,
néangan akal anu rikip tur lantip.
Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan.
Raja anyar anu dianggapna cucungah,
baris meunang wawalesna anu satimpal.

Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug.
Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga.
Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton,
tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus
ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti,
api-api nu rék ngabakti tawis katineung,
ka raja anu keur oléng pangantén.
Pok unjukan Badak Tamela unjukan,
“Nu mawi Kakang ngadeuheus téh
seja nyanggakeun tawis kagegelan,
nyaéta inten sagedé énéng.
Nanging aya hanjakalna saeutik.
Ku tina sakitu gedé¬na éta inten,
teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.”

Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep,
kataji ku cariosan Badak Tamela.
Pok Badak Tamela sasuran deui.
“Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten,
anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru,
anu kamashurkeun bedas tur sakti.
Dupi éta inten téh ayana di Kawas Domas.”

Prabu Jaka Susu¬ru téh percanten baé
kana sagala cariosan Badak Tamela téh.
Anjeunna geus teu kaampeuh,
palay geura ngéngingkeun éta inten.
Sanaos diwagel ku praméswari duanana,
anjeunna henteu ngagugu.
Pangrasana luhu élmu loba pangarti,
piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.

Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas,
diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri.
Barang nepi ka biwir Kawas Domas,
tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela,
gebrus baé kana kawah anu panas,
sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé.
Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui,
muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.

Sekar Jayanti jeung Jayanti Kem¬bang
wantuning terusing kusumah,
duanana meunang wirasat goréng,
yén baris aya nu ngiwat.
Pikeun tanda yén satia ka carogé,
tuluy baé duanana ngalolos ti karaton,
mubus ka leuweung anu suni.
Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.

Lami ti lami, dua putri téh kakandungan.
Barang nepi kana bulanna,
brol duanana babar patutur-tutur.
Putrana pameget kawas nu kem¬bar,
rupina kasép ngala ka ramana.
Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.

Aya taunna éta dua pramés¬wari
hirup di leuweung katut dua putrana.
Pipindahan henteu netep di hiji tempat.
Lila-lila ka luar ti pileuweungan,
nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara.
Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana,
nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.

Éta raja saé pisan pangangkenna
ka éta dua praméswari jeung putrana.
Dipernahkeun di karaton disaé-saé.
Ari jenengan nu jeneng raja di dinya,
nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti.
Praméswarina kagungan dua,
Purba Déwata jeung Ratna Déwata.

Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru,
énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad,
badé ngarurug Badak Tamela
nu harita ngajabel Nagara Tanjung Si¬nguru.
Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna,
leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara.
Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.

Badak Tamela geus tata-tata,
metakeun panganggo jeung pakarangna,
karepna rék némbongkeun kasakténna.
Badak Tamela kaluar ti karaton,
tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk.
Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak,
dicacar bolang ku Badak Tamela.

Ningali galagat kitu,
Gajah Kumarasakti maju ka kapalangan.
Der perang tanding kacida ragotna.
Lila-lila Badak Tamela kasoran,
éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti.
Badak Tamela teu bisa nyanggapulia,
tungtungna karingkus ku Gajah Kumaraksti.

Badak Tamela anu geus éléh jajatén,
ménta ampun ka Prabu Gajah Ku¬marasakti.
“Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura,
ménta hirup jeung huripna.”
Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan,
Gajah Tamela baris dipaparin ampun,
tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna,
kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.

Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas.
Batu gedé anu nutupan éta kawah,
diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan,
kawantu Badak Tamela tanagana bedas.
Énggalna Prabu Jaka Susuru.
kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru,
dikaluarkeun ti jero Kawah Domas.

Badak Tamela nyuhunkeun ampun,
bari ngabaktikeun rayina téa,
anu geulis Ratna Kembang.
Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi,
sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun
jadi bupati di Gunung Gumuruh.
Anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.

Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru,
Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul
sareng Prabu Gajah Kumarasakti
nawiskeun tumarima kana pitulungna.
Ger pésta, tujuh poé tujuh peuting.
Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus.
Lantaran sasatna éta pésta,
dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.


Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras
ngeréh Nagara Tanjung Singuru,
diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti,
Jayanti Kembang, jeung Rat¬na Kembang.
Tambih-tambih suka manahna,
ku margi ayeuna tos kagungan dua putra.
Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh,
patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.
(Sumber tina blog Budi Rahayu Tamzah wartawan, penulis)  
Lian ti karajaan Agrabinta jeung karajaan Tanjung Singuru aya deui karajaan heubeul di Cianjur nyaeta karajaan Jampang Manggung. Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Aki Sugiwancan masih kokocoran Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya, abad ka 4 Masehi asalnamah di Malabar, ngan sanggeus dicangkring ku Prabu Kujang Pilawa dipindahkeun ka Cianjur.
Tina wawacan Jampang Manggung oge loba kaungkab asal ngaran wewengkon anu ayeuna jadi ngaran tempat di Cianjur saperti Jampang, Cugenang, Gekbrong, Cibalagung, gunung Mananggel, jrrd. Dina mangsa karajaan Agrabinta, Jampang Manggung, jeung Tanjung Singuru  tacan aya ngaran Cianjur, kusabab ngaran Cianjur karak dipikawoh taun 1891 M sawaktu Kabupaten Cianjur anu dipingpin ku Aria Wiratanu II (1692-1707) sawaktu pamarentahanana diaku ku pamarentah penjajah Belanda.
Sajarah karajaan Jampang Manggung kalayan lengkep aya dina pedaran dihandap ieu, sumberna ti K.H. Djalaluddin Isa Putra / Eyang Junan (50) sesepuh pontren Bina Akhlak di Kp. Sukawargi Desa Babakan Karet Kac. Cianjur Kab. Cianjur. Eyang Junan teh katurunan raja Jampang Manggung.
KERAJAAN JAMPANG MANGGUNG
Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemehna jadi Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku anu jadi raja oge di karajaan Malabar.
Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona nyaeta Gasman atawa Prabu Sabatan Kati.
Ku Prabu Kujang Pilawa, karajaan Jampang Datar diganti jadi karajaan Jampang Manggung. Minangka karajaan nu mandiri, Jampang Manggung boga hubungan hade jeung karajaan sejenna saperti jeung karajaan Malabar,Sundapura, Purwakarta jeung karajaan Tanjung Kalapa, lian ti eta aya boga hubungan jeung raja-raja ti karajaan Tarumanagara .
Kujang Pilawa asalnamah ti nagri Para Sunda, inyana teh raja adil paramarta nu merhatikeun pisan kasajahteraan rahayatna, utamana dina widang atikan moral kusabab kitu Kujang Pilawa merhatikeun pisan kahirupan para pandita / guru agama nu harita disebutna teh Ing Paya. Para Ingpaya dipernahkeun hade pisan di pasanggrahan-pasanggrahan. 
Dina jaman Kujang Pilawa panghasilan hasil bumi nagara subur ku mangpirang – pirang bubuahan saperti kopi, hajeli, jahe, kupa jrrd. Keur ningkatkeun widang ekonomi dibuka pasar-pasar leutik jeung pasar gede. Sabagian rahayat oge dibere kalaluasaan pikeun dagang di puser nagara sejenna saperti dayeuh Taruma jeung nagri kalapa. Para sodagar ti Jampang Manggung oge loba anu ngajorag ka nagara Indrabumi di deukeut gunung Cereme anu harita kawilang maju kusabab loba didaregdeg sodagar-sodagar ti nagri Benggala, Cina, Campa, Sukaya, jsb.
Diantarana mawa pakakas tina emas jeung keramik pikeun ditukeur ku hasil bumi ti karajaan Jampang Manggung. Dina widang kasehatan para tabib ti Jampang Manggung geus kasohor kamamana nepika ka nagri sejenna, malah loba nonoman anu diajar katabiban di nagara Jampang Manggung. Pikeun ngajaga kaamanan nagara, Kujang Pilawa nugaskeun patihna nu disebut Turus Juru Luar nu ngajaga kaamanan diluar jeung dijero karajaan.
Pikeun Turus Juru boga kawijiban ngabimbing masarakat, mere piwejang ngeunaan hukum jeung tugas warga nagara sangkan ulah kabeulit kumaslah criminal jeung palanggaran hukum lainna.Dina ha lieu karajaan Jampang Manggunung boga pangalaman sawaktu meunang panarajang 800 pasukan ti negeri Daha / Kediri anu rek nyoba-nyoba ngajajah Jampang Manggung, teu sakali wae karajaan Daha narajang karajaan Jampang Manggung, ngan kusabab kakuatan pasukan jeung kapimpinan Prabu KUjang Pilawa unggal panarajang pasukan Daha bisa dilumpuhkeun kalayan korban nuloba ti fihak Daha.
Kitu oge sawaktu ratusan pasukan ti bangsa Banggala anu rek ngagunasika kaamanan rahayat Jampang Manggung, pasukan Banggala bisa ditumpes, tuluy sesana diusir kaluar Jampang manggung, sarta teu balik deui.
Ajen kahirupan Jampang Manggung.
Dina ngurus karajaan jeung ngolah nagara Kujang Pilawa teu kaluar tina ajen karajaan nu disebut Ajen Galuh, Ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung.
Para guru jeung pandita anu boga tugas neuleuman jeung ngajarkeun ajen kahirupan eta disebut Ing Paya, aya oge Ing Paya anu boga kaahlian lain lian ti ngajarkeun ajen Pananggelan, nyaeta Ing Paya anu boga ahli kana ilmu sejenna, saperti katabiban, irigasi, tatanen, supranatural jsb disebutna Ing Paya Agung  .
Nu disebut Ajen Galuh the nyaeta tina kocap Galuh, Galeuh jeung Galih nuhartina permata, anu nerangkeun sual Zat nu Maha Kawasa nu disebut Sang Hayang Batara Tunggal anu mere kahirupan jeung nyabut kahirupan kasakabehna mahluk. Dina ajen Galuh ieu diajarkeun oge sual paparahan kana katangtuan ti nu Maha Kawasa.
Sedengkeun Ajen Pananggelan nyaeta : Atikan anu ngabimbing jalma sangkan bisa hirup tumuwuh jeung lingkunganana, nyaah kasasama teu adigung adiguna, teu miboga barang anu lain hakna, tuhu kana adat , bakti ka kolot jeung ka guru, jeung taat ngalaksanakeun kabijakan raja salila teu pasalia jeung katangtuan ajen-ajen nu lumaku . Dina ajen Pananggelan manusia kudu ngalaksanakeun Darma, hartina ngalaksanakeun pakasaban kahirupan sapopoe pikeun kulawarga, nagara jeung bekel ibadah kanu Maha Kawasa, sakumaha diajarkeun ku Adam , Hawa sareng Tsis.
Para Ing Payagung oge ngajarkeun elmu-elmu lainna anu sapopoe bisa digunakeun ku masarakat saperti cara ngurus hewan piaraan samodel ngurus munding, domba, jsb timimiti cara ngangon, cara ngabersihan hewan, jsb. Lian ti eta para Ing Paya mere piwejang sangkan urang Jampang Manggung balansiar dagang sacara jujur, sarta ulah poho ngalaksanakeun darma lamun meunang kauntungan tina dagang.
Anu leuwih utama, para Ing Paya mere piwejang sangkan nyaah ka leuweung kujalan nerapkeun larangan melak tutumuwan di leuwueng kabuyutan anu dipercaya tempat kumpulna arwah karuhun. Hutan anu bisa diala hasilna disebut leuweung raja / leuwueng tutupan.
Ngan upama rek nuar tatangkalan kudu menta kamandang heula ka Patih Sahuang (kuncen leuwweung jeung gunung anu seluk belukna) sangkan lingkungan alam tetep saimbang, antara anu dituar jeung anu kudu dipiara. Adam jeung Sys dipercaya minangka utusan ti Sang Hyang Batara Tunggal pikeun mere cahaya kahirupan ka sakumna manusia.
Ari Ajen Galunggung ngajarkeun kumaha kuduna hubungan manusa jeung alam sabudeureunana sangkan salawasna saimbang. Hubungan manusa jeung binatang dibagi ku
sababaraha sikep kusabab aya binatang anu ngabahayakeun, aya oge anu lindeuk, aya binatang anu bisa didahar dagingna aya anu teu meunang didahar, aya binatang anu bisa diporo aya anu teu bisa. Contona Maung, binatang ieu teu meunang diporo lamun henteu asup pakampungan eta oge kudu menta ijin heula Patih Sahung kuncen leuweung anu bisa mere pamadegan sual kasaimbangan leuweung jeung eusina. 
Kitu deui bagong, bisa diporo lamun ngagalasak pepelakan, tapi teu meunang diporo lamun asup leuweung kabuyutan, kitu deui daging bagong teu meunang didahar ku jalma, daging bagong bisa dibikeun ka anjing jeung aul kusabab dina sihungnya nyayang roh jahat. Domba leuweung anu asup ka kampung meunang diboro watesna nepika leuweung Raja / leuweung tutupan. Domba teu meunang diboro upama asup ka leuweung larangan / leuweung kabuyutan.
Hayam leuweung jeung manuk leuweung teu meuang di sumpit upama teu penting-penting teuing mah, komo hayam leuweung bikang nu keur endogan teu meunang diporo. Hayam jeung manuk leuweung meunang diporo sabulan sakali eta oge teu meunang leuwih ti hiji, pikeun diaala dagingna jeung buluna nu alus. Manuk Kerak, Cangkurileng, Ciung jeung Beo meunang dipiara umpama nyaho elmuna, kusabab lamun teu bisa miarana matak ngageringkeun si manuk jiwa jeung ragana.Peusing umpama keur ubar meunang diporo jeung didahar, tapi teu meunang didagangkeun. Umpama didagangkeun hartina geus ngarempag ajar Galunggung kitu numutkeun catetan para Ing Paya sakumaha anu diajarkeun ku Adam, Hawa jeung Sys.
Loba deui ajaran ajen anu diterapkeun dina kahirupan sapopoe urang Jampang Manggung. Kujang Pilawa the raja panutan, hirupna dibaktikeun pikeun kararaharjaan rahayatna, inyana remen mujasmedi ka Sang Hyang Widi sangkan tetep bisa ngajalankeun pamarentahan sakumaha ajaran karuhun, sangkan Adam jeung Sys panuju dialam kalanggeunan.
Kujang Pilawa jadi raja Jampang Manggung salila opat puluh taun, samemeh mulang kakalengan Kujang PIlawa hirup mandita jadi Ing Payagung. Kujang Pilawa boga anak sabelas, tahta karajaan diwariskeun ka Danu Sangkalang anakna di cikal, kitu deui patih Jampang Manggung dipasrakeun ka Sanjar Janggala anak kadua Prabu Kujang Pilawa.
(Bah Paslan katurunan Jampang Mangung, dimakam Prabu Kujang Pilawa di Pasir Geger Bentang, desa Kutawaringin Kac. Mande Kab. Cianjur .foto taun 2012)

Senjata Kujang
Salila jadi raja Jampang Manggung, Kujang Pilawa dipikanoh minangka raja sakti mandragun, jeung taya nu bisa ngelehkeun kadigjayaanana. Ari pusakana nyaeta senjata Tosa. Kamana wae sang prabu miang senjata Tosa taya leupas tina cangkengna, antukna pakarang Tosa loba anu make ampir unggal satria ditip karajaan ditatar Sunda. Anu helokna, ngaran pakarangan Tosa lila-lila ngaranna ganti jadi pakarang Kujang, kusabab geus jati ciri kagagahan Prabu Kujang Pilawa. Nepika ayeuna pakarangan Kujang jadi ciri pakarangan khas Jawa Barat.  Sanggeus mulang kakalanggengan, tahta karajaan Jampang Manggung dipasrahkeun ka anak cikalna nyaeta Danu Sangkalang sedengkeun anak kadua Kujang Pilawa nyaeta Sanjar Janggala diangkat Patih karajaan Jampang Manggung. Lian ti eta diangkat oge sesepuh Ing Payagung nyaeta Aki Seuseupan minangka panasihat raja.
Prabu Danu Sangkalang kaasup raja anu boga pamikiran maju, diantarana ngahapus tradisi anu lumaku nu dianggapna teu luyu jeung rasa kamanusaan, saperti ayana tradisi Ngayang nyaeta ngawinkeun dulur sakembar, mimitina sanggeus orok kembar lain jinni lahir, siorok lalaki ngan bisa disusukeun ka indungna dina waktu saminggu geus kitu kudu dipesat, umpana indungna teu ngidinan, anggota kulawarga sejenna kudu maksa sangkan orok lalaki disusuan ku lain indunga, saha wae. Engkena sanggeus papada dewasa dulur sakembar beda jinis the dikawinkeun. Upama dina jatukramina salah surangna maot, pasanganna teu meunang kawin deui salila hirupna. Upama aya pasangan anu ngalanggar, bakal ditibaan hukuman disita kabeh hartana. Tradisi Ngayang ieu ku Prabu Danu Sangkalan tuluy dihapus.
Tradisi lainna anu dihapus ku Danu Sangkalang nyaeta Tradisi Bawil, tradisi males pati anu taya rasrashana. Dina tradisi Bawil, umpama aya salah saurang warga boga maksud hayang balas dendam mimitina kudu neangan sato kurban embe hideung, atawa kebo dongkol pikeun ritual, si sato tuluy disiksa nepika paehna. Tuluy getih hewan anu geus disiksa diuyup ku jalma anu rek ngalaksanakeun bales dendam. Geus nguyup getihna, daging sato sesembahan tuluy didahar atah-atah bari seuseurian kalayan harepan roh roh gaib marengan niat sijalma dina tarekah bales dendam. Sanggeus kitu sijalma nu rek bales dendam tuluy neangan jalma anu rek diala patina, lamun geus bisa dipaehan, musuh nu dibunuhna direcah awakna, didahar hate jeung jantungna atah-atah. Sirah jalma anu geus dipaehan, tuluy ditegas, dibawa balik, sarta dipajang dipipir imah atawa diteundeun didapur nepika jadi tangkurak, tangkurak eta disimpen nepika tujuh turunan.
Danu Sangkalang boga pamadegan yen tradisi Bawil lain warisan Adam, Hawa jeung Sys, oge lain ajaran sakumaha dina ajen kahirupan nu lumaku. Tradisi Bawil nurutkeun pamadegan Danu Sangkalang warisan sampeuran tina tradisi jahat Dasa Muka / Astina dina lalakon Mahabarata, atawa warisan Ajus Marjus sigana nu dimaksud the Ya juj Wa Majuj anu aya dina Al Quran, atawa Gog Ma Gog dina Bibel. Tradisi lainna anu dihapus ku Danu Sangkalan nyaeta tradisi Ciling, nyaeta tradisi ngusir pamajikan gegeden nagara anu ngalahirkeun orok cacat, kusabab dipercay bakal mawa sial ka nagara. Danu Sangkalang marentah karajaan Jampang Manggung salila 53 taun, ngan sanggeus ditinggal maot ku Sanjar Jangala adina pituin nu jadi Patih Jampang Manggung, Danu Sangkalang remen gearing siga kapapaitan pisan ditinggal maot ku adina the, nepika inyana gering parna. Sanggeus palastra, tahta raja Jampang Manggung dicangkring ku Pita Kumana Jaya anak cikal Danu Sangkalan.
Pita Kumana Jaya / riwayat wewengkon Jampang Cianjur Selatan
Sawaktu Pita Kumana Jaya nyangkring kakawasaan minangka raja Jampang Manggung sesepuh pandita / Ing Paya Gung Aki Seuseupan pamitan ka rajana rek mundur tina kasibukan di karaton minangka panasihat raja, Aki Seuseupan rek museurkeun hirupna ngolah pasanggrahan, hirup mandita ngadeukeutkeun diri ka Sang Murbeng Alam.Prabu Pita Kumana Jaya najan bari beurat hate, teu wasa narah pamenta Aki Seuseupan anu geus puluhan taun jadi panasihat raja Jampang Manggung samemeh dirina. Mundurna Aki Seuseupan ti karaton dileupas kalayan hurmat, dibahanan mangpirang-pirang beukeul kayaning emas, perak jeung kakayon lainna kaasup dua kuda jeung tujuh kebo lengkep jeung dua tukang ngangonna sangkan bisa jadi bekel kahirupan Aki Seuseupan di pasanggrahanna.
Pita Kumana Jaya sadar yen Kujang Pilawa jeung Danu Sangkalang sawaktu jadi raja geus mawa komara anu nyongkolang pikeun kamajuan karajaan, kusabab kitu inyana tetep pengkuh ngajalankeun kawijakan anu geus ditetepkeun ku luluhurna.
Pita Kumana jaya ngupayakeun sangkan kamajuan anu geus dijaul ku raja samemehna bisa tetep lumangsung. Dina ngolah nagara, ngurus nagari Pita Kumana Jaya dibantu ku para patihna kayaning : Kutamadunya, Suryalaga, Bomanlarang, Sokoganggalang, dan Rangijid.Prabu Pita Kumana Jaya marentah karajaan dibarengan ku prameswari Putri Salangkan Pati nu asalna ti gunung Cereme. Dina mangsa pamarentahana karajaan Jampang Manggung ngalaman masa kajayaan utamana diwidang karaharjaan rahayatna. Jampang Manggung oge kasohor ku elmu katabibabana nepika ka mancanagara. Nepika loba tabib anu ngahaja guguru ka para tabib jeung para Ing Paya di Jampang Manggung saperti tabib-tabib ti negeri Cina, Campa, dan Gangga serta Banggala.
Dina umur 39 taun Pita Kumana Jaya katarajang kasakit parna nu taya obatna, kusabab kitu pamarentahan karajaan dijalankeun ku para patihna kusabab anak-anakna laleutik keneh. Hanjakalna teu kabeh patih tuhu nyekel amanah, Soko Ganggalang jeung Rangijid loba milampah curaling teu tuhu kana adat, ngupayakeun sangkan kaayaan nagara teu aman, hal eta aya hubunganana jeung niat Soko Ganggalang jeung Rangijid anu ambisi hayang jadi raja. Kaayaan beuki teu merenah sanggeus Pita Kumana Jaya mulang kakalanggengan. Patih Bomanlarang, Suryalaga jeung Kutamadunya mah nembongkeun baktina ngurus layon rajana, hal eta beda jeung talajak Sokoganggalang jeung Rangijid anu narekahan diri sangkan bisa ngarebut tahta kujalan ngumpulkeun kakuatan jeung dukungan .
Kaayaan rahayat kabagi-bagi aya nu ngadukung Sokoganggalang najan kapaksa, aya oge anu wani ngalawan hal hal eta jadi mamala kusabab kabeh warga anu baruntak ka Sokoganggalang jeung Rangijid asup kana pangberokan. Sedengkeun patih sejenna anu masih keneh satia ka raja, ngan bisa ngamankeun istana jeung prameswari Putri Salangkang Pati jeung dua anakna nu masih keneh can sawawa nyaeta Laganastasoma jeung Putri Sangwangi.
Pikeun ngajaga sangkan teu leuwih loba korban rahayat, Patih Bomanlarang, Kutamadunya jeung Suryalaga nyebarkeun surat karahayat Jampang Manggung sangkan ngungsi kadaerah anu jauh tur aman, nyaeta kadaerah Agra wewengkon kidul lainna. Teu lila sakurna warga Jampang Manggung anu tuhu kana eta surat geuwat nyalametkeun diri kadaerah pakidulan, saeutikna aya 160 kepala kulawarga mimpin eksodus kulawarga ka Pakidulan. Nurutkeun ieu riwayat para kulawarga ti Jampang Manggung antukna loba anu ngamukim di wewengkon Agra jeung Pakidulan lainna, antukna sabudeureun wewengkon pakidulan ti harita disebut wewengkon Jampang nyoko ka rahayat anu asalna ti nagara Jampang Manggung.
Pasukan pambaruntak nu dipingpin ku Sokoganggalang jeung Rangijid beuki ngadeseh istana, laju pikeun kasalametan prameswari Salangkangpati jeung dua anakna tuluy nyalametkeun diri kujalan ngarolos ti karaton, sedengkeun Putri Kancing Sarati mertuana putri Salangpati milih netep disabudeureun karaton najan kitu tetep ngarestuan niat mantu jeung incuna nyalametkeun diri tina pasukan pambaruntak. Rombongan prameswari anu nyalametkeun diri dikawal ku tilu patih nu satia nyaeta Bomanlarang, Kutamadunya jeung Suryalaga, rencanana rombongan rek muru pasanggrahan Aki Seuseupan di sabudeureun ku gunung Gede jeung Manangel. Samentara eta, Soko Ganggalang geus hasil ngarebut tahta, manehna tuluy ngangkat dirina jadi raja Jampang Manggung, sedengkeun Rangijid ditelasan ku Soko Ganggalang di sabudeureun Cigalongong Cikalong kusabab jadi lawan politikna.
Ing Paya Laganastasoma / Sang Hyang Tapak jeung gunung Mananggel
Singket carita sanggeus apruk-aprukan norobos leuweung geledegan rombongan prameswari Salangkangpati ditarima hade naker ku Aki Seuseupan, ahirna salila 13 taun Salangkangpati jeung dua anakna ngamukim dipasanggrahan Aki Seuseupan bari nyamurkeun diri jadi rahayat biasa boh bisi kapanggih ku mata-mata Sokoganggalang.
Putra cikal Laganastasoma geus umur 22 taun sedengkeun adina Putri Sangwangi geus nincak umur 15 taun. Laganastasoma anu geus loba nyuprih elmu pangaweruh ti Aki Seuseupan ngarasa geus waktuna turun gunung muka pasanggrahan sorangan, kukituna inyana menta ijin ka Aki Seuseupan rek pamitan ti pasanggrahan Aki Seuseupan. Najan beurat hate rombongan Laganastasoma dileupas ku Aki Seuseupan, rombongan neangan tempat lain kusabab moal mungkin deui balik deui ka karaton Jampang Manggung anu geus dikawasa ku Sokoganggalan .
Dina lalampahanana Laganastasoma jeung indung sarta adina katut para patih nu satia ngajaga kasalametanana antukna nepika dihiji tempat pangreureuhan. Kacaritakeun dina hiji peuting Laganastasoma meunang ilapat, dina ngimpina inyana kadatangan arwah Prabu Pitakumanajaya ramana, sang Prabu nitah ka anakna sangkan netep dieta tempat keur ngamimitian muka kahirupan anyar.
Isukna Laganastasoma maluruh jalma anu boga eta tempat, tetela nu boga tempat the sodagar beunghar ngaranan Jema anu boga sikep resep tutulung. Niat Laganastasoma hayang ngamukim dieta tempat ditarima pisan ku Jema, eukeur mah manehna ngarasa yakin dina jero hatena yen Laganastasoma teh sabenernamah putra makuta Jampang Manggung anu geus ninggalkeun karaton salila belasan taun. Komo deui sanggeus pancakaki yen sabenernamah Jema teh katuran nagri Para Sunda tempat asalna Prabu Kujang Pilawa luluhur Laganastasoma.
Matak Jema teu asa-asa mangnyieunkeun pasanggrahan gede pikeun Laganastasoma jeung rombonganana di eta tempat sakumaha ilapat anu katarima ku Laganastasoma dina ngimpina. Ti harita Laganastasoma ngamimitian hirup minangka Ing Paya anu salawasna dijadikeun guru nu masarakat, teu sautik nu daratang ti mamana pikeun jadi murid-muridna cicing nyuprih elmu di pasanggrahan Laganastasoma.
Pasanggrahan Lagasnastasoma dingaranan Pasanggrahan Pananggelan, malah gunung anu aya disabudeureun pasanggrahan antukna sok disebut Gunung Pananggelan, anu lila-lila rubah ngaranna jadi gunung Mananggel.
Didieu aya catetan yen saking beungharna Jema loba jalma anu kataji, matak ti harita sakur jalma anu geus beunghar atawa jaya sok disebut geus jadi Jema nyoko kana kabeungharan Jema, lila-lila sebutan eta jadi Jelema. Ayeunamah sebutan anu geus sukses teh nyaeta geus jadi Jelema.
Dina umur 25 taun Ing Paya Laganastasoma ngadahup ka putri Candra Wulan asal ti gunung Padang, tina jatukrami ieu lahir dua putri jeung hiji putra nyaeta : Jamalillah, Sakalillah jeung Indalana / Jamali Wetan.Kamashuran Laganastasoma minangka ahli pangobatan jeung guru kamanusiaan beuki kasohor kamana-mana.
Hiji waktu aya kabar yen Raja Jampang Manggung Soko Ganggalang katarajang kasakit parna, geus mangpirang-pirang tabib timamana didatangkeun ka karaton pikeun ngubaran panyakitna, tapi taya hiji oge tabib anu bisa jadi cukang lantaran nyageurkeun panyakit Soko Ganggalang, malah kasakitna beuki parna, nepika teu bisa ningali. Soko Ganggalang ngadenge yen ditutugan gunung Manangel aya tabib anu sakti bisa ngubaran sagala panyakit, ngarana Ing Paya Laganastasoma, sang raja laju nitah sangkan Laganastasoma diogan ka karaton Jampang Manggung keur ngubaran panyakitna.
Singket carita utusan Jampang Manggung geus nepi ka pasanggrahan Laganastasoma bari masrahkeun surat ti Soko Ganggalang anu menta sangkan Laganastasoma datang ka karaton Jampang Manggung pikeun ngubaran panyakitna.Narima surat eta Laganastasoma teu langsung nyanggupan, inyana menta kamandang ka indungna nyaeta putri Salangkangpati sok bisi surat teh ngan saukur akal-akalan Soko Ganggalang anu rek nandasa dirina minangka ahli waris tahta karajaan Jampang Manggung. Putri Salangkangpati teu ngidinan inyana datang manggihan Soko Ganggalang. Pikeun Laganastasoma tahta karajaan Jampang Manggung geus teu jadi udagan deui, inyana leuwih museurkeun diri jadi Ing Payagung anu salaswasna ngabantu saha wae jalma anu meunang masalah dina kahirupanna lahir jeung batin, kitu deui sawaktu narima surat ti Soko Ganggalang anu menta tulung ka Laganastasoma sangkan ngubaran panyakitna nu geus parna.
Rahyang Laganastasoma ahirna masrahkeun papasten muntang saraya ka Sang Murbeng Alam menta pituduh naha kudu nedunan pamenta Raja Jampang Manggung atawa narah datang ka karaton Jampang Manggung. Tina hasil mujasmedi , ahirna Laganastasoma netepkeun niatna rek nedunan pamenta Soko Ganggalang, ngubaran panyakitna, sabab dina hasil mujasmedina inyana ningali yen Soko Ganggalang lain ngan saukur geus lolong matana, jiwana oge geus kosong tina cahaya ajen-ajen kamanusiaan. 
Singket carita, Laganastasoma geus nepika karaton Jampang Manggung ngubaran panyakit Soko Ganggalang, sanggeus sawatara lila ngubaran kasakit lahirna, Laganastasoma tuluy ngubaran panyakit batin Soko Ganggalang anu sabenerna keur gering pikir ningali kalakuan anakna nyaeta Tarungdawaling anu geus ngarempag purbatistis jeung purbajati ajen karuhun. Najan anak raja, Tarungdawaling resep ngalajur nafsu, ngarampas kakayaan rahayatna, miragasa kahurmatan para wanoja, jeung teu ngahurmat para Ing Paya. Antukna pamor karajaan Jampang Manggung beuki nyilorot, eukeur mah eukeur sawaktu Soko Ganggalang ngarebut tahta karajaan oge make cara-cara anu teu luyu jeung kamandang para Ing Paya, lian ti eta, para Ing Paya / pandita salila Soko Ganggalang nyekel kakawasaan geus teu dibere tempat deui di karaton minangka panasehat raja, Soko Ganggalang ngan dikurilingan ku jalma-jalma anu tuhu ka manehna ngan saukur butuh jabatan jeung kakayaan wungkul.   
Sanggeus jadi cukang lantaran cageurna panyakit Soko Ganggalang, Laganastasoma mulang deui ka pasanggarahan Pananggelan di gunung Manangel. Ngan samemeh inyana ningalkeun karaton Jampang Manggung, Laganastasoma mere piwejang sangkan Soko Ganggalang ngaraketkeun diri deui jeung para Ing Paya sangkan hirupna bisa tenang, teu ngan saukur ngudag-ngudag urusan kadunyaan.
Piwejang Laganastasoma dilaksanakeun ku Soko Ganggalang, sanggeus puluhan taun ngajauhkeun diri ti para Ing Paya, manehna tuluy ngogan para Ing Paya sangkan kumpul di karaton, Soko Ganggalang menta kamandang ka para Ing Paya pikeun kalumangsungan karajaan Jampang Manggung anu beuki nyilorot pamorna , ditambah kalakuan Tarunggawaling anu geus jauh tina ajaran ajen-ajen malahmah geus ngajadikeun dirina sumber karusuhan dimana-mana. Tina gempungan jeung para Ing Paya antukna kabeh sapuk yen diperlukeun tarekah teges pikeun mareumkeun karusuhan karusuhan anu dijieun ku anak-anak buahna Tarungdawaling. Kukituna para Ing Paya mere kamandang sangkan Soko Ganggalang ngadatangkeun deui Laganastasoma ka karaton pikeun ngamankeun karajaan Jampang Manggung tina gangguan anu dijieun ku Tarungdawaling jeung anak buahna.  
Soko Ganggalang ngagugu kana pamenta para Ing Paya, inyana tuluy ngirim utusan ka Ing Paya Laganastasoma, pikeun menta kasadiaan Laganastasoma mareumkeun bancing pakiwuh anu diakibatkeun Tarungdawaling jeung anak buahna. Laganastasoma nyaluyuan pamenta Soko Ganggalang, inyana nyiapkeun murid-muridna sangkan bisa jadi pasukan pangaman karajaan Jampang Manggung. Sanggeus nepika karatonan Jampang Manggung Laganastasoma mingpin pasukan karajaan Jampang Manggung dibantu ku murid-muridna pikeun numpes pambaruntakan. Sakur-sakur tempat anu diperkirakeun jadi sayang panyumputan anak buah Tarungdawaling dijorag hiji-hiji.   
Najan bari kitu Tarungdawaling oge teu cicingeun manehna satekah polah ngalawan pasukan Laganastasoma, nepika perang rongkah teu bisa dihindarkeun deui. Ngan lila-lila pasukan Tarungdawaling kaleled ku paranarajang pasukan Laganastasoma, manehna ampir tiwas ngan ku kawijakan Laganastasoma, Tarungdawaling anu keur baloboran geutih keuna ku sabetan pedang dipasraskeuh ka bapana Raja Soko Ganggalang.
Rengse ngamankeun karajaan Jampang Manggung, Laganastasoma balik deui ka Pasanggrahan Gunung Manangel, ti harita inyana meunang gelar Resi Pananggelan, atawa Ing Payagung Laganastasoma ti raja Soko Ganggalang. Sabenerna Laganastasoma bisa wae ngarebut tahta minangka ahli waris nu sajati makuta raja Jampang Manggung, ngan Resi Laganastasoma geus ngabuleudkeun diri rek museurkeun hirupna kana ngokolakeun pasanggrahan ngabdi ka masarakat dina sual ajen kamanusaan jeung katabiban.  
Putri Candrawulan ti Gunung Padang
Tina Jatukrami jeung putri Candrawulan, Laganastasoma boga anak tilu, dua awewe jeung hiji lalaki kayaning : Jamalillah, Sakalillah, Indalana / Jamali Wetan. Ngan Candrawulan teu lila umurna, palastra dina umur ngora. Layona dikurebkeun di gunung Manangel. Ditinggal maot ku Candrawulan, Laganastasoma ngarasa sedih hatena, inyana jadi beuki remen mujasmedi di ponclot gunung Manangel, masrahkeun dirina kana papasten Sang Hyang Widi. Sataun sanggeus Putri Candrawulan mulih kakalangengan, sodagar beunghar Jema ngajodokeun Laganastasoma ka kulawadetna nyaeta Dewi Niskalawati ti nagri Purwa, tina jatukrami ieu teu boga katurunan.
Kusabab teu mere wae katurunan ka Laganastasoma, Niskalawati ngajodokeun Laganastasoma ka wanoja pahatu lalis Manik Kancala, ngan sanggeus sawatara taun rumah tangga, ti Manik Kancala oge Laganastasoma teu boga katurunan.
Hiji waktu Laganastasoma meunang ondangan raja Cina, sangkan nungkulan gotrasawala para tabib sadunya, kusabab pasanggrahan Pananggelan memang geus kasohor ku olahan obat – obatanana kayaning akar-akaran, kulit jeung daun tutuwuhan anu dipadu jeung cai ti cai nyusu atawa cai serepan. Dina gotrasawala eta Laganastasoma datang minangka utusan karajaan Jampang Manggung, sarta meunang pangawajen ti raja Cina minangka salah saurang Litagung / narasumber. Sanggeus mere piwejang sual katabiban, loba tabib anu kataji nepika milu ka pasanggrahan Panaggelan di Jampang Manggung hayang ningali langsung praktek katabibab di Jampang Manggung, kayaning tabib ti Malabar, Sundapura, Purwakarta, oge tabib awewe Lumiang Tin (Tin Lumiang) ti nagri Cina. Singket carita Lumiang Tin tuluy dipigawra ku Laganastasoma sarta ngamukim di pasanggrahan Pananggelan. Tina jatukrani jeung Lumiang Tin, lahir dua anak nyaeta hiji lalaki jeung hiji awewe, nyaeta Rahyang Indra Prakarsa jeung Dewi Injil Sari.

Patih Gajah Panambur
Gajah Panambur teh patih karajaan Jampang Manggung anu kasohor sakti mandraguna, taya jawara anu bisa meruhkeun kasaktianana. Ngaran leutik Patih Gajah Panambur nyaeta Rakean Gintingan najan babakti di karajaan Jampang Manggung anu dipingin ku Soko Ganggalang, inyana patih anu tuhu kana ajaran Purbatisti jeung purbajati ajen karuhun. Kabeneneran inyana tacan rumah tangga, najan masih nonoman waktuna dipuseurkeun keur olah kanuragan jeung mujasmedi ka sang hyang widi.Hal eta jadi pangirongan Laganastasoma, kusabab adina nyaeta Dewi Sangwangi tacan rumah tangga, masih tuhu ngokolakeun pasanggrahan gunung Geulis jeung indungna. Ari Laganastasoma geus diamanatan ku Sunan Ambu sangkan neangan pisalakieun anu loyog jeung darajat Sangwangi anu geus boga gelar Ing Payagung. Sanggeus mujasmedi tetela anu aya dina panoropongan Laganastasoma ngan Patih Gajah Panambur anu cocog jadi salaki adina. Ngan inyana kudu boga cara sangkan bisa ngajodokeun Sangwangi ka Gajah Panambur anu boga pangkat Patih dikarajaan Jampang Manggung.
Dina waktu anu geus ditangtukeun Laganastasoma nepungan Patih Gajah Panambur di tempat mujasmedina di Jajarsingki, Gajah Panambur ngarasa kaget kadatangan Ing Payagung Laganastasoma anu geus sakitu kamashurna di Jampang Manggung anu kungsi ngubaran kasakit Prabu Soko Ganggalang jeung ngamankeun bancing pakiwuh di karajaan Jampang Manggung. Laganastasoma ditarima hade naker ku Gajah Panambur, inyana apal pisan Laganastasoma geus ngajaul pangkat Resi kalayan gelarna Resi Panaggelan.
Dina sawatara waktu Laganasatasoma tacan ngungkabkeun niatna rek menta kasiadaan Gajah Panambur jadi salaki Dewi Sangwangi. Laganastasoma neuleuman heula pangawaruh Gajah Panambur dina elmu ajen kamanusiaan, ajen pananggelan, ajen galuh jeung ajen galunggung. Dua manusia luhung elmu ieu, dina sababaraha poe papada ngaguar ajen-ajen karuhun, nepika Laganastasoma boga pamadegan yen pangkat jeung darajat Gajah Panambur dina ajen kamanusiaan geus masagi minangka hiji gegeden nagara.
Cunduk kana waktu Laganastasoma ngarasa perlu ngukur kasaktian  elmu kanuragan  Gajah Panambur kusabab nurutkeun pamadeganana Dewi Sangwangi kudu boga salaki anu bisa ngajaga kasalametan kulawargana minangka katurunan raja Jampang Manggung. Sanggeus sapuk duanana ngabuka diri pikeun ngajajal kasaktianana sewang-sewangan, ti mimiti jurus elmu bela diri nepika ngagunakeun ajian-ajian pangwaruhna antukna ijen patutunggalan lumangsung nepika sababaraha poe, ngan lila-lila Gajah Panambur kateter ku panarajang Laganastasoma, inyana nepika teu bisa ngajaga dirina kuserangan kasaktian Laganastasoma nepika labuhna sabaraha kali. Hal ieu jadi pangalaman munggaran pikeun Gajah Panambur, kusabab samemehna inyana tacan pernah aya anu bisa ngelehkeun elmu kasaktianana. Ari Laganastasoma, bisa ngajajal kasaktian Gajah Panambur lain keur kasombongan, ngan samata-samata hayang narekahan sangkan pisalakieunana lain jalma samaena, tapi bener kauji lahir batin ku dirina.
Sanggeus kitu Laganastasoma ngabejakeun niatna ka Gajah Panambur sangkan narima Dewi Sangwati jadi gerwana. Ngadenge hal eta, Gajah Panambur ngahuleng, teu nyana jalma satingkat resi anu geus bisa ngelehkeun kasaktianaa percaya ka dirina keur jadi bagian kulawarga jadi salaki adina Resi Pananggelan Laganastasoma. Mimitina Gajah Panambur narah kana pamenta eta, kusabab dirina ngarasa teu pantes meunang kahurmatan eta, ngan sanggeus dicaritakeun ku Laganastasoma yen tarekah dirina teu leupas ti pituduh Sang Hyang Widi anu geus nuduhkeun pisalakieun Sangwangi teh Gajah Panambur. Geus duanana sarua sapuk, Gajah Panambur dirapalan ditikahkeun ka Dewi Sangwangi di Pasanggrahan Gunung Geulis. Tina jatukrami ieu lahir anak lalaki anu engkena nyangkring jabatan jadi Adipati, nyaeta Adipati Ca Genang / Rahiang Genang Damatra anu jadi bibit buit ayana wewengkon dingaran Cugenang  Cianjur.
Sunan Ambu gunung Geulis / Dewi Salangkangpati
Putri Salangkangpati teh prameswari karajaan Jampang Manggung sawaktu rajana Prabu Pita Kumanajaya, inyana teh indungan Ing Payagung Laganastasoma, oge Putri Sangwangi. Samemehna Salangkangpati dumuk di pasanggrahan Panaggelan jeung anak-anakna. Hiji waktu inyana menta ijin ka Laganastasoma anakna hayang nyepen museurkeun diri mujasmedi diwewengkon anyar, wewengkon anyar oge diharepkeun bisa keneh loba tutuwuhan keur ngolah obat-obatan. Antukna Salangkangpati jeung Sangwangi anakna meunag hiji gunung anu merenah pikeun muka pasanggrahan anyar, lila-lila gunung eta sohor disebut gunung Geulis, sanggeus ditempatan ku Salangkangpati jeung Sangwangi. Ngaran eta meunang masarakat anu ningali kageulisan dua putrid Jampang Manggung. Salangkangpati oge remen disebut Sunan Ambu minangka sebutan panghargaan ti masarakat kitu teamah loyog jeung kaelmuanana anu geus aya dina darajat Ing Payagung.Putri Salangkangpati remen disebut oge kusababaraha gelar ti masarakat kayaning :Sunan Ambu Mangkubanyu, Putri Largading, Nyi Mas Galing Muntang Mayang Kembang, atawa Dewi Lintang Mayang Sari,
Sang Hyang Tapak di Gunung Manangel
Laganastasoma palastra dina umur 116 taun , diperkirakeun taun 550 Saka atawa taun 626 M, atawa  M, ngan loba nu yakin yen Resi Pananggelan/ Ing Paya tapak Laganastasoma moksa diponclot gunung Managel, kusabab teu aya kuburana, Laganastasoma ngan ninggalkeun tapak dampal sukuna, nu disebut Sang Hyang Tapak. Laganastasoma ngan ninggalkeun surat yen inyana rek murba, pindah alam pikeun leuwih neuleuman kahirupan sarta ngabimbing sakur katurunana. Laganastasoma oge ngebrehkeun yen tapak suku dina batu teh tapak sukuna, pikeun ciciren hiji waktu katurunana neangan patilasannana. Sedengkeun gerwan-gerwana Candrawulan, Manik Kancala, Dewi Niskala Wati jeung Lumiang Tin  dikurebkeun ngariung sahandapeun batu Sang Hyang Tapak.
Aya catetan dina pedaran tadi yen asal usul kocap Eyang anu ayeuna dipikawanoh ku urang Sunda, eta teh asalna tina kocap Rahyang ngan lila-lila jadi Eyang. Kitu deui kocap akang, atawa engkang, nurutkeun pedaran ieu asalna teh tina kocap Rakean, lila-lila jadi Keang tuluy rubah deui jadi Kang, atawa Akang nepika ayeuna. Sedengkeun kocap Ujang anu ayeuna dipikawanoh asalna teh tina kocap Kujang nyoko kana kagagahan Prabu Kujang Pilawa, ngan lila-lila jadi Ujang diralapkeun pikeun budak lalaki.
Para putra Sang Hyang Tapak / Rahyang Laganastasoma, taya anu nuluykeun jadi raja, kabeh hirup jadi resi ngokolakeun pasanggrahan saperti Rahyang Indalana / Rahyang Jamali Wetan jeung Rahyang Indraprakarsa.
Rahyang Indalana / Rahyang Jamali Wetan diperkirakeun lahir taun 565 Saka atawa 641 M. Sanggeus meunang gelar Ing Payagung Jamali Wetan muka pasanggrahan di wewengkon tebeh kaler semu ngetan pernahna ditungtung buntut gunung Pananggelan / Mananggel. Pasanggrahana dipikawanoh kusebutan Pasanggrahan Jamali Wetan. Lila-lila wewengkon ieu disebut Jamali nepika ayeuna. Rahyang Jamali Wetan ngadahup ka Dewi Antini ti Leuwi Damar, tina jarukrami ieu boga anak opat nyaeta : Sang Damara / Janglar Birawangsa ,  Sang Saga / Sanjar Jangala, Dewi Gunjani jeung Kanangasari.
Kaparigelanana ngokolakeun pasanggrahan jeung ngabimbing rahayat make ajen Galuh, ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung hade pisan, sakumaha dicontokeun ku ramana nyaeta Sang Hyang Tapak / Laganastasoma / Resi Pananggelan. Lian ti ngawangun pasanggrahan di Pasir Sampay / Jamali, Indalana ngawangun pasanggrahan sejenna di sababaraha tempat diantarana pasanggrahan nu dibangun di sisi wahangan Cisokan, di wewengkon sabudeureun gunung Galunggung, di Tanjung Kalapa (ayeunamah Pasar Minggu Jakarta) di daerah Winataro ( Bintaro Jakarta). Nepika ayeuna wahangan anu aya di Bintaro disebutna wahangan Pasanggrahan. Tuluy ngadirikeun pasanggrahan oge di Kebon Wareng pernahna ditempat nu dihapit ku opat jalan, waragad wangunanana make awi bitung nu ditata kalayan hade, sarta dipelakan tangkal Campaka, wewengkon ieu ayeunamah asup kana wilayah Desa Babakan Karet Cianjur.
Sawaktu umur Indalana / Jamali Wetan geus tunggang gunung, tanggung jawab ngokolakeun pasanggrahan dibikeun ka adina sabapa nyaeta Indraprakarsa anu sarua geus ngajaul pangkat resi kalayan gelarna Ing Paya Gung, ka adina ieu Jamali Wetan mihapekeun anak tunggalna nyaeta Janglar Birawangsa anu masih keneh leutik sangkan dididik hade sual bagbagan ajen kamanusiaan jeung elmu sejenna ku Indraprakarsa.Dina umur 99 taun Rahyang Jamali Wetan palastra, Dikurebkeun di Pasir Sampay diwewengkon anu euyeub ku tanglak Kanyere jeung Karet Ki Munding.
Ari adina Jamali Wetan nu sa bapa nu lalaki nyaeta Indra Prakarsa keur ngorana resep ngalalana jeung ngumbara manggihan dulur-dulur indungna Lumiangtin anu asli ti Cina. Indraparakarsa kungsi ngumbara ka nagara Cina, salila tilu taun. Balik ti Panyabaan, Indraprakarsa dumuk dipasangrarahan alona nyaeta Sang Damara / Janglar Birawangwa. Indraprakarsa wafat dina umur 100 taun, sanggeus palastra dikurebkeun pernahna di luhureun hulu cai Cibalagung disuku gunung Geulis. Indaprakarsa dikurebkeun ku alona anu harita geus jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Rahyang Baduga / Rajamandala, antukna wahangan anu asalna ti hulu cai gunung Geulis eta dingaranna Ciwalaagung ku Rajamandala, hartina aliran cai anu disagedengna aya makam resi anu agung, kabeh dieu ngaran Ciwalaagung jadi Cibalagung. Indraprakarsa sawaktu jumenengna kungsi ngabantuan Janglar Birawangsa ngarebut deui tahta raja Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa.   Ari wewengkon Manangel sanggeus ditinggal moksa ku Sang Hyang Tapak dikokolakeun ku adi-adina Rahyang Jamali Wetan nu saindung sabapa nyaeta Dewi Jamalilah jeung Putri Sakalillah. Satuluyna Jamalillah ditikah ku Resi Begawan ti gunung Sepuh tina jatukrami ieu lahir : Jaka Bareno (Raja Jampang Manggung) anu nikah ka Dewi Kuncir ti Wanayasa. Jaka Bareno antukna bumen bumen di wewengkon tebeh kaler basisir laut Kidul Sukabumi, tempatna masih keneh disebut CiBareno.
Putra kadua Jamalillah nyaeta Jaka Bayabang anu ngadahup ka Dewi Jangari ti Bungbulang, Jaka Bayabang tuluy dumuk disabudeureun Gunung Gajah. Putra ka tilu Jamalillah nyaeta Jaka Toe (Raja Jampang Manggung) nikah ka Dewi Banitris ti karajaan Tanjung Kalapa (Pasar Minggu Jakarta), laju bumen-bumen di sabudeureun Gunung Agung. Ari putra nu bungsu nyaeta Jaka Dwipa anu remen melak tangkal jambu dimamana, moksa di gunung Gunung Simpang, patilasanna dipageur ku gombong garede, kusabab kitu ku masarakat disebut Eyang Pager Ageung. Anakna Jaka Dwipa aya nu ngamukim di sisi wahangan sungai Musi nyaeta Swarna Dwipa sarta ngarundaykeun katurunan Jampang Manggung di Sumatera , dina jaman Sriwijaya loba kacaturkeun jadi tokoh karajaan Sriwijaya. Putri Jamalillah sok disebut oge Ambu Kancana, dikurebkeun di gunung Kancana. Ari Sakalilah ditikah ku Rahyang Dangis putra makuta Nagri Purwa / Purwakarta. Tina jatukrami ieu boga anak lalaki ngarana Rakeyan Jaka Murang / Warinajati. Sakalillah moksa di nagri Purwa, patilasanana aya di hiji Lemah Duhur nu disebut Kembang Kuning, ti harita inyana sok disebut Ambu Kembang Kuning atawa Ambu Gading Sagara.  
Rajamandala / Rahyang Baduga.
Sawaktu karajaan Jampang Manggung ngadeg di Cianjur nepika jaman Raja Rahyang Janglar Birawangsa, ditatar Sunda / Jawa Barat karak aya karajaan ti dinasti Salakanagara dituluykeun ku dinastiTarumanagara. Tahta karajaan Jampang Manggung salila puluhan taun pernah dikawasa katurunan bangsa deungeun nyaeta Prabu Sokoganggalang urang Gangga nu asalna beunang ngarebut sawaktu raja Jampang Manggung Pitakumanaya palastra, sedengkeun harita putra makuta Jampang Manggung nyaeta Laganastasoma masih keneh bureuy, karak umur 9 taun. Satuluyna tahta karajaan Jampang Manggung ku Sokoganggalang diwariskeun ka incuna nyaeta Prabu Kolabasa anakna Tarungdawaling. Sedengkeun Laganastasoma ahli waris nu sajati tahta Raja Jampang Manggung sanggeus dewasa milih hirup jadi resi, kitu deu anak-anakna nyaeta Jamali Wetan jeung Indraprakarsa.
Kacaritakeun Sang Damara / Janglar Birawangsa anakna Rahyang Jamali Wetan geus dewasa, inyana boga niat hayang ngarebut deui tahta raja Jampang Manggung anu harita dicangkring ku Prabu Kolabasa, cita-citana diungkabkeun ka Indraprakarsa mamangna. Ngadenge kahayang Sang Damara, Indraprakarsa kacida ngarojongna, ngan tangtu cita-cita eta kudu disiapkeun kalayan daria jeung teu bisa ngadadak, kusabab kitu Indraprakarsa/ Rahyang Girijaya nitah ka Sang Damara alona sangkan ngalalana heula ka sababaraha nagri pikeun nambah pangaweuh sual kanagaraan jeung militer bari nepungan dulur-dulurna anu aya di sababaraha nagari kayaning, Taruma jaya, Agra jeung lainna deui.
Di nagara Taruma Jaya, Sang Damara ngalanana meunang sataun,laju pundah ka nagri Agra ngan hanjakalna harita nagri Agra geus narikolot kusabab loba rahayatna anu ngungsi akibat para pangawasana rebutan tahta. Ti nagri Agra, Damara nuluykeun lalampahanna nyebrang lautan ka Kutai Kartanagara, Kalimantana ayeuna, baheulamah disebut nagri Borneo. Di Kutai,  Damara nepungan para dulurna anu geus bumen-bumen , inyana di wewengkon ieu dumuk meunang  dua taun, tuluy meuntas laut deui nuju ka nagri Sunda Leutik ditutugan gunung Tambora,  Lombok , ti dinya mah laju balik deui ka tatar Sunda Nagri Pusaka ayeunamah Pusaka Nagara Pamanukan.
Ari pangna disebut Nagara Pusaka ( Pusaka Nagara ) aya sajarahna , baheula eta wewengkon teh kungsi dipilih ku Sri Begawan Pujasera ( Raja Resi Agung Aki Manglayang / Aki Manglayung ), inyana adina Aki Tirem tea ( Sang Tirem Baya atawa disebut oge Sang Aki Mulya Sakti ). Aki Manglayung kungsi bumen-bumen jeung masyarakat salila sapuluh taun tapi saenggeus kitu mah inyana pindah jeung masarakatna ka Tanjung Bokor lebakeun Gunung Malabar, sedengkeun sawarehna deui mah anger wae darumuk di Nagri Pusaka ( Pusaka Nagara ), kaereh ka Pamanukan.
Waktu Damara ( Janglar Birawangsa ) kadinya, padumukan warga kurang leuwih aya genep puluh kapala kulawarga di kokolotan ku hiji panghulu nu katelah Patih Galingging, sarta ku eta patih masarakatna dierehkeun ka wewengkon ka kawasaan nagara Taruma Jaya.  Ku Patih Galingging, Sang Damara guguru rupa-rupa elmu pangaweruh jeung pangalaman salila dua taun. 
Sanggeus ngumbara ka sababaraha nagri Sang Damara mulih deui ka pakandangan muru pasangrahan Jamali Wetan anu diadegkeun ku bapana nyaeta Rahyang Jamali Wetan, di pasanggrahan ieu dibarengan ku mamangna nyaeta RahyangIndraprakarsa. Di pasanggrahaan Jamali Wetan Damara nyiapkeun pasukan pikeun ngarebut tahta Jampang Manggung salila lima bulan. Kakuatan pasukan pikeun ngarurug karaton Jampang Manggung loloba diiluan para nonoman,  pikeun strategi kakuatan dibagi jadi tilu pasukan masing-masing dipimpin ku katurunan Jampang Manggung. Pasukan nu kahiji dipimpin ku Aki Gede / Adipati Cagenang  / Rahyang Genang Damatra muserkeun kakuatan pasukan di wewengkon Pasir Gedogan, tuluy ka Sampalan, meuntas susukan Cisungareun, tuluy ka Cibaregbeg, Taraju, Cikanyere, ka Kebon Limus ahirna anjog titonggoheun karaton Jampang Manggung. 
Pasukan kadua dipingpin ku Janglar Birawangsa, samemeh nepika kakaraton Jampang Manggung, mimitina ngaliwatan Kebon Wareng, tuluy ka ponclot gunung Mananggel, gunung Gentong, Pasir Panggung, Bakom, Langkob nepika anjog ti kiduleun  karaton Jampang Mangung, ari pasukan katilu dipingpin ku Indra Prakarsa mimitina pasukan asupna ka Leuwueng Hereup (diperkirakeun ayeunamah kampung muka), tuluy ka Tajur Halang, Cigalonggong, nepika anjog ti wetaneun Jampang Manggung. 
Pasukan Damara aya ribuna, pasukanana dingaran pasukan Indrabangsawan kusabab para pamimpinna katurunan Jampang Manggung nu sajati. Samemeh ngagempur benteng lawan, Damara mere peupeujeuh ka pasukanna sangkan bisa ngarebut tahta Jampang Manggung make cara-cara anu teu ngarempag ajen kamanusiaan, jeung teu meunang ngarogahala musuh anu geus teu walakaya, lian ti eta teu meunang nyusahkeun rahayat.
Pasukan Indrabangsawan disiapkeun kalayan daria, matak sawaktu nalikung karaton Jampang Manggung ti tilu arah teu pati meunang perlawanan anu karasa, eukeur mah pasukan karajaan Prabu Kolabasa geus teu meunang dukungan ti rahayat Jampang manggung. Prabu Kolabasa bisa diturunkeun kalayan damai sarta dihukum pati kusabab salila jadi raja Jampang Manggung geus teu malire rasa-rasa kaadilan rahayat. Sang Damara tuluy diistrenan jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Prabu Janglar Birawangsa/ Rahyang Baduga. Rakeyan Sanjar Janggala adina kapeto jadi Patih Jampang Manggung, sedengkeun Indraprahasta dijadikeun panasehat raja. Sang Damara / Rahyang Janglar Birawangsa disebut oge Rahyang Baduga, marentah karajaan kalayan adil paramarta. Kacaritakeun dina hiji waktu nagarana kadatangan rombongan raja Asoka ti India, anu ngungsi kusabab kausir ti karajaanna ku ayana rebutan tahta. Raja asoka teh rek menta suaka poltik ka Raja Jampang Manggung, sarta masrahkeun diri hayang dijadikeun rahayat Jampang Manggung. Rombongan raja Asoka, ku Janglar Birawangsa dipernahkeun disisi wahangan Citarum Leutik, antukna lila-lila eta pamukinan anyar teh jadi pamukiman anu maju dingaranna Ciasoka nyoko kana asal muasal rahayatna anu urang Asoka ti Indian, ngan ayeunamah disebut Cisokan. Pakampunganana beuki lila beuki mekar, malah nepika ngababakan katempat lainna, laju eta tempat teh dingaranan Babakan Soka ayeuna asup kana wewengkon kacamatan Bojong Picung. urang Cisokan ngarasa hutang budi ka raja Jampang Manggung Janglar Birawangsa, laju ku urang pakampungan Cisokan ngaanugrahan gelar karaja Janglar Birawangsa kusebutan Raja Mandala anu hartina Raja Sawarga. Pamukiman deukeut Cisokan oge antukna disebut kampung Rajamandala, hal eta jadi pangemut-emut ka jasana Rajamandala atawa Rahyang Baduga/ Rahyang Janglar Birawangsa anu gede jasana ka urang Ciasoka anu menta panyalindungan ka Birawangsa. Janglar Birawangsa kakarek jatukrami dina umur 50 taun, inyana dijodokeun ku mamangna ka katurunan Patih Gajah Panambur / Rakean Gintingan nyaeta Nyai Walini.
Ari Nyai Walini taya lian incuna na Adipati Cak Genang, anu ngawasaan wewengkon sabudeureun gunung Aseupan, Manglid, Plung-plong / Palalangon, (wilayah-wilayah ieu ayeuna disebut Cugenang). Adipati Cak Genang teh anakna Patih Gajah Panambur tina jatukrami jeung Dewi Sangwangi. Ari Dewi Sangwangi teh adina Laganastasoma, duanana sarua adi lanceuk anakna Prabu Pitakumanajaya raja Jampang Manggung. Jadi jatukrami antara Rahyang Baduga jeung Nyai Walini mageuhkeun deui sekeseler katurunan Prabu Pitakumanajaya.         
Prabu Janglar Birawangsa samemeh turun tina tahta inyana masrahkeun karajaan ka anak cikalna nyaeta Prabu Jaka Baleno / Jaka Toe. Rahyang Janglar Birawangsa tuluy milih hirup mandita, tina mujasmedina inyana meunang ilapat sangkan neuleuman eusi hate sorangan sangkan manggihan jalan deket jeung Sang Hyang Tunggal kujalan tatapa ditujuh tempat anu geus ditangtukeun kayaning Citarum Leutik, Suku Gunung Agung anu loba tangkal Gintungna, tempat anu aya tangkal campaka nu jumlahna 11, Batu Ubur-ubur di Cijampang, Walahar, Kumba-kumba, tuluy Nyangkoek.  Kabeh tempat eta tuluy jadi tempat mujasmedina Rahyang Janglar BIrawangsa, ngan dina tempat anu pamungkas nyaeta di Nyangkoek Rahyang Damara moksa, samemeh murba, inyana wasiat sangkan dipulasara di Nyangkoek. Lila-lila Nyangkoek ganti ngaran jadi kampung Baduga nyoko kana gelar Janglar Birawangwa sanggeus jadi resi nyaeta Rahyang Baduga. Ayeuna patilasanna aya di kampung Baduga Desa Ciandam Kac. Mande. Janglar Birawangsa / Rajamandala ku urang Cianjur remen disebut Eyang Hakekat kusabab Rahyang Baduga dianggap geus nepi hakekatna hirup nyaeta bisa neuleuman hate sorangan sarta nyaho kana Sang Murbeng Alam.
Agama Islam asup ka Jampang Manggung
Salah saurang Raja Jampang Manggung nyaeta Rahiyang Rangga Jaya / Rangga Wulung. Inyana teh anakna Raja Jampang Manggung Rahyang Saduwara anu cikal sedengkeun Rangga Wulung boga adi lalaki nyaeta Rahyang Laksajaya. Rangga Wulung teh raja sakti, inyana sajaman jeung Sri Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi Raja Pajajaran ka I (1482-1521 M). Malah ku Prabu Siliwangi, Rangga Wulung diaku hade pisan dijadikeun senopati kahurmatan di karajaan Pajajaran. Jaman Prabu Siliwangi agama Islam geus asup ka karaton karajaan Sunda, sanggeus asupna Sang Bratalegawa anakna Prabu Niskala Wastukancana ( 1371-1475) asup Islam. Malahmah salah saurang prameswari Sri Baduga Maharaja ngagenggem agama Islam nyaeta Ratu Mas Subanglarang, anak-anakna Prabu Siliwangi ti Subanglarang nyaeta Prabu Anom Walangsungsang jeung Ratu Rara Santang oge asup agama Islam.
Kacaritakeun pangaruh agama Islam geus mimiti karasa ka wewengkon karajaan Jampang Manggung. Malah bapana Rangga Wulung nyaeta Rahyang Saduwara anu jadi raja Jampang Manggung geus mulai kataji kana agama Islam, hiji waktu inyana meunang ilapat tina mujasmedinya nyaeta kudu neangan jimat anu bisa ngaleburkeun benda anu teuas, bisa nyambungkeun benda anu buntung, bisa ngadeukeutkeun anu jauh, sarta bisa mere kasampurnaan hirup didunia jeung di alama kalanggengan. Narima ilapat eta Raja Saduwara geuwat marentahkeun anak cikalna nyaeta Rangga Wulung pikeun guguru kamana wae sangkan bisa mawa jimat anu dituduhkeun dina ilapat.
Singket carita,Rangga Wulung kaluar ti karaton Jampang Manggung, ngumbara kamamana, guguru kaunggal jalma luhung sangkan meunang jimat sakumaha anu dituduhkeun ka bapana. Ngan taya hiji oge jalma anu bisa ngajawab siloka anu aya dina ilapat, sabab elmu bisa ngabeulah batu jeung beusi kungsi ditembongkeun ka bapana ngan hal eta teu katarima ku Raja Saduwara. Lalampahan Rangga Wulung nepika ka Karawang anu harita masih keneh disebut Tanjung Jaya. Di karawang Rangga Wulung dituduhkeun ka Syeh Hasanuddin salah saurang waliyulloh anu sohor kusebutan Syeh Quro kusabab sorana halimpu sawaktu maca Al Quran.
Ku Syeh Quro siloka anu aya dina ilapat ka Raja Saduwara dibejer beaskeun yen eta teh nuduhkeun kana agama Islam, agama anyar pikeun urang Sunda harita. Siloka jimat bisa ngalumatkeun benda nu teuas teh nyaeta saripati ibadah dina Islam yen agama Islam mah bisa meruhkeun sifat sarakah jeung durjana dina Islam, ari bisa nyambungkeun nu buntung jeung mere katenangan dunya – akherat nyaeta agama Islammah agama nu mupusti rasa duduluran antara sasama teu dikasta-kasta, unggal jamla sarua darajatna di hareupeun Alloh SWT nu murbeng alam. Kukituna agama Islam bisa nyambungkeun babarayaan antara umatna anu teu kawates ku bangsa, harta, jeung darajat umatna. Sarta umpana pengkuh tuhu kana ajaran agama Islam bakal mawa kasampurnaan hirup di alam dunya jeung dialam kalanggengan.
Sanggeus meunang piwejang ti Syeh Quro, Rangga Wulung tuluy asup agama Islam. Sarta teu kapalang diajarna nepika munggah haji ka Mekkah, sarta guguru agama Islam nepika meunang gelar ti Syeh Quro ngaran Syeh Abdul Jalil. Sanggeus dianggap masagi dina bagbagan agama Islam, Syeh Abdul jalil / Rangga Wulung diparentahkeun Syeh Quro sangkan nyebarkeun agama Islam. Lalampahanana dimimitian mapay-mapay raratan Pasir Kancah, Subang, gunung Cereme, Indrabumi, Galunggung, Pasir Kendan, Wado, Legok jeung Sumedang, nepika ayeuna diwewengkon anu kungsi ditempatan ku Syeh Abdul Jalil remen disebut leuweung Rangga Wulung. Antukna Syeh Abdul Jalil nepika lemah caina di Jampang Manggung , ngadakwahan ramana nyaeta Rahyang Saduwara jeung adina nyaeta Laksajaya, ti harita rahayat Jampang Manggung ngagenggem agama Islam. Rangga Wulung muserkeun hirupna ngokolakeun pasantren diwewengkon gunung Manangel, tahta raja Jampang Manggung dipasrahkeun ka adina nyaeta Rahyang Laksajaya. Sanggeus palastra Syeh Abdul Jalil / Rangga Wulung dikurebkeun di pasir Sereh Kalurahan Muka Cianjur.     
Datangna Raden Jayasasana / Dalem Cikundul      
Sanggeus Syeh Abdul Jalil palastra, karajaan Jampang Manggung teu boga deui ulama anu masagi dina elmu-elmu agama Islam. Pikeun kapentingan eta raja Jampang Manggung Prabu Laksajaya ngirim surat ka Kasultanan Cirebon, sangkan dikirim ulama anu bisa ngajar agama Islam. Lian ti eta Prabu Laksajaya menta ulama anu bisa ngajarkeun carana ngahuma Banjir nyaeta nyawah anu harita geus mimiti sumebar ditatar Sunda. Sanggeus sawatara waktu lilana, ahirna datang ulama ti Cirebon ngaranna Raden Jayasasana rek ngajarkeun agama Islam jeung ngajarkeun cara-cara melak pare disawah, kusabab harita urang Jampang Manggung boga tradisi nu geus lila nyaeta melak pare dihuma.
Raden Jayasasana beuki lila beuki gede pamorna di karajaan Jampang Manggung, malahmah dinikahkeun jeung Dewi Amitri anakna Patih Jampang Manggung, Hibar Palimping. Raja Jampang Manggung Laksajaya teu boga anak lalaki kitu deui jeung Patih Hibar Palimping. Nu matak lian ti ngawuruk agama Islam jeung ngajarkeun carana nyawah, Raden Jayasasana remen dilibatkeun kana urusan pamarentahan jeung pertahanan nagara.
Kacaritakeun hiji waktu Kasultanan Banten ngarurug karajaan Jampang Manggung, nepika hasil ngerid sarupaning kakayaan rahayat Jampang Manggung kayaning ingon-ingon jeung harta banda. Pasukan Banten sanggeus meruhkeun nagara Jampang Manggung laju muru wewengkon Cugenang ayeuna rek balik deui ka Banten. Ngan harita Patih Hibar Palimping jeung Jayasasana geus ngumpulkeun deui pasukan Jampang Manggung tujuanna rek ngagempur balik pasukan Banten anu rek balik deui ka nagara asalna.Pasukan Banten ahirna kaberik sarta digempur ku pasukan Jampang Manggung dilebah Cugenang ayeuna, nepika kapeungpeuk teu bisa kamamana. Urut meungpeuk kakuatan pasukan Banten, nepika ayeuna disebut kampung Pameungpeuk ayana diwilayah kacamatan Cugenang Cianjur ayeuna.
Sanggeus dipeungpeuk teu kabeh wadyabalad Banten bisa dirurug, sabagean ngarolos diri rek make jalan gedeh, nyalingker ka Nyangkokot heula tuluy ka wewengkon Plung Plong. Asup ka jalan Gedeh anu brasna di lembur Bangkuwong (ayeunamah asup kana wilayah kacamatan Gekbrong). Di sabudeureun Bangkuwong pasukan Banten ngareureuhkeun kacape samarukna moal kaberik ku pasukan Jampang Manggung. Ngan can sabaraha reureuh karak ge gek dariuk kaburu diserang deui ku pasukan Jampang Manggung nepika brong deui perang, ayeuna tempat eta dingaranna Gekbrong. Ngan sabagian deui pasukan Banten bisa ngaroloskeun kadaerah sabudereun Gandasoli, ditempat ieu pisan ahirna pasukan Banten serah bongkokan ka panarajang pasukan Jampang Manggung anu dipingpin ku Patih Hibar Palimping jeung Raden Jayasasana. Tuluy pasukan Banten ngucapkeun sumpah satia ka Jampang Manggung sarta rek satia ka raja Jampang Manggung, eta urut ngucapkeun janji satia the antukna dingaranan Sukaraja, ayeunamah asup ka wilayah Kabupaten Sukabumi.   
Patih Hibar Palimping sanggeus palastra dikurebkeun di kampung Pasucen Cikalong Kulon Cianjur ayeuna, kusabab kitu disebut Mbah Pasucen. Tahta pamarentahan Jampang Manggung satuluyna ku Prabu Laksajaya dipasrahkeun ka Raden Jayasasana anu engkena ngarundaykeun bupati-bupati kabupaten Cianjur. Raden Jayasasana museurkeun pamarentahan disisi wahangan Cikundur, ngan lila-lila ngaran Cikundur diganti jadi Cikundul kusabab Prabu Laksajaya teu bisa ngucapkeun Cikundur kalayan bentes kusabab cadel, antukna ngaran Cikundur jadi Cikundul. Raden Jayasasana sanggeus nyepeng kalungguhan pamarentahan ti Raja Jampang Manggung remen disebut oge Dalem Cikundul.  
Raja Jampang Manggung sejenna
Raja Jampang Manggung sejenna nyaeta Rahiang Sedangding sawaktu bureuy keneh sok disebut Rakean Sedayu, inyana putra cikal Rahiang Tambun. Sedangding boga adi opat belas urang awewe dalapan lalaki genep.
Tina rumah tanggana Sedangding boga anak dua kayaning Rahiang Bilawarna jeung Rahiang Saduwara. Sanggeus Sedangding ngahiang, anu nyangkring raja dikarajaan Jampang Manggung nyaeta Rahiang Bilawarna. Ari Rahiang Saduwara adina kapeto jadi patih. Rahiang Bilawarna ti leuleutik keneh geus resep nyuprih pangarti, paribasa kuru cileuh kentel peujit. Lian ti eta Rahiang Bilawarna samemeh jadi raja resep ngumbara kamamana, guguru kasajumlah ing paya jeung ing payagung. Kusabab remen miang ilmu, Bilawarna lila lelengohan, malahmah dina sual ngabina rumah tangga kasusul ku adina anu boga rumah tangga tiheula. Sudawara adina Bilawarna boga anak lalaki nyaeta ; 1.Rahiang Rangga Jaya (Rangga Wulung) engkena sanggeus jadi ulama janten Syeh Abdul Jalil. 2.Rahiang Laksajaya.
Kusabab pada ngarojong, antukna Bilawarna daek oge boga rumah tangga, kakarak dina umur 50 taun inyana ngabina rumah tangga. Akibat telat boga rumah tangga, sawaktu Bilawarna moksa dina umur 61 taun anak-anakna masih keneh bureuy nyaeta : Rakean Jugala anu karak 7 taun umurna jeung Rakean Purba Sulung anu kakara 2 taun. Kusabab kitu Rahyang Saduwara kapeto ngaganti kadudukan lanceukna jadi Raja Jampang Manggung salila anak-anak Bilawarna tacan sawawa.
Rahyang Saduwara teh raja ririwit remen katarajang kasakit, hiji waktu sawaktu geuringna geus parna inyana ngagero alo-alona Jugala jeung Purba Sulung, sangkan salah sahijina ngagantikeun dirina jadi raja Jampang Manggung. Anu heloka duanana narah jadi raja, kulantaran resep nyuprih elmu, anak-anak Bilawarna ngan saukur menta bagian tina hasil bumi nu teu sabaraha jumlahna. Tahta raja jampang manggung antukna dipasrahkeun ka anak Saduwara anu panggedena nyaeta Rahyang Rangga Jaya (Rangga Wulung). Laju pikeun ngaraketkeun kulawarga, Rahyang Purba Sulung ditikahkeun ka Dewi Waras Lika putri cikal Laksajaya.  Ari putra cikal rahyang Bilawarna nyaeta Rahyang Jugala ngadahup ka Dewi Miranti urang Cidadap laut Kidul.
Tina jatukrami antara Purba Sulung jeung Dewi Waras lahir para putra nyaeta : Rahyang Jayaprabuka, Rahyang Jaya Sangkakala, Rahyang Sukadarma, jeung Rahyang Pustika. Sedengkeun tina jatukrami antara Jugala jeung Dewi Miranti ngalahir putra tunggal nyaeta Rahyang Sabrang Japra, engkena Sabrang Japra kasohor minangka salah saurang panglima perang karajaan Pajajaran dina jaman Sri Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi. Sabrang Japra remen disebut Embah Japra atawa Eyang Japra makamna aya di Kebun Raya Bogor sagedengeun makam Ratu Galuh Mangku Alam salah saurang gerwa Prabu Siliwangi.  
SUSUNAN RAJA-RAJA JAMPANG MANGGUNG
1.Prabu Kujang Pilawa
2.Prabu Danu Sangkalang
3.Prabu Pitakumanajaya
4.Prabu Soko Ganggalang asalna Patih Prabu Pitakumanajaya
5.Prabu Kolabasa incuna Soko Ganggalang
6.Prabu Janglar Birawangsa buyutna Prabu Pitakumajaya anu ngarebut deui tahta Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa.
7. Prabu Jaka Bareno (Jaka Toe)
8.Prabu Galingging
9.Prabu Sopanan
10.Prabu Cantayan.
11.Prabu Gunam (Gunaman)
12.Prabu Galuguh (Rahiang Genangan
13.Rahiang Kartawana
14.Rahiang Gerendeng
15.Rahiang Tambun
16.Rahiang Sedangding (Sedayu)
17.Rahiang Bilawarna
18.Rahiang Saduwara
19.Prabu Mandalawangi
20. Rahiang Ranggawulung / Rangga Jaya, saparantos lebet Islam sarta masantren di pasantren Syeh Quro namina digentos janten Syeh Abdul Jalil.
21. Rahiang Laksajaya (Raja Jampang Manggung Pamungkas)
22.Rahiang Jaya Prabuka pamimpin spiritual urang Cianjur, makamna di kampung Sedong kalurahan Bojong Herang Cianjur.
 SILSILAH RUNDAYAN JUNAN SUKAWARGI  
Ø    R. RANGGA WULUNG ( EYANG HAJI ) 1675-1750 M.
Ø    R. KINAJI SURYABAKTI ( EYANG BAKTI )  1630-1730 M.
Ø    R. JAYA PRABUKA ( EMBAH AGEUNG ) 1700-1769 M.
Ø    R. JAYA DIPA ( EMBAH DIPA/EYANG DIPA )  1729-1786 M.
Ø    R.  PARTA KUSUMAH ( MAMA  H. ALIMUDDIN  ) 1769-1843 M.
Ø    R. NATADILAGA ( EYANG PEPENG ) 1818-1899 M.
Ø    R. MI’AD   ( PAING CING ) 1864-1933 M.
Ø     ADENG M. ISA  ( BAPAK M. ISA )  1919- 2012 :
Ø         1. DEWI MARPU'AH  ( ALM )
     2. DANG SUKRIA   ( ALM )
     3. DEWI JUARIAH   ( ALM )
     4. NDEN SARIBANON
     5. JUBAIDAH
     6. K.H. DJALALUDDIN ISA PUTRA/Eyang Junan
     7. TJEP BUKHORI
     8. TJE MUMUNG MA'MUR
     9. NENDEN ASIAH  ( ALM )












Sasakala Ngaran Cianjur.
Cianjur mimiti dipake jadi ngaran kabupaten ti saprak kalungguhan Bupati Cianjur dicangking ku Rd. Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala ti taun 1691 nepika taun 1707 M. Inyana teh putra Dalem Cikundul /Rd. Aria Wiratanu I Bupati Cianjur munggaran. Sawaktu jaman Dalem Cikundul wewengkonna disebut kadaleman Cikundul kitu nurutkeun versi Bayu Surianingrat, ngaran Cianjur jadi ngaran hiji kabupaten di saluyuan ku pamarentahan penjajah Belanda di Batavia,kusabab kitu pemerintahan penjajah Belanda mah nganggap Bupati Cianjur munggaran teh Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala.
Kumaha sasakalana ngaran Cianjur ? aya dua katerangan tina dua buku babad Cianjur nu beda. Nurutkeun buku Hikayat Sebuah Bangsa Hingga Lahirnya Negeri Cianjur meunang nyusun Rd. Damanhuri ngajelaskeun yen ngaran Cianjur geus aya dina jaman karajaan Pajajaran keneh, kieu caritana :
Raja Pajajaran Prabu Siliwangi di Pakuan (Bogor) meunang beja ti punakawana nyaeta Aki Panyumpit yen di karajaan Kerta Rahayu (engkena jadi karajaan Limbangan Garut) aya putri raja geulis naker ngaranna Nyai Rambut Kasih putrana Sunan Rumenggong raja karajaan Kerta Rahayu. Pikeun migarwa Nyai Rambut Kasih, Prabu Siliwangi marentahkeun sangkan mawa eta putri ka Pajajaran. Aki Panyumpit ngalaksanakeun eta parentah tuluy milampah ngaliwatan gunung Gede. Ngan nepika hiji tempat Aki Panyumpit teu bisa laju kusabab kahalangan hiji wahangan anu caina tarik naker, ningali Aki Panyumpit mandog mayong teu meuntas wae wahangan salah saurang tukang tani nanya ka Aki Panyumpit naon sababna mandog mayong, “ Deung Puguh caina anjur, “ cek Aki Panyumpit. Ti harita eta eta wahangan dingaranan Cianjur tina kocap Cai Anjur nu hartina cai anu ngamalirna tarik.
Sanggeus nepika karajaan Kerta Rahayu, Aki Panyumpit nepikeun maksudna ka Sunan Rumenggong rek ngamalar Nyai Rambut Kasih keur Prabu Siliwangi. Nyai Rambut Kasih asalna narah eta panglamar, ngan sanggeus dicaritaan ku ramana Nyai Rambut Kasih daek dipigarwa Prabu Siliwangi kalayan syarat engke anak-anak anu lahir tina jatuk rami jeung Prabu Siliwangi kudu dijadikeun raja. Pamenta eta dikabul ku Prabu Siliwangi, sanggeus sawatara welas taun jatuk rami jeung Nyai Rambut Kasih dua anak lalaki tina jatukrami eta dijadikeun raja daerah, nyaeta Prabu Liman Senjaya jadi Raja Dayeuh Luhur, sedengkeun Prabu Basudewa jadi raja Limbangan. ( tina Babad Limbangan kengeng Prof. Dr. Edi S Ekadjati, Guru Besar Sejarah Universitas Padjadjaran Bandung)
Nurutkeun Babad Pakuan Babad Pajajaran nu ditarjamahkeun ku  R. Saleh Danasasmita sareng Atja ngajelaskeun yen salah sahiji tarekah Prabu Siliwangi ngahijikeun raja-raja daerah nyaeta ku jalan nikah ka para putri raja daerah, atawa putri tokoh-tokoh daerah. Prabu Siliwangi gaduh garwa 115 urang, tina jatukrami sareng garwa nu seueur eta inyana kagungan 42 putra, seuseueurna para putrana dijadikeun raja raja daerah di sakuliah karajaan Pajajaran.        
Sedengkeun versi kadua ngeunaan ngaran Cianjur diungkab dina babad Cianjur kengeng Syarifah Didoh nu ngajelaskeun yen saparantos Rd.Wiramanggala / Aria Wiratanu II hasil ngabuka kampung Pamoyanan jadi puser dayeuh kadaleman anyar, inyana tafakur disisi hiji wahangan,dumadakan inyana inget ka ramana (Dalem Cikundul) minangka anu ngajurungkeun dirina sangkan ngabuka kadaleman anyar, ras kana anjuran rama eta, Wiramanggala antukna mere ngaran eta wahangan kungaran Cianjur minangka pangemut-ngemut ka jasa Dalem Cikundul, tina kocap anjuran. Engkena ngaran Cianjur oge dijadikeun ngaran kabupaten, anu disaluyuan ku pamarentahan Hindia Belanda anu harita ngajajah lemah cai.
Sejarah Cianjur tangtu teu bisa leupas ti Dalem Cikundul, ngan samemeh ngaguar Dalem Cikundul urang mikawanoh heula luluhurna, diantarana Sunan Wanaperih / Aria Kikis inyana teh Raja Talaga eyangna Dalem Cikundul. Sunan Wanaperih teh ramana Aria Wangsa Goparana.Ari Wangsa Goparana nyaeta ramana Dalem Cikundul. Pedaran dihandap ieu nyoko kana buku Hikayat Suatu Bangsa Hingga Lahirnya Negri Cianjur nu disusun ku Rd. Damanhuri, teks aslinamah basa Indonesia, mung supados luyu ku sim kuring dialih basakeun kana basa Sunda sangkan tiasa dimuat di Koran Sunda Galura sareng bahan siaran di radio Cianjur FM sareng rengrengan Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).













BABAD CIANJUR VERSI RD. DAMANHURI
I.Pangeran Setyapati / Aria Kikis / Sunan Wanaperih
Kadipaten Talaga harita masih keneh kaereh ka karajaan  Pajajaran, minangka bawahan Pajajaran, sedengkeun kadipaten sejenna anu asalna bagian ti karajaan Pajajaran, hiji-hiji geus ngaleupaskeun diri tuluy ngagabung jadi bagian ti Kasultanan Cirebon kusabab masing-masing geus ngagenggem agama Islam, kadipaten anu geus ngagabung ka Cirebon nyaeta Indramayu jeung Luragung. Raja kadipaten Talaga nya eta Prabu Pucuk Umun Ragamulya masih keneh tuhu ka Raja Pajajaran. Inyana teh incuna Prabu Siliwangi, kusabab indungna Pucuk Umun nyaeta Rangga Mantri Puspawangi Sang Ratu Parung Sunia Larang putrina Prabu Siliwangi. Sedengkeun ramana Pucuk Umun nyaeta Pangeran Pusparaja Raja Sunan Parunggangsa. Cek ieu riwayat Sunan Parunggangsa teh anu ngadegkeun karajaan Talaga.
Kacaritakeun harita di nagara Pajajaran geus loba rahayatna anu ngagenggem agama islam, malahmah di pasangrahan Gunung Bitung tempatna para pandita ngulik agama Sunda Hyang geus aya pasantren Islam anu diadegkeun ku Sunan Rohmat / Prabu Kian Santang / Syeh Haji Abdullah Imam Lumajang Kudrat.Sabenerna sumebarna agama Islam oge geus asup kawewenkon karaton, Ratu Selawati lanceukna Pucuk Umun geus pindah agama ka agama Islam, malah geus dipigarwa ku ulama satingkat wali Syeh Bayanulloh / Syeh Maulana Arifin bin Ali Akbar. Syeh Bayanulloh teh anu ngokolakeun pasantren di Gunung Bitung sanggeus Sunan Rohmat mulih kakalangengan.
Kaayaan ditanah Pasundan harita keur diramekeun ku wadyabalad pasukan gabungan Demak jeung Cirebon anu keur geten meruhkeun kakuatan karajaan-karajaan anu can arasup Islam. Karaton Surosowan Banten digempur ku pasukan gabungan anu dipingpin ku Panembahan Hasanuddin putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, anu ahirna bisa ngaruntagkeun raja Banten sarta diganti ku Kasultanan Banten kalayan ngangkat Panembahan Hasanuddin jadi Sultan Banten ka I. Teu lila ti harita palabuan Sunda Kalapa anu asalna dikawasaan ku Portugis direbut ku pasukan Islam gabungan Demak, Banten jeung Cirebon nu dipingpin ku Fadhilan Khan minantuna Sunan Gunung Jati, malahmah Fadhilah Khan diangkat jadi bupati munggaran kalayan gelar Pangeran Jayakarta. Sanggeus hasil naklukeun Banten jeung palabuan laut Sunda Kalapa, pasukan Islam ngagempur karaton Pajajaran di Pakuan Bogor ngan haritamah karajaan Pajajaran masih keneh kuat , kusabab boga pasukan darat anu kuat jeung masih rempeg didukung ku rahayatna. Kadeseh ku pasukan Pajajaran nu gagal diruntagkeun di Pakuan , wadyabala Islam ngarahkeun seranganana ka karajaan Tangjung Singuru (Cianjur) ,ngan didieu oge pasukan Islam gagal kusabab meunang panglawan ti pasukan anu dipingpin ku Prabu Jaka Susuruh jeung Rangga Gading anu meunang pangrojong ti pasukan karajaan Pajajaran.
Ningal kanyataan kitu, karajaan Talaga surti kusabab geus moal nyalahan deui bakal sarua digempur ku wadyabala Islam kusabab masih keneh tuhu ka Pajajaran. Di karaton karajaan Talaga Pucuk Umun Raga Mulya geuwat nangtukeun sikep pikeun nyanghareupan wadyabalad Islam anu bisa wae sawaktu-waktu ngagempur karajaan Talaga. Prabu Pucuk Umun Raga Mulya tuluy ngumpulkeun para gegeden Talaga, oge para pandita karajaan nu jumlahna salapan urang nu disebut Batara Salapan. Dina rembugan  dipadungdengkeun sikep karajaan naha rek takluk kana panarajang musuh atawa rek ngalawan gempuran, antukna dina hasil gempungan eta mutuskeun sikep yen karajaan Talaga rek singkil ngalawan panarajang wadyabalad Islam boh bisi sawaktu-waktu datang nu masksudna rek ngarugrug karajaan Talaga, pikeun pingpinan pasukan Talaga anu rek nyanghareupan panarajang musuh ditunjuk Pangeran Setiapati putra makuta Karajaan Talaga.
Saha ari Pangeran Setiapati teh ? Pangeran Setiapati teh putra cikal Prabu Pucuk Umun. Inyana oge disebut Sunan Wanaperih kusabab sawaktu dibabarkeun di karaton Wanaperih sawaktu Prabu Pucuk Umun tacan jadi Raja Talaga, masih nyangkring kakawasaan minangka Adipati daerah  Wanaperih. Pangeran Setiapati disebut oge Aria Kikis kusabab sawaktu dibabarkeun pasukan Talaga keur ngawangun benteng pertahanan karajaan tina bahan papan anu dijajarkeun sacara rekep nu harita disebut Kikis.
Aria Kikis atawa Sunan Wanaperih atawa Pangeran Setiapati geus anut agama Islam beda jeung ramana anu masih keneh tuhu kana agama karuhun. Kacaritakeun sawaktu rumaja Aria Kikis geten ngulik bagbagan agama Sunda Sanghyang dipsanggrahan Gunung Bitung, ngan teu jauh ti dinya geus ngadeg pasantren Islam anu dikokolakeun ku Syeh Bayanulloh mamangna ( kusabab Syeh Bayanulloh nikah ka Ratu Selawati rayina Prabu Pucuk Umun Raga Mulya). Di pasantren Aria Kikis layeut jeung dulur misanna nya eta Pangeran Lembu Sempulur / Prabu Sedang Larang putra makuta karajaan Panyalu. Lila-lila Pangeran Setiapati kataji ku agama islam anu dipedarkeun ku Syeh Bayanulloh, Pangeran Setiapati kalayan kasadaran sorangan ahirna asup agama Islam. Khabar asupna Putera Makuta Talaga kana agama Islam, nepika ka Suna Gunung Jati Cirebon, pikeun ningalikeun rasa kabungahna Sunan Gunung Jati Cirebon ngagelarkeun gelar Aria ka Pangeran Setiapati jadi Aria Kikis.
Mulih deui kana bahasan : Sanggeus Pangeran Setiapati / Sunan Wanaperih / Aria Kikis diangkat jadi panglima perang Talaga pikeun nyanghareupan panarajang pasukan Islam. Inyana tuluy meruhkeun pasukan Talaga jeung nyiapkeun pakakas perang sangkan teu kateter lamun hiji waktu digempur musuh. Pangeran Setiapati geus buled tekadna moal serah bongkokan ka pasukan Islam komo lamun dipingping ku Fadhilah Khan mah, kusabab pikeun inyana Fadhilah Khan najan panglima perang Islam, tapi teu boga teureuh Pajajaran. Beda deui lamun engke anu datang ka Talaga sinuhun Sunan Gunung Jati Cirebon, inyana bakal ngahurmat kusabab SGJ mah putuna Prabu Siliwangi, sarua jeung dirina masih keneh kulawadet raja Sunda.  Masyarakat karajaan Talaga oge najan geus loba nu agamana Islam seja tuhu ngabela nagarana, kitu deui para Santaan jeung para Batara geus singkil ngadukung Pangeran Setiapati dina ngalawan pararajang musuh. Kumpulan pasukan para Sentana dipingping ku raja sepuh Pucuk Umun Ragamulya. Lian ti eta wadyabala Talaga didukung oge ku sesa-sesa pasukan Galuh anu karajaanna geus runtag leuwih ti heula dirurug ku pasukan Cirebon.
Pikeun Aria Kikis, Pajajaran sanggeus dikantun pupus ku Prabu Siliwangi remen dijorag ku pasukan Islam anu taya lian ti Cirebon jeun Banten anu teges-teges masih incu buyutna Prabu Siliwangi, ha lieu keur manehna hiji tindakan anu geus ngarempag purbatisiti purba jati Sunda. Pikeun Aria Kikis agama Islam teu cocog lamun disebarkeun ku jalan perang, kusabab kabuktian ku jalan para waliyulloh anu nyebarkeun ajaran Islam sacara damey geus bisa meruhkeun sabagean rahayat jeung gegeden karajaan siga dirina anu arasup Islam kalayan kasadaran sorangan.
Salila genep bulan karajaan Talaga taki-taki , masih taya kabar nanaon iraha datangna pasukan musuh. Nepika hiji poe Demang Talaga pasukan perang Talaga anu jumlahna 300 urang ditapel wates jeung Cirebon meunang khabar ti Telik Sandina yen geus aya katembong aleutan pasukan musuh anu muru ka karajaan Talaga kalayan make pakaranag lengkep minangka pasukan perang. Ngadenge beja kitu Demang Talaga geuwat meruhkeun pasukanna, nyiapkeun panarajang sacara rahasia, unggal pasukanna katut pasukan panah ditempatkeun didaerah anu merenah pikeun ngayakeun gempuran dadakan ka musuh anu rek asup ka tapel wates Talaga jeung Cirebon.
Pasukan panarajang ti Cirebon beuki lila beuki deuket, katembong ngaleut rek asup ka wewengkon Talaga, sedengkeun pasukan Talaga nyamuni dina rungkun-rungkun geus sigep narima parentah ti Demang Talaga. Laju Sawaktu pasukan musuh geus asup ka wewengkon Talaga, geuwat Demang Talaga marentahkeun wadyabaladna sangkan kaluar ti panyumputan ngagempur pasukan musuh bari ngagero takbir, atuh sora takbir kadenge ti mana-mana ti kenca, ti katuhu, ti hareup jeung ti tukangeun pasukan musuh “ Allohuakbar-Allohuakbar-Allohuakbar” Pasukan musuh gabungan Cirebon jeung Demak jadi tagiwur, ilang pangacian, linglung teu nyangka bakal meunang panarajang dadakan. Pasukan Talaga kalaluar tina panyumputanana narajang bari takbir, pakakas ditebaskeun atuh pasukan musuh jadi bingung, pasukan Cirebon anu lumpat ka lebah luar peperangan ge ti bisa kukumaha kusabab diteregteg ku pasukan panah jeung bandringan batu.
Pasukan Demak jeung Cirebon anu jumlahna 500 urang lain wae teu siap narima panarajang pasukan Talaga, ngan kabehna heran naha pasukan Talaga nyerang pasukanana bari ngucapkeun takbir , padahal pasukan Cirebon jeung Demak samemehna boga anggapan yen Talaga teh can Islam. Rasa boga salah kusabab nuduh kafir ka pasukan Talaga beuki ngabeuratkeun pasukan Cirebon jeung Demak dina nyanghareupan pangperangna. Tilu Senopati ti pasukan gabungan Cirebon, Banten  jeung Demak ahirna marentahkeun mundur, korban ti pasukanana teu kaitung lobana, eleh taktik ku pasukan Talaga anu unggul najan ngan saukur 300 urang jumlahna. 
Sanggeus hasil meruhkeun panajarang musuh, Pangeran Setiapati / Sunan Wanaperih ngariung dimedan jurit dibarengan ku para gedegen ti urut karajaan Galuh, sedengekeun ti karajaan Talaga hadir Raja Sepuh Pucuk Umun Ragamulya, para Rahyang ti pasangrahan Gunung Bitung Kanjeng Batara Pawenang,Sunan  Ciburang, Sang Hyang Manda Agung, Prabu Lembu Sempulur ti karajaan Panyalu, ratu Selawati, ulama-ulama ti pasantren Gunung Bitung kabeh nyaksian mundurna pasukan Cirebon-Demak ti medan jurit. Pangeran Setiapati laju sasauran ; Peperangan ieu nandakeun geus tumpurna rasa duduluran antaran umat manusia. Mudah-mudahan para pangagung Demak sareng Cirebon ngarubah cara dina nyebarkeun Islam, teu kudu meruhkeun pasukan perang tapi make cara-cara anu ngutamakeun silaturahmi jeung duduluran.
Sabenerna para Kasepuhan karajaan geus surti mangsa kajayaan Pajajaran geus tumpur sakumaha ka gambar dina cacandran pajajaran, malah harita ngan tinggal karajaan Talaga anu masih keneh tuhu ka Pajajaran.   Lian ti kitu para Batara geus noropong jeung yakin yen cahaya Pajajaran geus pindah ka diri Sunan Gunung Jati Cirebon. Kukituna kabeh oge sapuk, miharep sangkan Sunan Gunung Jati datang ka Talaga keur mageuhkeun pangaruhna di Talaga kalayan rasa duduluran. Unggal kasepuhan karajaan Talaga oge miharep ulah nepika anu datang ka Talaga teh Pangeran Walangsungsang anu boga gelar Raja Sangara , Sangara anu hartina bandel,  anu teu dipikaresep kusabab Walangsungsang leuwih resep make cara perang alabatan cara duduluran.
Sabulan ti harita, hawar-hawar kadenge deui khabar yen pasukan Cirebon rek ngajorag deui Talaga. Aria Kikis geuwat taki-taki mernahkeun pasukanna ditapel wates jeung Cirebon. Inyana ayeuna anu langsung mingpin pasukan di bagian hareup, tumbak pusaka karajaan Cuntang Barang geus dicekel ku lengeung katuhu, Aria Kikis / Pangeran Setipati marentahkeun ka pasukanana lamun tumbak Cuntang Barang diangkat diayun-ayun eta tanda dirina marentahkeun pasukanna sangkan ngagempur musuh anu datang. 
Nepika tengah poe pasukan Cirebon teu katingal tanda-tandana bakal datang, ti kajauhan ngan katingal aya aleutan leutik, hiji gegeden dikawal ku tilu urang pasukan. Gegeden anu datang oge teu make pakaean perang, raksukana basajan pisan, make jubah sarwa bodas, gagah jangkung, paromanna beresih, komarana katingal pisan moncorong yen ieu jalma teh bijaksana tur ahli ibadah. Pasukan Talaga anu geus taki-taki oge jadi heran teu nyangka anu datang lain pasukan tempur sakumaha anu kungsi datang ngajorag, tapi ieumah aleutan jalma opatan.
Pangeran Setiapati geuwat surti, inyana mapagkeun sorangan rombongan anu datang ti Cirebon. Pasukanana taki-taki bari merhatikeun lalampahan panglima perangna. Lila-lila duanana katingal marahmay, tuluy ngawangkon bangun geus dalit siga dua dulur nu geus lila teu tepang. Ti kajauhan katingal tamu ti Cirebon ngaluarkeun solendang warna emas bari tuluy disolempangkeun ka Pangeran Setiapati, lian ti eta tamu ti Crebon masrahkeun bokor emas sarta nyelapkeun pedang emas di cangkeng Pangeran Setyapati, teu lila Pangeran Setyapati  tapak deku dihareupeun tamu ti Cirebon bari masrahkeun pusaka karajaan Talaga tumbak si Cutang Barang. Pasukan Talaga jeung Kasepuhan Talaga ngarasa heran ningali anu dipilampah ku Aria Kikis jeung Tamu ti Cirebon, ngan kabeh percaya pisan yen naon wae anu geus dipilampah ku Aria Kikis mangrupakeun tindakan anu dumasar kana kawijakanana pikeun karajaan Talaga kahareupna.
Teu kungsi lila Aria Kikis mawa asup tamu ti Cirebon ka daerah Talaga, sarta ngumpulkeun kabeh pasukanna jeung kasepuhan Talaga sarta ngabewarakeun yen anu datang ka Talaga teh Sunan Gunung Jati waliyulloh anu oge Sultan Cirebon, kadatanganna ka Talaga seja ngaraketkeun duduluran komo deui cenah Aria Kikis jeung sabagean rahayatna geus muslim. Sanggeus kitumah Aria Kikis sasauran ka rahayatna ,” Salila ieu urang tuhu ka Pajajaran kusabab harita Sri Maharaja Kanjeng Prabu Siliwangi masih keneh jumeneng sarta jadi jungjungan urang, sateuacan inyana ngahiyang di Rancah Maya. Anu mulya Prabu Siliwangi tinangtos parantos ngutus putuna anu ayeuna dipayuneun urang hadir nyaeta Kanjeng Sinuhun Sunan Gunung Jati.
Ku hadirna Kanjeng Sinuhun urang yakin yen perang geus rengse, ayeunamah urang raketkeun duduluran, urang hirup rukun kalayan panangtayungan ti Kanjeng Sinuhung anu bakal adil paramarta ka urang sadayana nu geus muslim atanapi anu masih keneh ngagenggem agama Sunda Sanghyang. “ kitu kirang langkung sasauran Pangeran Setyapati sawaktu papasrahan karajaan Talaga ka Sunan Gunung Jati.
Sanggeus kitu, SGJ Cirebon diangkir ka karaton Ciburang puser dayeuh karajaan Talaga, di karaton ieu SGJ sasauran sangkan Pangeran Setyapati ditetepkeun jadi raja Talaga sanggeus Prabu Pucuk Umun Raga Mulya ngarolos ti karaton Talaga muru tanah kabuyutan di gunung Pulosari Banten.  Ngan pikeun Setyapati/ Sunan Wanaperih hal eta tacan waktuna, inyana leuwih milih rek neuleuman heula agama Islam leuwih jero ka SGJ samemeh engkena jadi Raja Talaga bari tetep nempatan karaton Wanaperih bagian ti karaton Ciburang. Kahayang eta ditedunan ku kasepuhan karajaan Talaga, sedengkeun pikeun raja panyelang dikukuhkeun Sunan Ciburang adina Prabu Pucuk Umun Ragamulya. Ti harita karajaan Talaga jadi bagian ti Kasultanan Cirebon, Pangeran Setyapati dianugrahan gelar Aria minangka hiji bupati bagian ti Kasultanan Cirebon, sanggeus ngistreanan Aria Kikis SGJ Cirebon mulih deui ka Cirebon.
Sanggeus Talaga jadi bagian ti Kasultanan Cirebon, syiar Islam di Talaga mangkin euyeub, kalayan kasadaran sorangan rahayat jeung gegeden karajaan Talaga beuki loba anu pindah agama kana agama Islam. Syeh Bayanulloh anu ngokolakeun pasantren di gunung Bitung nyebarkeun para cantrikna pikeun ngawangun pasantren-pasantren sejenna di tempat lain diwilayah karajaan Talaga. Tuluy sanggeus ngarasa cukup umurmah, Pangeran Setyapati / Sunan Wanaperih diangkat jadi Raja Talaga Ku Sunan Gunung Jati Cirebon, ngaganti mamangna nyaeta Sunan Ciburang anu jadi raja panyelang. Teu lila ti harita, Kanjeng SGJ Cirebon wafat dina taun 1568 M dina umur 125 taun, Sultan Maulana Yusuf Sultan Banten sanggeus wafatna SGJ Cirebon ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Kasultanan Cirebon, jadi hiji Kasultanan anu mandiri. Sataun ti harita Sultan Maulana Yusuf ngeprikkeun wadyabaladna ngagempur karaton Pajajaran di Pakuan kalayan didukung ku pasukan ti Cirebon.
Prabu Nilakendra Raja Pajajaran ka IV (1551-1567) ngarolos ti karaton, ahirna tiwas dipangungsian. Watu Gigilang paranti ngistrenan Raja-raja Sunda salila ratusan taun dibawa ka Banten. Karajaan Pajajaran dina jaman Prabu Nilakendra memang geus nyirorot pisan pamorna, raja jeung para gegedenna geus loba ninggalkeun ajaran purbatisti jeung purbajati Sunda. Hirup sarenang-senang, resep nginum arak nepika mabok, jeung suka-suka padahal rahayatna hirup rudin bari loba nu kalaparan. Sanggeus raja perlaya, makuta karajaan Sang Hyang Pake / makota Binokasih anu salila ratusan taun jadi makuta raja Sunda ti jaman Prabu Bunisora Suradipati (1357-1371 M) disalametkeun ku opat pangagung Pajajaran nu sok disebut Kandage Lante nyaeta opat sadulur nu mawa makuta Binokasih ka Prabu Geusan Ulun Raja Sumedang Larang, nyaeta Panglima Perang Jayaperkosa, Wiradijaya, Kondang Hapa jeung Batara Pancar Buana.
Nu jadi gaganti Raja Pajajaran Nilakendra, nyaeta Prabu Seda Nusia Mulya  Suryakancana Raja Pajajaran ka genep, minangka Raja Pamungkas. Inyana geus teu nempatan karaton di Pakuan, kusabab diistrena di pangungsian di gunung Pulosari (ayeunamah kaereh ka kampung Kaduhejo, Kacamatan Menes Kab.Pandeglang, Banten). Prabu Seda Nusia Mulya jadi raja panutup ti taun 1567-1569 inyana tuluy tiwas sawaktu digempur pasukan Banten anu muru katempat pangungsianana. Tanggal 8 Mei 1579 / 11 Rabiul Awal 987 H, Sultan Banten Maulana Yusuf kalayan resmi ngumunkeun yen karajaan Pajajaran geus dihapus. Pajajaran runtag kusabab raja-rajana geus loba anu ninggalkeun ajaran kahirupan anu hade sakumaha ajaran purbatistis purbajati Sunda sakumaha anu geus dilakona ku Sri Baduga Maharaja Raja Pajajaran ka I anu geus bisa mawa Pajajaran dina jaman kaemasan. Kusabab kitu pasukan Islam ti Banten jeung Cirebon incu buyutna Sri Baduga Maharaja keneh ngarasa geus waktuna ngeureunkeun sagala panyalewengan ahlak anu dipilampah ku para pangagung Pajajaran sarta ngagantina ku ajaran Islam.       
(Bah Duhin kuncen di Makam Sunan Wanaperih di Kp. Kebon Warna Desa Kagok Kec. Banjaran Majalengka. Dikomplek ieu dikurebkeun oge gerwa Sunan Wanaperih sareng Sunan Kidul putrana Sunan Wanaperih. Foto Mei 2012.)   
2.Aria Wangsagoparana
Sunan Wanaperih jadi Raja Talaga lilana 24 taun, saparantos pupus dikurebkeun di  di Desa Kagok Kac Talaga Majalengka.Sunan Wanaperih puputra : 1.Dalem Kulanata anu dijadikeun Bupati Maja, 2. Dalem Cageur dijadikeun Bupati Darma, 3. Sunan KIdul / Rd. Apun Surawijaya ngaganti dirina jadi Raja Talaga, 4. Ratu Radea ditikahkeun ka salah saurang Pangeran ti bkeun Cakradewa. 6. Nu bungsu nyaeta Raden Kanarun sanggeus jadi ulama penyebar agama Islam ku Kasultanan Cirebon dianugrahan gelar Aria Wangsa Goparana ku Pangeran Emas / Panembahan Ratu / Sultan Cirebon (1568-1649). Wangsa Goparana hartina pamanggul pakarang
perang, sedengkeun Aria gelar Bupati anu dianugrahan ku Sultan Cirebon.
Nurutkeun riwayat ieu, sawaktu Karajaan Pajajaran runtag, Aria Wangsagoparana umurna karak 24 taun rengse masantren di Pasantren Amparan Jati Cirebon. Raden Kanarun atawa Aria Wangsa Goparana ngadahup ka Nyi Mas Siti Mahayu sekeseler Raja Widara ti Panyalu. Hiji waktu Aria Wangsagoparana mayun ngadep ka Sultan Cirebon, inyana hoyong jadi ulama anu nyebarkeun agama Islam diwewengkon urut daerah kakawasaan Pajajaran. Pamunut eta ditarima kalayan kabungahan ku Sultan Cirebon, tuluy ku Sultan Cirebon, Aria Goparana ditugaskeun mageuhkeun agama Islam diwewengkon Kasultanan Cirebon keneh anu aya di pertengahan, nyaeta antara Kawali jeung Pakuan, anu tapel watesna deukeut wewengkon Wanayasa. Sabenerna diwewengkon eta, dihulu wahangan Cijalu jeung Ciparanje geus ngadeg hiji pasantren anu dikokolakeun ku ulama sepuh katurunan Panembahan Girilaya Cirebon nyaeta Rd Kyai Aria Tarumananggala.
Sultan Cirebon mere pituduh pitempateun Aria Goparana nyaeta wewengkon nu deukeut jeung hiji talaga anu herang caina ngamalirna ka lebah kaler. Talaga eta teh sabenernamah hulu wahangan Ciasem. Aria Wangsagoparana ditugaskeun nuluykeun syiar Islam anu geus ditaratas ku Rd. Kyai Aria Tarumananggala. Pikeun kalancaran ngalaksanakeun tugas, Sultan Cirebon marentah Ki Ngabehi Sura Anggaprana jeung puluhan prajurit Cirebon ngajaga kasalematan Aria Wangsagoparana jeung kulawargana.  
Samemeh ngalaksakeun tugas ti Sultan Cirebon, Aria Goparana jeung rombonganana sindangheula di karaton Wanaperih nepangan ramana nyaeta Raja Sepuh Sunan Wanaperih / Pangeran Setyapati/ Aria Kikis  seja munut doa jeung restu, Ku Aria Kikis putrana dibahanan sagala rupa kaperluan  sarta puluhan pasukan marake kuda , lian ti kitu Aria Kikis nugaskeun 15 jajaka ahli perang minangka pangawal khusus Wangsagoparana.  Jumlah rombongan kabehna aya kana 70 urangna. Miang ti karaton Wanaperuh rengse Sholat Subuh dikawal ku Raja Talaga Sunan Kidul / Apun Suriawijaya rakana Aria Wangsagoparana. Wanci haneut moyan rombongan geus nepika sisi wahangan Cilutung, rombongan tuluy meuntas wahangan muru jalan kelebah kidul, ngahindarkeun diri boh bisi asup kana wilayah Sumedang Larang. Dina wanci reupreupan muru ka maghrib rombongan geus nepi ka wewengkon gunung Cakrabuana beulah kalerna. Di wewengkon ieu rombongan Raja Talaga Sunan Kidul pamitan rek balik deui ka Talaga, sedengkeun Aria Wangsagoparana jeung rombonganana nuluykeun lalampahan ka arah ngidul nepika hiji pakampungan leutik di lalamping gunung Calangcang didieu rombongan reureuh nepika isuk ganti poe.
Dipakampungan eta rahayatna geus nganut agama Islam, malahmah geus ngadeg hiji masjid / bale dana, cek toa kampungna masyarakat muslim di lalamping gunung Cisokan ieu diwuruk agama Islam ku ulama sekeseler Sunan Rohmat / Kian Santang nyaeta Kanjeng Kyai Kadungora nu geus mulang kakalangengan. Sawaktu kadatangan Aria Wangsagoparana jeung rombonganana ka pakampungan ieu aya kajadian anu matak para toa kampung kawiwirangan, harita dumadakan loba parawan (cawene) anu kapentang asmara ku kagagahan pasukan Aria Wangsagoparana, nepi lalampahanana para wanoja teu uni deui sakuduna kalakuan hiji wanoja.
Antukna salah saurang aki kokolot kampung ngarasa era ka Aria Wangsagoparana ku kalakuan para cawene, nepika si aki nyarekan laklak dasar ka para wanoja anu garumeulis ka para pasukan Aria Wangsa Goparana “ Naha Kunaon maranehna teh milampah kitu ngerakeun pisan, siga nu garelo, “ kitu pokna si aki sawaktu nyarekan ka para wanoja. Atuh ahirna ti harita eta lembur teh dingaranan kampung Garela, kusabab si aki – aki huntuna geus lemong, teu bentes deui kuduna nyebutkeun garelo kalahkah garela.
Ti kampung Garela, rombongan nuluykeun lalampahan miang ka hulu Cimanuk muru jalan motong turunan jurang di Citengah, supaya geuwat nepi jeung bisa reureuh di Pangaroan. Pangaroan the hiji pakampungan anu geus deukeut ka “jalan sararea” nyaeta jalan anu kungsi diwangun ku Prabu Siliwangi ti Pakuan Bogor nepika Kawali. Dina poe ka opat rombongan nepika suku gunung Canggah. Didieu aya kajadian aheng, Sawaktu ngalaksanakeun shalat berjamaah Dhuhur anu dipingping ku kasepuhan Ngabehi Sura Anggaprana, sarengsena sholat Ngabehi Sura Anggaprana mere isyarat sangkan pasukan khusus 15 jajaka geuwat nyalingker ngurilingan Aria Wangsagopara jeung gerwana, ieu pertanda sang Ngabehi anu geus pangalaman dina pangperangan ngarasa aya musuh anu keur nyumput ngadodoho rombongan bongoh. Kabeh rombongan sigep taki-taki marake pakarangna sewang-sewangan. Ki Ngabehi Sura Anggaprana tuluy nangtung neuteup seukeut ngahiji arah rungkun anu aya disagedengeuna, bari tuluy ngajorowok handaruan, “ aranjeun anu keur nyumput dirungrungkun leuwueung geuwat kalaluar nembongkeun diri, kami lain jalma jahat tapi kami katurunan Pajajaran anu rek balik deui ngulon. Lamun maraneh teu boga niat jahat geuwat kaluar , lamun tetep wae nyumput ku kuring kabeh rek dijorag, “ kitu pokpokanana Ki Ngabehi.         
Teu lila ti jero rungkun anu suni kaluar lalaki keker, paromanana galak, ngan teu mawa pakarang, ari dina ciri-ciri papakeanana mah katingalna lain jalma jahat, tuluy ari geus kitumah kalaluar anak buahna tina rungkun-rungkun panyumputan bari marawa pakarang ngan henteu dicabut tina sarungna tandaning taya maksud rek nyerang rombongan Aria Wangsagoparana. Lain lalaki wungkul anu kaluar tina panyumputan teh aya oge pasukan wanoja ngan sarua teu ngagunakeun pakarang perangna. “ Assalamualaikum, “ cek Ki Ngabehi, ngan anu dibere unjuk salam henteu nembalan. Ningal anu ditanya caricing wae Ki Ngabehi timbul kakeselna tuluy ngajorowok deui , “ Mun kitu maraneh lain urang Pajajaran, kusabab teu boga adat kasopanan, panon we carolohok tapi teu nempo saha anu ditempona. Kami baheula bagian ti Pajajaran, ayeuna keur ngajaga kasalematan Kanjeng Aria Seuweu Bao (sebutan keur Aria Wangsagoparana anu boga teureuh kalima ti Prabu Siliwangi ). Abong-abong Pajajaran geus ngahiyang, arandika geus teu apal ayeuna keur nyanghareupan katurunan Gusti Maha Prabu Siliwangi, naha teu ngarasa bagja papaamprok jeung Kanjeng Aria Seuweu Bao ? “ cek Ki Ngabehi.
Sanggeus ngadenge pitutur ti Ngabehi Anggaprana mah, ahirna kabeh jalma anu tadi nyarumput teh nyaruuh dina taneuh bari nyembah ka Ki Ngabehi, “ Neda pangampunten gusti, panginten teh pangersa wadya bala ti Cirebon atanapi Banten anu sok rajen perang ngarogalaha sakurna rahayat Pajajaran anu tu daek asup Islam, abdi sadaya tilas rahayat Pajajaran ti wewengkon Sumedang, tadina nyangki gusti  teh ti Cirebon atanapi Banten kumargi sami sok milahpah ibadah siga tadi, sok sieun Gusti the talajakna sareng kabengisanana sami sareng wadyabala Cirebon sareng Banten. Atuh ari gusti masih keneh putu buyut  Gusti Maha Prabu Siliwangi mah, sim kuring sareng rombongan munut panantayungan ngiring seja babaktos ka pangersa, neda diwuruk agama Islam. Nanging upami gusti henteu percanten mah mangga wae sim kuring sareng rombongan moal ngalawan upami bade dihukuman ku pangersa, “ Kitu cek Ki Nasita pamingpin rombongan anu disangka rek nyerang rombongan Aria Wangsa Goparana. Ngadange papasrahan ti Ki Nasita, Ngabehi Anggaprana jeung Aria Wangsagopara ngaheruk tuluy sasauran yen rombongan Ki Nasita rek dbibawa minangka bagian ti rombongan Aria Wangsagoparana, sarta ti harita rombonganana arasup Islam kalayan sukarela.
Rombongan Aria Wangsagoparana tuluy muru arah Ngulon lalampahanana muru wewengkon gunung Tangkuban Parahu, sabab nurutkeun wejangan Sultan Cirebon didinya aya lalaki  kasepuhan Sunda Sanghyang sok disebut Uyut Dalu anu sok ngajual kuda. Cenah pindahna Uyut Dalu ka wewengkon Tangkuban Parahu the kusabab ngadenge yen raja Sunda geus disunatan sarta geus asup Islam. Uyut Dalu jeung bapana meunang ilapat lamun rek asup Islam mah cenah kudu ngadagoan di gunung Tangkuban Parahu, nurutkeun ilapat nu katarimana Uyut Dalu engke bikeun cenah kuda teh ka Ulama anu datang sarta tuluy menta diajarkeun bagbagan agama Islam jeung menta ditungtung pikeun asup agana Islam. Ngan kusabab ngadagoan lila teuing bapana Uyut Dalu nyaeta Buyut Koja kaburu maot ti heula teu kungsi ngalaman asup agama Islam. Sawaktu datang ka wewengkon gunung Tangkuban Parahu tempatna Uyut Dalu jeung kuda-kudana, Ki Nasita anu apalaeun ka Uyut Dalu tuluy nerangkeun saha sabenerna ari Aria Wangsagoparana the ka Uyut Dalu, tuluy sanggus ngadenge carita KI Nasita mah Uyut Dalu tuluy menta dibimbing asup Islam ku Aria Wangsa Goparana.
 Aria Wangsagoparana jeung rombongan nuluykeun lalampahanana muru wahangan Cijalu pikeun nepangan ulama sepuh Kanjeng Kyai Aria Tarunamanggala. Aria Wangsagoparana sanggeus nyaritakeun lalampahanana ti Cirebon nepika Cijalu tuluy menta dituduhkeun tempat anu dimaksud ku Sultan Cirebon nya eta wewengkon anu aya sagara nu herang caina pikeun muka pakampungan minangka puser  dayeuh paranti syiar Islam.Sarengse nepangan Aria Tarunamanggala, rombongan Aria Wangsagoparana tuluy muru tempat anu ditangtukeun pidayeuhan nyaeta teu jauh tina jalan padati, tegalan anu taneuhna bahe ngetan – ngaler. Tiharita rombongan ngababad alas nyieun pilemburan anu engkena disebut Dayeuh Sagala Herang anu hartina sagala bersih tur caang. Tempat anu teu jauh ti jalan padati anu biasa diliwatan , estu merenah pisan mun ngadegkeun pasantren kusabab gampil diradegdeg ku saha wae.
Ngawangun pakampungan nepika mekar jadi hiji pamarentahan kadaleman lilana leuwih kurang 20 taun, syiar Islam anu jadi udagan teu rongret-rongret ditarekahan di saubeureun Subang jeung Pantura. Aria Wangsagoparana tuluy ngeprikan santri-santri binaana sangkan mageuhkeun pangaruh Islam dimasarakat, Buyut Dalu urut tokoh agama Sunda Sanghyang anu geus jadi ulama teu katinggaleun dina syiar Islam, inyana the hiji kokolot anu dipikahurmat ku balarea kukituna sawaktu jadi ulama Islam loba jalma anu arasup Islam kujalan tarekahna nyebarkeun pangaruh Islam. Sangkan gampil dina ngokolakeun jamaah anu beuki loba, Wangsagoparana ngawangun sababaraha pasantren diantarana Pasantren di Curug Agung jeung Buniayu. Ku para santrina Aria Wangsagoparana biasa disaur ku sebutan Kanjeng Kyai Aria.               
Pikeun ngajaga pertahanan wewengkonna Aria Wangsagoparana ngawangun pager kayu disakuliling unggal pasantrenna nu disebut Kikis sakumana anu kungsi diwangun ku ramana dikaraton Wanaperih. Ari ku para santrinamah pager kikis the disebut Pager Talutug, antukna pasantren di Curug Agung dipikawanoh ku sebutan pasantren Talutug. Disabudeureun pasantren aya wahangan anu meulah pakampungan, kusabab kitu wahangan ieu disebut wahangan Cinengah. Lila-lila pakampungan ieu jadi wilayah padaleman anu disebut kadaleman Cinengah lain kadaleman Sagalaherang. Nurutkeun hiji katerangan Aria Wangsagoparana nepika wewengkon sagalaherang teh sataun sanggeus runtagna karajaan Pajajaran, inyana teu lila dumuk di Sagalaherang, kurang leuwih ngan sataun, tuluy mindahkeun puser dayeuh ka wewengkon anu ahirna disebuy Dayeuh, sedengkeun Sagalaherang jadi Dayeuh Kolot. Bumen-bumen ngokolakeun daerah jeung syiar Islamna diperkirakeun dina abad ka 16 M, ditempat ieu Aria Wangsagoparana kangungan putra anu cikal nyaeta Raden Entol Wangsagoparana , dina yuswa 50 taun Dalem Aria Wangsagoparana dianugrahan deui putra pameget. Kalahiran putra anu kadua ieu sawaktu Kasultanan Cirebon geus nyilorot pamorna malahmah jadi hiji kabupaten bawahan Mataram, sedengkeun wilayah anu keur dikokolakeun ku Dalem Aria Wangsagoparana keur meujeuhna mekar ngan tacan dilaporkeun ka Mataram, atawa ka Sumedang Larang. Dayeh Anyar wargana geus aya kana 500 urangna, malahmah diantarana aya Tionghoa katurunan marga Tan da marga Kwee anu geus arasup agama Islam.
(Nu nulis jeung Haji Khumaedi (dipeci) kuncen di makam Aria Wangsa Goparana di Kp. Nangkabeurit Sagalaherang, Subang. Foto Mei 2012. )
3. Pangeran Jayalalana / Dalem Cikundul
Kalahiran putra anu kadua beda jeung putra nu lainna, sawaktu dikandung ku Siti Mahayu gerwana umur kandunganana leuwih ti sataun, laju sawaktu rek dibabarkeun oge ku Wangsagoparana katingal aya cahaya gumulung dina jero kandungan gerwana, samemeh lahirna putra kadua ieu alam disabudeureuna keur diguyur hujan ngarinrincik, harita dina wanci sore muru ka waktu ashar. Ku kasepuhan Ngabehi Sura Anggaprana samemeh lahir jabang bayi geus diramalkeun yen jabang bayi engkena bakal jadi hiji jalma pangkat anu dipikaserab ku sasaha, malah raja Jawa oge bakal ngarasa ajrih ka sang jabang bayi lamun geus jenengna. Sang jabang bayi anu kadua lahir taun 1023 H.
Sapoe sanggeus lahir sang jabang bayi, dumadakan Aria Wangsa Goparana kadatangan tamu aki-aki jeung nini anu ngaku nganut agama Sunda Sanghyang. Cek eta aki-aki nyaeitakeun yen samemehna manehna ngimpi ningal Aria Wangsa Goparana keur zikir bari nyekel pakarang Kujang tina emas, eta hartina Aria Wangsagoparana teh katurunan Prabu Siliwangi anu kudu jadi panutan si aki jeung nini. Sanggeus kitu mah si aki-aki jeung si nini menta dibimbing hayang asup Islam tuluy macakeun dua kalimah sahadat dibimbing ku Wangsagoparana.
Geus asup Islam si Aki ngebrehkeun yen manehna meunang ilapat kudu nalingaan jabang bayi nu karak lahir kusabab ayah hal-hal anu kudu ditepikeun, tuluy ku Aria Wangsa Goparana si aki-aki dibawa sina ningal orok lalaki anu karak dilahirkeun, dumadakan si aki-aki reuwas ningal ramo curuk jeung ramo jari tengah jabang bayi sajajar, hal eta hiji tanda yen sang jabang bayi bakal jadi salah saurang raja ditatar Sunda. Jabang bayi lalaki putra kadua Aria Wangsagoparana ieu dinamian Pangeran Jayalanana, sedengkeun ku aki-aki jeung nini urut panganut Sunda Sang hyang jabang bayi the dinamian Pangeran Panji Kusumah cenah saluyu jeung ilapat anu katarima ku manehna .Lian ti Raden Entol Wangsagoparana jeung Pangeran Jayalalana , para putra Aria Wangsagoparana anu sanesna nyaeta : 3. Raden Aria Yudanagara, Dalem Cobodas Dayeuh Kolot Sagalaherang, 4. Raden Aria Cakradiprana jadi Bopati Cinengah di sagalaherang, 5. Raden Aria Yudamanggala jadi Dalem di Nangkabeurit, Sagalaherang, 6. Raden Wiradiwangsa Dalem Ciparage Tanah datar, 7. Raden Tumenggung Santaan Kumbang di gunung Ceremai, nu ka 8. Nyai Raden Muhyi di Nangkabeurit Sagalaherang.
Ti umur 3 taun keneh Pangeran Jayalalana geus ningalikeun bakat kacerdasanana, geus bisa ngapalkeun Surat Yassin kalayan fasih jeung bener. Kukituna ti umur 8 taun keneh ku sepuhna geus dipasantrenkeun di pasantren Amparan Jati Cirebon. Kitu deui keur adi-adina Jayalalana kabeh dipasantrenkeun di Pasantren Amparan Jati, ihwal ti Raden Entol Wangsagoparana putra cikal Aria Wangsagoparana anu teu kungsi dipsantrenkeun di Cirebon, kusabab sawaktu keur burey sepuhna keur meujeuhna sibuk-sibukna ngamekarkeun daerah Sagaraherang sangkan jadi puseur syiar Islam di sabudeureun basisir laut kaler .
Lian ti diatik agama islam, Jayalalana diatik oge elmu kanuragan jeung cara naek kuda ku ramana jeung ku kasepuhan Ngabehi Anggprana. Malahmah Ki Buyut Dalu oge kungsi ngatik olah kanuragan ka Pangeran Jayalalana teh. Pangeran Jayalalana asup pasantren Amparan Jati Cirebon diperkirakeun dina awal abad ka 17 . Najan umurna can sawawa, Jayalalana the dipikawanoh minangka hiji santri anu cerdas, utamana dina widang agama jeung sajarah karajaan – karajaan Sunda nepika sajarah lahirna Kasultanan Cirebon. Jayalalana remen nanyakeun kapara guruna naon alesanana wadyabala Islam ngarurug karajaan-karajaan anu can daraek arasup Islam. Kusabab pikeun Jayasasana najan masih keneh rumaja leutik geus wani ngungkabkeun kamandangna yen syiar Islam leuwih loyognamah lamun disebarkeun make jalan damey. Sikap kritis Jayalalana ieu mawa kahariwang ka sakuman guru-guruna dipasantren boh bisi teu bisa ngajawab sajumlah panayaan Jayasasana. Sok sieun lamun Jayalalana teu puas ku jawaban para guruna, Jayalalana nanyakeun kaluareun pasantren Cirebon, padahal di Cirebon mangsa keur rame-ramena ku sumebarna aliran Syiah anu dibawa ku para murid Syeh Siti Jenar.
Sawaktu Jayalalana nincak umur 17 taun, tanah Jawa harita keur aya dina jajahan Belanda anu dipingpin ku Jan Pieter Jung Coen. Pasukan Belanda nu miboga paralatan perang anu lengkep jeung didukung ku 500 urang prajurit geus hasil meruhkeun Jayakarta anu samemehna dikawasaan ku Kasultanan Banten. Alesanana Belanda teu suka Kasultanan Banten biluk ka Inggris sarta mere kalaluasaan ngawangun loji di Jayakarta. Taklukna Banten ka Belanda di Jakarta sarta teu walakayanana Cirebon, ngajadikeun Jayalalana hayang mantuan ngusir Belanda. Jayalalana nu karak umur 17 taun tuluy ngadep Sultan Cirebon Panembahan Ratu, sangkan diijinan ngagempur Belanda najan saumpama inyana kudu meruhkeun pasukan ti nagara Sagalaherang .
Ramalan Sunda Buana Panca
Sultan Cirebon bati ngaheruk ningali patekadan hade Jayalalana anu hayang jihad ngagempur Batavia, Sultan Cirebon sadar diri kabeh Kasultanan di tanah Jawa harita geus teu walakaya nyanghareupan penjajahan Belanda. Lamun Cirebon maksakeun ngarugrug Belanda oge, bakal ngajadikeun rahayat sangsara, kusabab kakawasaan Belanda keur mejeuhna unggul dina sagala widang utamana dina pakarang keur perang.
Jeung deuih lamun ningali kana ramalan buhun cacandran Pajajaran, urang Sunda sanggeus runtagna Papajaran memang cenah bakal ngalaman sababaraha jaman nu disebut “ Sunda buana Panca “ nyaeta lima jaman anu bakal dialaman ku sakumna urang Sunda, mangsa kahiji nyaeta Sunda Papa atawa Sunda kahinakeun, anu kadua mangsa Sunda Sangsara, nu katilu mangsa Sunda Gugah, tuluy mangsa Sunda tandang jeung Sunda Makalangan nepika urang Sunda bakal aya dina jaman Harendong Papak, dimana kahirupan nagara aya dina adil paramarta karahayatna, sakumaha suluk tangkal Harendong Papak anu sajajar.
Naon ari Mangsa Sunda Papa teh ?
Mangsa Sunda Papa atawa Sunda kahinakeun the digambarkeun sanggeus karajaan Pajajaran runtag taun 1579 M, kusabab gempuran wadyabala Banten, Cirebon, Demak.  Nurutkeun pedaran ieu katurunan raja-raja ditatar Sunda dibagi ku katurunan raja kembar nyaeta katurunan Raja Galuh Prabu Linggawesi, jeung katurunan Raja Pajajaran Linggahyang. Prabu Linggawesi jeung Prabu Linggahyang the cenah anakna Guru Minda Kahyangan atawa Lutung Kasarung atawa Adipati Panggung Kancana tea ti prameswari Dewi Purbasari.
Sakur raja katurunan Galuh disebut Darmarehe, sedengkeun katurunan Raja Pajajaran disebutna Darmapala. Iraha anu dimaksud mangsa Sunda Papa teh? Nyaeta sawaktu Prabu Kian Santang mamaksa ramana nyaeta Prabu Siliwangi asup Islam, nepika Prabu Siliwangi ngahiyang. Mangsa ieu disebut mangsa Sunda Kahina / Sunda Papa. Sangeus ngalaman Sunda Kahina, urang Sunda bakal asup kana mangsa Sunda Sangsara nyaeta sangeus Papajajaran runtag digempur wadyabala Banten, Cirebon jeung Demak. Tuluy Prabu Nusa Sanghyang raja  di Pajajaran ngahiyang di gunung Pulasari Banten, kitu deui raja katurunan Darmarehe nyaeta Raja Talaga, Prabu Pucuk Umun Raga Mulya milih ngarolos ka Ujung Kulon muru gunung Pulosari sarua pikeun ngahiyang alabatan asup Islam sakumaha pangajak Sunan Gunung Jati Cirebon.
Mangsa Sunda Sangsara cenah umurna panjang, cek ieu riwayat panjang mangsa ieu ibaratna nepika umur aki-aki tunggang gunung. Ngan sanggeus ngalaman mangsa Sunda Sangsara, cenah urang Sunda bakal ngalaman kabangkitan dina mangsa Sunda Gugah / Sunda Bangkit ngan hanjakalna umurna teu lila, cenah ngan saumur jagong. Mangsa kaemasan urang Sunda aya dina mangsa Sunda Tandang jeung Sunda Makalangan. Najan kitu mangsa kaemasan urang Sunda ieu cenah moal waka tuntas lamun can nepika dina mangsa Harendong Papak, mangsa dina kaadilan walatra keur rahayatna. Urang Sunda sangkan bisa hirup dina mangsa Harendong Papak, kudu bisa newak heula anak domba bulu emas anu aya di jero lautan, anu dijagaan ku guriang tujuh jeung buta Kalapeteng. Lamun geus meunangkeun anak domba bulu emas ieu, urang Sunda bakal ngalaman mangsa Sunda Jaya. Ngan hanjakalna taya katerangan dina pedaran ieu katerangan taun iraha wates-watesna antara hiji mangsa jeung mangsa lainna.
3. Aria Wiratanu / Dalem Cikundul :
Taun 1623 M umur Jayalalana diperkirakeun 20 taun, inyana rengse ngeprik elmu di pasantren Amparan Jati Cirebon. Kusabab dipercaya ku Panembahan Ratu Sultan Cirebon, Pangeran jayalalana dianugrahan gelar Aria Wiratanu darajatna sarua jeung pangkat Bopati. Ku Sultan Cirebon Pangeran Jayalalana atawa Dalem Aria Wiratanu dipancenan tugas sangkan mageuhkeun pangaruh Islam di wewengkon urut kakawasaan nagara Pajajaran beulah tengah jeung kidul, diantara wahangan Cikundul, Cianjur jeung Cibalagung. Didinya geus aya masarakat nu geus Islam meunang ngadawaahan Kanjeng Kyai Girilaya putrana Pangeran Wirapraja ti Cirebon. Sedengkeun diwewengkon Jampang (pakidulan Sukabumi jeung Cianjur) geus aya Sanghyang Borosngora putrana Prabu Cakradewa Adipati Singacala Panyalu. Sedengkeun di pakidulan Cianjur Syiar Islam ditaratas ku sekeseler Prabu Kian Santang / Sunan Rohmat nyaeta Hyang Jaya Loka diwewengkon Cidamar, Hyang Krutuwana di Parakan Tilu, Hyang Jatuna di Kandangwesi, Kanjeng Kyai Cinta Linuwih di wewengkon gunung Wayang.   
Ku Sultan Cirebon, Pangeran Jayalalana dibere waktu dalapan taun pikeun ngayakeun sisiapan jeung panalangtutikan samemeh ngalaksanakeun parentah Sultan Cirebon. Laju Pangeran Jayalalana tuluy mulih deui ka Sagalaherang, nepungan sepuhna,  samemeh tepi ka dayeuh Sagalaherang, Jayalalana ngaso heula di hiji batu gede hideung di Cicadas nyaeta daerah beulah hilir Sagaleherang.
Batu teh luhurna tilu tumbak, rata, tur hieum kusabab aya di handapeun tatangkalan anu hejo gomplok ku dadaunan. Suasana daerah sabudeureun batu rineh luyu pisan jeung karesep Jayalalana anu sok resep tafakur ditempat anu suni.  Kabiasaan tafakur ditempat anu suni sabenerna remen dipilampah ku Jayalalana utama lamun meunang masalah anu gede atawa nafakuran ciptaan Alloh SWT. Batu gede nu dipake reureuh antukna dipilih ku Jayalalana pikeun ngaleyeupan tugas ti Sultan Cirebon anu kacida beuratna kusabab tugas ngokolakeun daerah kudu disiapkeun sacara lahir batin. Batu gede tempatna tafakur tuluy disebut Batu Agung, jarakna ka dayeuh Sagalaherang ngan saukur “sawidak busur” atawa lamun itungan jaman ayeunamah kurang leuwih aya kana lima kilo meterna.    
Sawaktu nepika ka Sagalaherang, Jayalalana dipapagkeun ku kasono indung bapana, sarta adi-adina kayaning Raden Wiradiwangsa, Raden Tumenggung, jeung adina nu kakarak umur 8 taun nyaeta Nyai Raden Muhyi. Sedengkeun adina anu lain nyaeta Raden Yudanagara, Raden Cakradiprana, jeung Raden Yudamanggala masih masantren di pasantren Amparan Jati Cirebon. Para putra Aria Wangsagoparana anu masantren di pasantren Amparan Jati Cirebon kabehna jadi santri pinunjul, malahmah ku Sultan Cirebon kabehna dianugrahan gelar Aria sadarajat jeung pangkat Bopati. Ngan engkena anu bener-bener jadi Bopati anu boga wilayah jeung ngolah nagara ngan Raden Aria Cakradiprana anu nyangkring kakawasaan jadi Bopati Cinengah. Sedengkeun Raden Aria Ngabehi Yudanagara sanggeus ngalap elmu di pasantren Amparan Jati Cirebon mancen tugas jadi Kepala Masyarakat Dayeuh Kolot (Sagalaherang), sedengkeun Raden Aria Ngabehi Yudamanggala engkena jadi Pembantu Utama Raden Aria Wiratanu sawaktu mimiti ngabuka Cikundul, minangka panghubung antara Cianjur heubeul deukeut Cijetis anu dikokolakeun ku Raden Ngabehi Santaprana jeung Cikundul. Nepika ahirna Cikundul jadi nagara anu mardika.
Mulih deui kana bahasan : Sanggeus Jayalana dumuk deui di Sagalaherang, kusabab masantren ninggalkeun wewengkon ieu  salila kurang leuwih sapuluh taun geus loba kamajuan di Sagalaherang. Malah diwewengkon ieu geus mekar deui hiji kadaleman anyar nyaeta Cinengah, kusabab kitu Sagalaherang antukna disebut Dayeuh Kolot. Ngan sanajan geus maju dina widang pangwangunan nagara, dua kadaleman ieu kakurangan ulama, padahal jumlah warga anu arasup agama Islam beuki loba sapanjang jalur nu disebut jalur Siliwangi nyaeta wewengkon antara suku gunung Pasir Tunggul parat nepika lebah kulon wahangan Ciasem nu aya disuku gunung Tangkuban Parahu. Salila teu aya Jayalalana ngabina umat disuklak seklokna kadaleman Dayeuh Kolot (Sagalaherang) jeung Cinengah dikokolakeun ku Raden Entol Wangsagoparana anak cikal Wangsagoparana ku jalan ngeprikeun para santrina jeung kabeh puragabaya ti karajaan Talaga nu dipingpin ku Ki Mahali. Hanjakalna para pugabaya najan masih tetep siap ngabantuan mageuhkeun pangaruh Islam ditiap wewengkon, umur rata-rata anggota puragabaya geus ampir tunggang gunung rata-rata umurna lima puluh taunan mun ukuran jalma ayeunamah.
Kukituna hadirna deui Pangeran Jayalalana di Sagalaherang dipiharep pisan, komo deui datangna Jayalalana ka Sagalaherang dibarengan ku para pangawalna ti kasultanan Cirebon nu jumlahna sabelas urang. Para pangawal Jayalalana ti Cirebon kabeh oge didikan pasantren Amparan Jati Cirebon. Pasukan pangawal Jayalalana ieu dipingpin ku Ngabehi Satia Prana. Antukna ayana Jaya Lalana di Sagaherang dimangfaatkeun pisan pikeun ngatik bagbagan agama Islam jeung ngadidik elmu kaprajuritan karajaan Talaga.
Ku Pangeran Jayalalana wewengkon Dayeuh Kolot jeung Cinengah ditata deui make atikan Islam jeung pertahanan kanagaran sakumaha elmu ti pasantren Amparan Jati Cirebon bari dibantuan ku Ngabehi Satia Prana, malah tempat-tempat anu mencil kayaning suku gunung Canggah beulah wetan jeung wewengkon Bobojong deukeut wahangan Ciasem geus ditempatkeun prajurit jaga duaan bari ngawal kasepuhan Ki Nasita, kitu deui diwewengkon nagri Udug-udug (Pagaden Baru ayeunamah). Sedengkeun prajurit lainna tetep sayaga ngawal Pangeran Jayalalana anu sawaktu-waktu nalingaan kaamanan diwewengkon sapanjang wahangan Citarum antara Sanghyang Kendit nepika hilir Sanghyang Tikoro (Sang Hyang Kendit ayeuna jadi PLTA Jatiluhur).Sikep ngabina rahayat kujalan silaturahmi jeung ukuwah Islamiyyah anu diterapkeun ku Jayalalana antukna mere rasa aman kasakumna sanubari rahayat diwewengkon Cinengah jeung Sagalaherang, nagara jadi beuki aman tur beuki makmur.
Nikah Ka Putri Jin Arum Sari      
Sanggeus nata nagara Cinengah jeung Sagalaherang, Pangeran Jayalalana laju mundut widi kanu janten rama Aria Wangsagoparana, Jayalalana hayang ngesat diri ngumbara sorangan, tujuanana hayang napak tilas tapak ramana sawaktu ngamimitian syiar Islam ti karaton Wanaperih nepika Sagalaherang.
Sanggeus meunang restu ti sepuhnamah Jayalana tuluy miang sorangan bari ngan dibaturan ku kuda tungganganana wungkul. Kuda tunggangan Jayalalana the geus kasohor lian ti bedas tur tarik lumpatna, kuda jalu ieu the seukeut ambeuna lamun aya tanda-tanda pibahayaeun, sarta bisa awas najan ditempat anu poek, ku Pangeran Jayalalana kuda hideung jangkung kayaahna ieu dingaran Si Wulung Geni.  Inditna Jayalalana ti pendopo ramana di Sagalaherang dimimitian muru heula lebah wetan gunung Canggah bari dakwah di unggal kumpulan rahayatna. Tuluy silaturahmi ka kasepuhan Ngabehi Sura Anggaprana di Cinengah , urut pangawal satia Aria Wangsagoparana. Ti Cinengah Jayalalana muru Batu Agung tempat pangreureuhanana sawaktu anyar balik ti Cirebon. Di Batu Agung, Pangeran Jayalalana ngarasa rineh.
Wewengkon Batu Agung teh disebut oge Taman Langen Sari, najan aya ditempat anu nembrak, kaayaan Batu Agung beresih saolah-olah memang dijaga kabersihanana. Pangeran Jayalalana ku mata batinna noropong yen diwewengkon eta loba kahirupan anu aya dialam gaib. Najan bari kitu Pangeran Jayalalana geus ngabuleudkeun tekadna rek mujasmedi di luhureun Batu Agung salila 40 poe 40 peuting seja menta pitunjuk ka Alloh SWT samemeh inyana ngemban tugas ti Sultan Cirebon muka kadaleman di wewengkon Cikundul.
Salila mujasmedi di Batu Agung taya saurang oge anu terang naon wae anu kaalamaan ku Pangeran Jayalala. Kitu oge sawaktu inyana geus katembong deui aya ditengah masarakatna ngabina jeung ngatik agama, jalma sagemblengna ngan boga kayakinan yen Jayalalana hiji ulama anu resep uzlah, ngesat diri katempat anu suni pikeun ngadeukeutkeun diri ka nu Maha Kawasa.
Nepika hiji waktu Pangeran Jayalalana jeung Ngabehi Setia Prana geus waktuna balik deui ka Cirebon pikeun narima tugas ti Sultan Cirebon. Di Kasultanan Cirebon Pangeran Jayalalana diangkat jadi Menteri Punggawa, kalayan gelar Ngabehi Jayasasana minangka panasihat utama Sinuhun Sultan Cirebon. Sedengkeun di dayeuh kolot Sagalaherang jeung Cinengah panataan nagara dipasrahkeun ka adi-adina Jayalalana anu geus rengse pasantren di pasantren Amparan Jati Cirebon.
Hiji waktu sanggeus lima taun Pangeran Jayalalana netep di Kasultanan Cirebon, sumebar berita yen di gunung Gedogan aya dua rumaja jeung hiji wanoja keur diwuruk elmu kanuragan jeung cara naek kuda ku Raden Entol Wangsagoparana putra cikal Aria Wangsagoparana. Tilu rumaja eta the para putra Pangeran Jayalalana ti putri jin Arum Sari, ari Arum Sari nyaeta putrina Syeh Jubaedi Raja Jin ti nagara jin Tengger Agung. Kuayana tilu rumaja eta masarakat Dayeuh Kolot Sagalaherang jeung Cinenangah sempet ear, kusabab panutanna nyaeta Jayasasana atawa Jayalalana boga anak ti putri jin. Ngan lila-lila mah kaayaan geus biasa deui, komo sanggeus narima parentah ti para pangagung Sagalaherang jeung Cinengah sangkan kabeh rahayat kudu ngabantuan kadalemanna ngawangun pamukiman keur 300 urang prajurit Cirebon anu bakal datang ngawal Ngabehi Jayasasana alias Pangeran Jayalalana. Rahayat kacida sugemana narima parentah eta, sarta sabilulungan ngawangun pamukiman keur para prajurit dipingping ku Raden Aria Yudamanggala adina Jayasasana. Rahayat geus teu sabar hayang ningal Jayalalana sanggeus diangkat jadi Menteri di kasultanan Cirebon kalayan gelar Ngabehi Jayasasana.   
Anu ditunggu-tunggu ahirna datang, hiji poe Ngabehi Jayasasana datang ka Sagalaherang dikawal ku 300 urang prajurit Kasultanan Cirebon, dibagjakeun ku adi-adina anu mapag tur ngapit Jayasasana, kayaning Raden Aria Yudamanggala jeung Raden Aria Yudanagara. Kadatangan Ngabehi Jayasasana pikeun ngaresmikeun kadaleman Cinengah minangka bagian ti Kasultanan Cirebon, sedengkeun nu kapeto jadi Bupati Cinengah nyaeta Raden Aria Cakradiprana dibantuan ku para panasehatna kayaning Aria Yudamanggala jeung Aria Yudanagara sadayana adi adina Jayasasana.Naha anu diangkat jadi Bupati Cinengah lain Ngabehi Jayasasana ? Kusabab Jayasasana geus meunang tugas ti Sultan Cirebon pikeun ngabuka pamarentahan di wewengkon urut wilayah Pajajaran Tengah.   
Dina hiji waktu anu geus ditetepkeun Ngabehi Jayasasana ngadeuheus kanu janten sepuh rehna rek ngalaksakeun tugas ti Sultan Cirebon muka pamarentahan kadaleman diwewengkon urut Pajajaran Tengah. Berangkatna Jayasasana disarengan ku gerwana putri jin Arum Sari atawa disebut oge Dewi Srina atawa Dewi Sri Anjani Dewi Komalasari. Lian ti eta ngiring oge putra cikalna nyaeta Pangeran Suryakancana, dua-duana ngajirim sakumaha jalmi biasana. Sedengkeun putra nu sanesna nyaeta Dewi Sukaesih Kancana dititipkeun ka Raden Tumenggung rayina Jayasasana di pasir Kumbang gunung Ceremai . Ari putra bungsuna nyaeta Raden Andaka Wirusajagat dititipkeun ka Raden Wiradiwangsa rayina Jayasasana di wewengkon Karawang ngabantos Tumenggung Singaperbangsa Bupati Karawang di tanah Datar.
Dina wanci janari dina hiji poe, Jayasasana jeung kulawargana  berangkat ti Sagalaherang muru daerah anyar, kabehna make raksukan somah. Jayasasana naek kuda si Wulung Geni, sedengkeun Raden Suryakancana jeung indungna nyaeta Arum Sari naek kuda si Kapas. Kacaritakeun dina ieu riwayat unggal ponggawa ditiap tapel wates anu marikna ieu rombongan netelakeun yen jumlahna rombongan Jayasasana ngan tiluan, cenah marake baju pendekar, nu naek kuda hideung umurna leuwih kolot umurna ari nu naek kuda bodas rumaja keneh. Rombongan ieu mawa bebekelan dina buntelan anu disoren masing-masing didadana, unggal ditanya ku prajurit tapel wates ngakuna rek dagang kitab ka daerah kulon.  Jadi somah jeung prajurit anu kungsi panggih jeung ieu aleutan henteu aya nu kenaleun kusabab kebehna nyamurkeun diri jadi somah, sedengkeun ngeunaan jumlahna aya nu nyebutkeun ngan duaan cenah, ngan saukur anak jeung bapana.
Kacaritaken sawaktu meuntas wahangan Citarum rek muru muara Cikundul, kuda si Kapas jeung si Wulung Geni napak sancang alias teu kungsi asup kana cai wahangan. Kira-kira wanci meletek panon poe isuk, Jayasasana jeung kulawargana geus nepia gunung Sapotong, atawa gunung Jampang Manggung ayeunamah aya diwewengkon kacamatan Cikalong Kulon Cianjur. Sawaktu panon poe luhurna satengah tumbak rombongan ieu nepika leuweung sabudeureun gunung Jampang Manggung, dihiji batu anu merenah tiluanana caralik bangun taya saurang oge anu sasauran.
Sakumaha anu geus jadi katangtuan ti Syeh Jubaedi Raja jin ti nagara Tengger Agung mertuana Jayasasana, yen waktu kumalandang di alam manusia pikeun Dewi Arum Sari aya watesna,nyaeta sanggeus Raden Suryakancana nincak umur opat welas taun, nya harita pisan waktuna. Dewi Arum Sari nyuuh kanu jadi caroge disaksikeun ku Pangeran Suryakancana, Arum Sari amitan kanu janten caroge rek mulangdeui ka alam jin. Samemeh ilang ngaleungit ka alam jin, Arum Sari ngucapkeun kalam Lailahailallohu, lila-lila sorana beuki ngilang bareng jeung ngilangna wujudna anu beuki mudar jadi beulitan cahaya nu beuki lila beuki leungit, nu tinggal ngan aroma seuseungitan nu ngadalingding. Kalayan beurat ati Jayasasana papisah jeung gerwana diwewengkon eta, dumadakan sanggeus ilangna Arum Sari aya lawon boweh raring dina pangkuan Jayasasana , boeh raring the dikhias ku tulisan arab asma ul husna. Kitu deui kajadian tumiba ka Raden Suryakancana, pendingna anu asalna tina bahan tanduk, rubah bentuk jadi panding emas. Salila saminggu Jayasasana jeung putrana ngaprak wewengkon sabudeureun gunung Jampang Manggung, malahmah panggih jeung Raden Kampuh Jaya anu dipiwarang ku Sang Hyang Borosngora pikeun maluruh kaayaan sabudeureun gunung Jampang Manggung. Lalampahan duanana ahirna nepika Leuwi Batok, Raden Suryakancana munut ka ramana yen dilebah dinya cocog nyieun padepokan anu aya batu hideungna nu engkena dingaranna batu Qiblat. Ti tempat ieu pisan mimiti ditaratas kadaleman Cikundul anu ahirna jadi hiji daerah cikal bakal kabupaten Cianjur.

Babad Cianjur versi H. Abas Shihabuddin sesepuh pontren Gedong Asem Kaum Cianjur.
Sawaktu Rd. Jayasasana tafakur di Batu Agung di Sagaraherang salila 40 poe 40 peuting, dina peuting pamungkas alam sabudeureun karasa tiis nyecep kana kulit Jayasasana anu keur menekung mujasmedi. Sora sato peuting pating tembalan nandakeun alam geus beuki peuting, ngan dina waktu tengah peuting alam sabudeureun Batu Alam dumadakan jempling, taya sora nanaon sumawona gang oge lir ibarat mere tatanda bakal aya kajadian aheng.
Jayasasana ngadak-ngadak ngambeu sarupaning seuseungitan anu ngadalinding anu tacan pernah kaalamaan samemehna, sanggeus kitu ngajirim hiji putri jin geulis dibarengan ku dayang-dayangna. Sang putri tuluy nyampeurkeun Jayasasana anu keur khusyu ngawirid, caang bulang sabagean cahayana nyaangan Jayasasana, sang putri kataji pisan ku paroman Jayasana anu kasep katojo bulan. Sang putri sadar yen dirina geus kapentang asmara ku kagagahan Jayasasana, putri jin katibaan rasa bingung kumaha carana hayang bisa wanoh ka jajaka dihareupeunna. Bingung campur ku bogoh, antukna sang pautri ceurik balilihan tuluy ninggalkeun sang jajaka anu teu kagoda.
Teu lila putri jin balik deui, inyana panasaran keukeuh hayang wanoh ka sang jajaka anu keur husu pageuh ngawirid teu kagoda ku kahadiran dirina. Putri jin diuk timpuh kaheureupen Jayasasana. Lila-lila Jayasasana ngarasa yen aya anu merhatikeun dirina, sanggeus namatkeun wiridna, inyana saeutik-eutik ngatur nafas tuluy muka socana lalaunan, breh dihareupeunan aya putri geulis naker, diuk timpuh semu tungkul nandakeun ajrih kadirina. “ Assalamualaikum, saha salira teh ? putri ti mana ? naha aya maksad naon rurumpaheun wengi-wengi dongkap kadieu ? “ cek Jayasasana nanya lalaunan ka sang putri bari neuteup anteb.
“ Arum Endah nami rayi putri raja jin Islam ama  Syeh Jubaedi. Jajaka kembang impian, rayi seja masrahkeun diri mugia dipigarwa ku pangersa “, cek Arum Endah , putrid Jin anakna Syeh JUbaedi ti nagara jin Islam. “ Lamaran rayi katampi ku akang, nanging aya syaratna. Umpama tos lahir jabang bayi, rayi omat dipahing ngiring ngurusna, ngusap oge teu kengeng, “ cek Jayasasana. “ Hatur nuhun kakang parantos nampi rayi, syarat kakang seja diturut,upama rayi jalir seja nampi dipihukum , jodo urang jaminannanana, “ cek Arum Endah.
Upacara jatukrami Jayasasana jeung putrid jin Arum Endah dilaksanakeun kalayan tohaga di nagara jin. Dirapalan ku Syeh Jubaedi bin Syeh Syeh Satoto khodamna Nabi Khidir AS, anu ngancik didasar laut Samudera Hindia. Kacaturkeun tina jatukrami ieu Jayasasana boga katurunan ti putrid Jin nyaeta :
1.   Raden Suryakancana engkena ngageugeuh gunung Gede Cianjur
2.   Nyi Mas Indang Sukaesih alias Nyi Indang Kancana engkena ngageugeuh gunung Ceremai Kuningan.
3.   Rd. Andaka Wirusajagat (engkena ngageugeuh gunung Kumbang Karawang)
4.   Rd. Ratu Carangcang Kancana (engkena ngageugeuh gunung Parang Sukabumi)
Sakuat-kuatna indung nahan kasono jeung kanyaah ka anak-anakna, moal bisa lila. Kitu deui Arum Endah. Hiji waktu Arum Endah menta bantuan ka dayangna nyaeta Arum Paka, oge ka dua dulurna nyaeta Arum Wangi jeung Arum Cahya mawa anak-anakna ka alam gaib. Para putra Jayasasana dibawa ku Arum Endah ka alam jin, bari teu bebeja heula ka Jayasasana anu keur tirakat. Sanggeus nyaho eta kajadian, Jayasasana ewed manah ka Arum Endah, laju mutuskeun hubungan rumah tangga. Bari ceurik balilihan sang putrid narima eta kaputusan .
Dina diktat Sejarah Cianjur nu disusun ku Syarifah Didoh, diterangkeun samemeh papisah jeung Jayasasana, putrid jin Arum Endah wawangsit ka Jayasasana kieu “ Sayaktosna sim rayi gaduh pitunjuk wawangsit ti pun bapa Syeh Jubaedi, yen gamparan engkena bakan ngarundaykeun katurunan pangkat ti istri jalmi, nanging tina sakitu seueurna mun dalapan anu bakal ngajaul pangkat mingpin kadalemanmah, “ cek Arum Endah. Bahasan dina ieu pedaran langkung euyeub upami diteraskeun ku maos buku Sejarah Cianjur kengeng Drs. Bayu Surianingrat nyaeta “ Sajarah Dalem Cikunudul sareng Rd. Jayasasana” atanapi Babad Cianjur kengeng ibu Syarifah Didoh.



Babad Cianjur versi Syarifah Didoh / Sasakala ngaran-ngaran tempat di Cianjur
Babad Cianjur teh tetela lain ngan saukur hiji tapi aya sababaraha hiji, aya nu disusun ku Bayu Surianingrat, babad Cianjur versi Rd. Damanhuri, versi Gan Ebo, versi Dalem Pancaniti, jeung versi Syarifah Didoh, di pedaran diluhur babad Cianjur versi Rd. Damanhuri parantos dipedar, kitu deui versi R. Abas Shihabuddin sesepuh pontren Gedong Asem, versi Syarifah Didoh oge dipedar najan teu sadayana, sangkan teu ngagantung urang pedar deui babad Cianjur versi ibu Syarifah Didoh hususna ngeunaan lalampahan Dalem Cikundul sawaktu muka pamarentahan kadaleman Cikundul sareng sawaktos Raden Wiramanggala / Dalem Tarikolot muka pamarentah anyar di kampung Pamoyanan, pedarana kieu :
Singket carita Rd. Jayasasana minta ijin ka Aria Wangsagoparana ramana yen inyana rek muka pamarentah anyar, ti Sagalaherang Rd. Jayasasana mawa rombongan kurang leuwih 40 urang.Sanggeus sawatara lila diperjalanan rombongan nepika ka hiji wahangan, Rd. Jayasasana ngarasa rineh tuluy mandi dihulu cai wahangan, kusabab disabudeureun wahangan katinggal aya batu gede siga goong wahangan teh dingaranan Cibalagung, nyoko kana batu anu gede / batu agung.
Ti Cibalagung rombongan miang ka tebeh kulon sarta istirahat dihiji wewengkon, tempat ieu ku Dalem Cikundul / Rd. Jayasasana antukna dingaranna Majalaya kusabab inyana ngarasa bisa nyalayakeun fikir / tafakur  ( ayeunamah Majalaya jadi komplek pamakaman Dalem Cikundul di desa Cijagang Kac. Cikulon Kulon). Ti Majalaya Rd. Jayasasana jeung rombongan muru hulu sirah Citarum di gunung Wayang, malah kungsi dumuk salila sataun. Ti sirah Citarum Rd. Jayasasana nuluykeun lalampahan mapay-mapay wahangan Citarum, nepika ahirna nepi ka wahangan Cikundul leutik ngadegkeun pamarentahan, puser pamarentahanna cek hiji katerangan disabudeureun Leuwi Batok. Rd. Jayasasana tuluy disebut Dalem Cikundul kusabab ngadegkeun pamarentahan di sisi wahangan Cikundul.
Dina buku Bayu Surianingrat di eceskeun yen Dalem Cikundul meunang gelar Aria Wiratanu ti Sultan Cirebon kusabab datangna ka Cikundul minangkan hiji bupati utusan Cirebon, inyana wafat dina umur 102 taun dikurebkeun di Pasir Gajah kampung Majalaya (Desa Cijagang Kac. Cikalong Kulon ayeuna). Bupati Cianjur katurunan langsung Dalem Cikundul make gelar Aria Wiratanu, ngan ti mimiti Dalem Sabirudin ditambahan ngaran Datar anugrah ti pamarentah penjajah Belanda, lengkepna mah Aria Wiratanu Datar.
Pindah Kapamoyanan        
Nurutkeun Syarifah Didoh sanggeus Dalem Cikundul wafat, kulawargana pindah ka Cikadu di kadaleman Cibalagung (ayeunamah asup kana wilayah Desa Bobojong Kac. Mande Cianjur), di Cibalagung dumuk dihiji tempat anu ayeuna disebut pasir Wiratanu. Sedengkeun nu jadi gaganti bupati nyaeta Raden Wiramanggala kalayan gelar Aria Wiratanu II putrana Dalem Cikundul. Kacaritakeun hiji waktu Wiramanggala keur tatanen di hiji kebon, teu kacatur timana datangna Dalem Wiramanggala didatangan hiji aki-aki make raksukan sarwa bodas tuluy mere wasiat ka Aria Wiratanu II, “   Raden putra Wiratanu bagja temen andika, mugi kapayun andika sing teras mulus rahayu, nagara sing subur mamur sarta karungruman wong akeh. Sarta bakal jadi ratu turun tumurun. Anjeun ayeuna kudu ngalih tempat ti dieu, nyaeta kudu ngulon ngidul jugjug tepining walungan Cianjur, didinya pilari taneuh anu bahe ngetan ngaler tempat pangguyangan badak putih, eta teh kangge dayeuh nagara, sarta bakal bagus alamatna, “ cek eta kolot bari tuluy ngaleungit ilang tanpa karana, Dalem geus surti eta teh taya lian ti Syeh Jubaedi ramana putri jin Dewi Arum Endah gerwana Dalem Cikundul.
Teu lila ti harita, Wiramanggala tuluy ngamusawarahkeun eta wangsit nu katarima jeung adi-adina kayaning Rd Natadimanggala / Dalem Aria Kidul, Rd. Wiradimanggala / Dalem Aria Cikondang, Nyi Mas Bogem,  Nyi Mas Kaluntar, Nyi Maskara, Nyi Mas Karanggan, Rd. Aria Tirta / Dalem Karawang, Rd. Suradiwangsa/ Dalem Panembong, Rd Martayuda/ Dalem Sarampad. Aria Wiratanu II isukna ngumpulkeun kulawarga jeung rahayatna tujuanna taya lian rek mindahkeun puser dayeuh ti Cibalagung ka tempat anu baris dituju nyaeta sisi wahangan Cianjur tempat paguyangan badak putih.
Lalampahana badarat, mapay-mapay raratan anu harita masih keneh leuweung geledegan, rombongan dibagi aya anu mawa bebekelan, para ponggawa nu ngajaga kaamanan, jeung kulawarga sarta rahayat biasa, ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut, ngambat-ngambat catang pinang, indit sirib rarebo ku babawaan. Sawatara poe lalampahan di jalan, rombongan nepi ka lebah jalan cagak, Wiramanggala ngarandeg inyana ngarasa tempat anu dijugjug geus beuki deukeut, Wiramanggala tuluy marentahkeun sangkan kabeh sapuk ngababad alas eta tempat anu bakal dijadikeun bubuka lembur, ku Wiramanggala laju eta tempat teh dingaran kampung Muka, kusabab bakal dijadikeun lawang saketeng ka dayeuh anyar anu bakal dibuka.
Rengse ngadegkeun kampung Muka, rombongan muru ngulon, Wiramanggala sapanjang jalan ningali manuk heulang ting geleber diawang-awang, sawarehna nyarayang di tatangkalan garede, inyana tuluy mere ngaran eta tempat Sayang heulang (ayeunamah komplek Rumah Sakit Umum Daerah di Jln. Dr. Muwardi). Ti Sayang Heulang rombongan norobos leuweung geledegan ngulon kukurubutan mapay raratan nu rarumit, tuluy mengkol rada ngidul, nepika hiji tanjakan anu caang bolenglang, plung plong ningali ka mamana. Wiramanggala ningali kalebah wetan katingal aya tegalan anu bahe ngetan ngaler cocog jeung wangsit nu katarima. Ngemplong katingal pinagaraeun. Didinya inyana nyieun Pilar tapel wates pinagaraeun. Eta tempat laju dingaran Panembong, malah asalnamah dingaran Pilar Panembong, ngan ayeunamah disebutnamah Panembong bae (ayeunamah rame jadi pertokoan, diperkirakeun puserna di bunderan jalan deukeut pos polisi.)
Lalampahan dituluykeun ngetan, satungtung lalampahan Wiramanggala manggihan mangpirang-pirang tangkal nukembangna barodas aya diantara tatangkalan nu galede. Singhoreng eta teh kembangna tangkal kopi antukna dingaran Salakopi (ayeunamah sapanjang jalan dingaranan jalan Ir. H. Juanda). Rombongan kapeutingnakeun reureuh dihiji tempat rada ngidul, ayeuna jadi kampung Pasarean Agung, hartina kungsi jadi pangreueuhan para pangagung. Isukanana rombongan muru ka wahangan Cianjur, sisi-sisi wahangan tempatna asri matak pikabetaheun malahmah asa kakara ningali tempat anu tugenah samodel kitu, rombongan Wiramanggala mimiti ngabuka lembur di eta tempat, laju  dingaran kampung Gelar Anyar.
Wiramanggala siram di Wahangan Cianjur lebah leuwi Goong, tuluy jeung rombonganana maroyan antukna dingaranna kampung Pamoyanan. Didinya pisan dibuka puser dayeuh anyar Cianjur, sedengkeun asal muasal dingaran Cianjur tos dipedar diluhur di kaca 38 bab Sasakala Ngaran Cianjur. Pamarentahan Cianjur mimiti diaku ku penjajah Belanda ti jaman pamarentahan Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala / Dalem Tarikolot. Dina jaman Aria Wiratanu III / Rd. Astramanggala / Dalem Dicondre pendopo dipindahkeun nu asalna di lokasi Bale Rancage ka lokasi pendopo ayeuna nu ayana dikomplek PemKab. Cianjur teu jauh ti pangguyangan badak putih ( Pangguyangan badak putih ayeunamah kari cai sagewok ukuran 1 m x 1 m dikomplek kantor Pegadaian Cianjur)










KABUPATEN CIBALAGUNG
Dikabupaten Cianjur kungsi ngadeg kadaleman-kadaleman anu boga pamarentahan sorangan saperti kadaleman Cihea jeung Cibalagaung. Di handap ieu babad Cibalagung anu nyoko katerangan ti dua nara sumber, bade nyoko kanu mana wae mangga teu langkung kumargi teu acan acan panalungtikan ti para ahli sejarah anu samestina.
I.BABAD  CIBALAGUNG versi DINAS PARIWISATA DAN KEBUDAYAAN JAWA BARAT
Dalem Natamanggala I/ DALEM CIKADU
Raden Natamanggala ten buyutna Sunan Wanaperih Raja Talaga, inyana teh incuna Sunan Ciburang jeung putrana Sunan Girilaya. Tikeur rumaja keneh Natamanggala geus resep ngumbara jeung tatapa, tina kabiasaan eta Natamanggala meunang ilapat kudu ngadegdeg wewengkon wetan, pernahna kudu nepungan Sultan Mataram. Sultan Mataram sawaktu panggih jeung Natamanggala kataji pisan kukasakten jeung luhur elmu agamana Natamanggala, kusabab kitu Natamanggala remen meunang pancen ka unggal daerah pikeun syiar Islam, malah ku Sultan Mataram inyana diangkat jadi satria Kasultanan Mataram bari meunang gelar ngaran Raden Mas Babad Angsal, atawa sok disebut oge Satria Kinayungan.
Kusabab resep ngumbara, Natamanggala teu ngarasa betah cicing dihiji tempat, inyana tuluy ngaloros ti Karaton Mataram , teu bebeja ka Sultan Mataram inyana indit nepungan pamanna nu jadi dalem di Cipamingkis (Bogor ayeuna). Ku Dalem Cipamingkis , Natamanggala dipernahkeun alus pisan tuluy dikawinkeun ka putrina sarta diparentahkeun sangkan muka kadaleman sorangan, anu pernahna dihij leuweung sisi wahangan Cibalagungagung (desa Kademangan Kac. Mande Cianjur ayeuna) keur bekelna muka hiji kadaleman , Natamanggala ku pamanna dibere pusaka Dalem Cipamingkis mangrupa tombak. Singket carita Natamanggala jeung gerwana tuluy muru leuweung Cibalagung , ngababad alas nepika eta leuweung teh bisa jadi hiji kadaleman anu maju.
Hiji mangsa Kadaleman Cibalagung kadatangan salapan urang karaman urang Bugis anu kungsi nyieun bancing pakewuh di Cipamingkis kusabab hayang meunangkeun pusaka kadaleman Cipamingkis jeung hayang mawa kabur putri dalem Cipamingkis anu ayeuna jadi garwa Natamanggala. Rombongan karaman ti Bugis eta datang ka Cibalagung tujuanna sarua nya eta hayang mawa garwa Dalem Cikadu anu memang geulis kawanti-wanti jeung hayang mawa pusaka tumbak boga Dalem Cipamingkis anu ayeuna jadi pusaka Dalem Cibalagung . Ku ayana pamenta eta tangtu wae Dalem Natamanggala ambek kacida, inyana tuluy ngeprukkeun wadya baladna pikeun numpes karaman ti Bugis, kasaktian para karaman ti Bugis tetela karak nisa ditumpes sanggeus Dalem Cikadu ngagunakeun pusaka Dalem Cipamingkis mitohana. Geus ditumpesmah kadaleman Cibalagung aman deui.
Kadaleman Cibalagung beuki dieu beuki maju, kabar majuna kadaleman Cibalagung nepi oge ka Sultan Mataram di Kertasura anu kungsi kuciwa ka Satria Kinayungan atawa Natamanggala nu kungsi ngaloros ti Mataram bari teu menta ijin heula ka Sultan Mataram. Sultan Mataram tuluy marentahkeun pasukanna sangkan nyangkalak Natamanggala anu ayeuna geus jadi Dalem Cibalagung . Kabar bakal datangna pasukan Mataram ka Cikadu nepika oge ka Dalem Natamanggala di Cibalagung, geuwat inyana ngatur siyayah ku cara ngaganti ngaranna jadi Prabu Sacakusumah, kukituna sawaktu pasukan Mataram datang ka Cibalagung rek nyangkalak Natamanggala ahirna bolay kusabab dibejaan yen Natamanggala euweuh di Cikadu aya ode Prabu Sacakusumah anu jadi bopati di Cikadu mah. Pasukan Mataram balik deui ka Mataram, ngan Sultan Mataram geus apal yen Prabu Sacakusumah teh taya lian ti Natamanggala keneh alias Raden Mas Babad Angsal alias Satria Kinayungan. Kukituna Sultan Mataram marentah deui pasukanna sangkan nyangkalak Natamanggala atawa Prabu Sacakusumah Dalem Cikadu. Kabar bakal datang deui pasukan Mataram ka Cikadu geus nepi ka Natamanggala atuh geuwat inyana ngaganti ngaran jadi Raden Sukma Muda. Kukituna sawaktu pasukan Mataram nepika ka Cikadu katipu deui kusabab Natamanggala atawa Prabu Sacakusumah dibejakeun euweuh aya oge Sukma Muda. Pasukan Mataram balik deui ka Mataram bari laporan ka Sultan Mataram yeh Natamanggala teu kapanggih di Cikadu aya oge Sukma Muda, ngan Sultan Mataram geus apal kana siyayah Natamanggala manehna yakin yen Sukma Muda teh taya lian nya eta Natamanggala keneh atawa Prabu Sacakusumah. Kukituna Sultan Mataram marentahkeun deui sangkan pasukanna nyangkalak Natamanggala atawa saha wae ngarana anu dianggap jadi Dalem Cibalagung. Ari geus meuang pangarti kitumah, wadyabala Mataram teu katipu deui sawaktu datang deui ka Cibalagung, ngan sawaktu rek dicangkalak Dalem Natamanggala narah, manehna jangji rek datang sorangan nepungan Sultan Mataram ka Kertosuro.
Sawaktu Natamanggala nepungan Sultan Mataram di Kertosuro , inyana geuwat masrahkeun pusaka Dalem Cipamingkis nu ayeuna jadi tombak Pusaka Kadaleman Cibalagung ka Sultan Mataram, tarekah ieu minangka hiji bukti yen Cibalagung hayang jadi bagian ti Kasultanan Mataram. Ningali kitumah Sultan Mataram tumpur ambekna inyana balik nyaah malahmah mageuhkeun kakawasan Dalem Natamanggala jadi Dalem Cibalagung , kujalan ngaistrenan kalayan gelar Dalem Aria Natamanggala I minangka bagian ti Kasultanan Mataram.
Kadaleman Cibalagung dina mangsa kapamingpinan Raden Mas Babad Angsal atawa Satria Kinayungan atawa Prabu Sacakusumah aya dina karaharjaan, rahayatna makmur tur aman. Dina ngatur nagara ngolah nagari Natamanggala I dibantuan ku dua patih nyaeta Patih Singakerta jeung Patih Singakerti sarta meunang mangaping ti ahli agama Islam Kyai Panghulu Muhamad Soleh. Dalem Aria Natamanggala I wafat dikuburkeun di pasir Cikadu sisi wahangan Cibalagung, kukituna sok disebut oge Dalem Cikadu. Hanjakalna dina dongeng ieu teu aya katerangan taun jeung tanggal. Jeung deuih teu disebutkeun Sultan Mataram anu mana nu jadi pangawasa Mataram harita, upama sajaman jeung Panembahan Senopati Sultan Mataram munggaran marentah Mataramna ti taun 1586 nepika taun 1601 M, dituluykeun Mas Jolang marentah Mataram taun 1601 nepika taun 1613, tuluy digantikeun ku Mas Ransang / Sultan Agung marentah taun 1613 nepika taun 1645, diganti ku Sultan Amangkurat I marentah taun 1645-1677, tuluy diganti ku Sultan Amangkurat II marentah taun 1677 nepika 1703. Sarengse dijabat ku Sultan Amangkurat II kakuasaan Kasultanan Mataram beuki saeutik ku sabab sabagean gede wilayah Mataram dipasrahkeun ka Walanda nu gede jasana ka Amangkurat I jeung Amangkurat II minangka ngaganti biaya perang sawaktu Walanda ngabantuan Amangkurat I jeung Amangkurat II dina numpes pambaruntakan.
                 ( Makam Dalem Natamanggala I / Dalem CIkadu sisi wahangan Cikadu                      Cibalagung Mande Cianjur)
DALEM NATAMANGGALA II    
Sawaktu Aria Natamanggala I wafat, kadaleman Cibalagung dicangkring ku anakna nu disebut Dalem Jamban. Teu aya katerangan saha nama leutikna, ngan sanggeus jadi Dalem Cibalagung meunang gelar Dalem Aria Natamanggala II.  Dina marentah nagara Dalem Jamban dibantu ku Patih Mangku Nagara jeung Patih Manggung Nagara. Kawijakanana nuluykeun hanca ramana nya eta ngawangun nagara bari mageuhekun syiar Islam dirahayatna.
Hiji waktu kadaleman Cibalagung kadatangan tujuh karaman Bugis anu rek malespati ku sabab babaturanana sarua ti Bugis kungsi dihukum pati ku Dalem Natamanggala I / Babad Angsal. Ngan kusabab Dalem Natamanggala kahiji geus wafat karaman ti Bugis nangtang adu kasaktian ka Dalem Jamban. Patih Mangku Nagara jeung Patih Manggung Nagara murka ka karaman Bugis nu nangtang dunungganana, ngan ku Dalem Jamban dicegah kusabab pikeun dalem hal ieumah dendan kulawarga, para karaman rek males dendam ka bapana kusabab kitu ayeuna jadi urusan manehna teu aya patula patalina jeung para patih.
Dalem Natamanggala II tuluy ngajak para karaman ti Bugis ka kampung Jamban, dididinya tarung teu imbang dilaksanakeun Dalem Cibalagung ngalawan tujuh karaman Bugis. Adu jajaten lumangsung lila, sababaraha poe ti harita para karamen akhirna kabeh tiwas teu walakaya nandangan kasaktian Dalem Cibalagung, tapak patarunganana nepika taun 1930-an cenah katembong keneh ku ayana urut-urut getih anu baceceran dikampung Jamban.
Dalem Natamanggala II daria pisan dina bag-bagan syiar Islam, sababaraha pasantren gede diwangun di Cibalagung diantarana Pasantren Kanayakan nu dipasrahkeun atikanna ka Kyai Muhammad Soleh atawa Eyang Kanayakan nu kungsi jadi guru agama Raden Mas Babad Angsal ramana. Dalem Jamban ngolah kadaleman nepika umur kolot, wafat di Cibalagung dina riwayatna disebut Dalem Jamban.
Dalem Pulo
Kadaleman Cibalagung ngan nepika Dalem Aria Natamanggala ka IV. Nu jadi Dalemna nya eta Dalem Pulo nu sok dumuk di Kaum Kaler (desa kademangan ayeuna). Wates wilayah kadaleman Cibalagung harita nepika Beulah wetan kahalangan ku  wahangan Citarum, beulah kaler nepika kampung Nyampay, beulah kulon nepika kampung Karangtengah. Dalem Natamanggala ka IV dibantu ku Patih Nurbayan jeung Patih Nurbayin, sedengkeun nu jadi panghulu kadaleman nya eta Kyai Muhamad Sobari.
Purnana kadaleman Cibalagung cukang lantarana eleh dina perang Pangawelan nya eta perang ngalawan panarajang pasukan Cina anu datang teu beulah kaler. Pasukan ti Cina digempur ku wadyabala Cibalagung dina poe Saptu , padahala pikeun urang Cibalagung harita aya kapercayaan teu meunang lalampahan dina poe Saptu ka lebah kaler kusabab bakal ngadatangkeun baha. Duka kusabab kapercayaan eta atawa memang eleh dina strategi perang, Dalem Natamanggala ka IV gugur jeung sabagean gede wadyabalana. Dalem tuluy dikurebkeun di kampung Pulo Cibalagung kusabab kitu disebut Dalem Pulo. Para putra Dalem Pulo jumlahna aya dalapan, ngan basa gugur dina perang Pangawelan, para putra dalem taya nu geus sawawa, ahirna kadaleman Cibalagung timiti harita sirna taya nu nuluykeun. Ngarundaykeun dalem ngan nepika dalem ka IV. Cibalagung jadi narikolot kaereh ku kadaleman Cianjur.
Sedengkeun nurutkeun silsilah Dalem Cikundul  sisilah kadaleman Cibalagung dimimitian ku kadatangan Sunan Girilaya nyebarkeun agama Islam diwewengkon Cibalagung, satuluyna jadi hiji kadaleman. Sanggeus Girilaya wafat ngarundaykeun dalem Cibalagung nya eta :
1.Dalem Lumaju Gede Puputra
2.Dalem Lumaju Wastu Nagara Puputra
3.Dalem Lumaju Nyilih Nagara Puputra
4.Dalem Natamanggala I (Dalem Cikadu) Puputra
5.Dalem Natamanggala II (Dalem Kebon) Puputra
6. Dalem Natamanggala III (Dalem Jamban) Puputra
7. Dalem Natamanggala IV (Dalem Pulo)

II.BABAD CIBALAGUNG VERSI AMUNG SUTARYA  
RADEN HAJI ARIA YUDA BUPATI CIANJUR SAMEMEH DALEM CIKUNDUL
Bupati Cianjur munggaran lain Dalem Cikundul sakumaha dipercaya ku umumna urang Cianjur, Bupati munggaran Cianjur anu naratas nangtungna pamarentahan kadaleman Cianjur anu sabenerna nya eta Raden Haji Aria Yuda ti Cibalagung, kitu panuturan Amung Sutarya (55) katurunan RH Aria Yuda ka salapan, basa dikolongan diimahna di wewengkon alun-alun Cibalagung lebah kampung Bobojong Desa Bobojong Kacamatan Mande, Kab. Cianjur.
Panuturan Amung henteu sagawayah, manehna boga bukti otentik mangrupa naskah pangakuan Kasultanan Kasepuhan Cirebon kana pamarentahan kadaleman Cianjur mangsa di bupatian ku Aria Yuda, naskah eta teh ditulis ku huruf Jawa dina kertas bodas, sarta aya stempel kasultanan Cirebon warna beureum, anu leuwih utamana mah naskah eta teh kungsi ditarjamahkeun kana huruf laten ku sajarawan almarhum Drs. Atja, titimangsana tanggal 13 Juli 1972 “ Pa Atja dongkap kadieu taun 1972 dijajap ku aparat ti Koramil, anjenna nalungtik titinggalan Raden Haji Aria Yuda, utamana narjamahkeun ieu naskah ti abad 17 tea, nanging hanjakalna pa Atja teu seuer saur naon eusina eta naskah teh. Ngan naskah ieu teh saurna asli “ cek Amung anu boga pakasaban Tani jeung koordinator jarah ka makam wali-wali teh.
( naskah kuno beunang Sultan Cirebon nu eusina ngangkat Dalem Aria Yuda jadi Bupati Cibalagung, naskah disimpen diimahna Amung kungsi ditalungtik ku sejarawan Atja taun 1972 ngan teu kungsi di publikasikeun kusabab pa Atja kabujeng pupus)
Lian ti naskah, titinggalan Raden Haji Aria Yuda nu lainna nya eta tumbak, goong leutik jeung goong gede, duit benggol, tulisan huruf Jawa dina awi, bedil dorlok, halu laleutik (ketug), keris, buku sajarah jeung kecrek “ nanging keris jeung buku sajarahna tos aya dinu sanes henteu disimpen disim kuring “ cek Amung. “ Saleresna mah henteu kengeng dipotret sadayana titinggalan RH Aria Yuda teh, basa Pa Atja motretan oge kapungkur henteu aya nu janten, kedah aya widi heula ti lelembutan pun Eyang RH Aria Yuda “ pokna teh, Galura ngahargaan kana kayakinan Amung, ngan sanggeus ijab papasrahan ka Alloh SWT foto naskah asli jeung duit benggol bisa jadi dipotret. Tadinamah hayang motret pakakas lainna, ngan cenah kudu make tawasulan bari kudu nyadiakeun susuguh keur rohna RH Aria Yuda nya eta congcot ketan make endog.
Nurutkeun Amung, Raden Haji Aria Yuda teh boga kasaktian masagi, sarta kungsi dimenta Sultan Cirebon sangkan ngabantuan Cirebon perang jeung lawan-lawana, Amung malah boga kayakinan yen Aria Yuda teh hirup mangsa Sunan Gunung Jati sawaktu Sunan nyangkring jabatan Sultan Cirebon. Saking saktina Aria Yuda, hiji waktu balik ti Cirebon, inyana liwat lebah wahangan Citarum anu keur caah rongkah, bari sora caina nu ngaguruh, “ Ku Eyang RH Aria Yuda, cai wahangan Citarum teh ditepak, dak dumadak caah teh longret, sarta sora gumuruhna Citarum eureun, saurna samemehna di tarekahan kitu, sora wahangan Citarum teh gumuruhna sok dugi ka Cibalagung “ pokna.
Kusabab hayang mekarkeun Cibalagung jadi hiji kadaleman bagian ti Cirebon, Aria Yuda hiji waktu menekung mujasmedi menta pituduh kanu Maha Kawasa, tuluy nepi kana mangsana dina eta pituduh teh Aria Yuda dibere piwejang sangkan kudu bisa mawa hiji badak warnana bodas (Badak Putih) ti Cirebon ka Cibalagung, eta badak engkena bakal nuduhkeun tempat anu kudu dibabad alas jadi hiji kadaleman . Singget carita, Aria Yuda muru ka Cirebon rek ngabuktikeun eta pituduh, sanggeus milampah sababaraha minggu, inyana nepika ka Cirebon, ngan samemeh asup ka Karaton kira-kira wanci haneut moyan aya badak putih ngamuk. Bedasna badak putih ngamuk teh taya nu hasil naklukeun nana, ngan sanggeus disanghareupan ku Aria Yuda badak teh takluk, teu bisa ngelehkeun kasaktian Aria Yuda. Badak nu menang naklukeun teh tuluy dibawa ka Sultan Cirebon, kusabab nempo jasa-jasa Aria Yuda ka Cirebon, Sultan Cirebon tuluy mere naskah piagam anu eusina negeskeun yen Sultan Cirebon mere restu ka Raden Haji Aria Yuda pikeun ngabuka hiji kadaleman di Cibalagung.
Kacaturkeun dina lalampahan balik muru Cibalagung, Aria Yuda nu keur mawa Badak Putih, mere ngaran lembur anu diliwatannana saperti Cirata, Jangari, Pasir Jawa, Lanjung, Cibogo, Lolongokan jeung Harempag anu nepika ayeuna ngaran-ngaran eta masih dipikawanoh ku masarakat. Malah Cibalagung oge tina kocap Bale Agung “. Ngan badak teh teu eureun di Cibalagung, tapi teras muru ngulon. Eureun-eureun disisi daerah sisi wahangan Cianjur, tapak urut panyicingan eta badak teh jadi ngaran lembur  Pamoyanan nya eta urut moyan badak putih, tuluy ahirna boga pangguyangan nya eta nu disebut Pangguyangan Badak Putih, anu nya eta jadi hiji sumur sagedengeun Pendopo Cianjur, nu disebut Sumur Pangguyangan Badak Putih “ cek Amung.Aria Yuda tuluy ngababad alas nyieun pamarentahan kadaleman nu ngaranna Cianjur, kusabab deukeut jeung wahangan cianjur. “ Kusabab putrana teu acan aya anu dewasa, janten sawaktos inyana nilem di lembur Cijerah, pamarentahan Cianjur dipasrahkeun ka wakilna nya eta Dalem Cikundul dugika nurunkeun bupati-bupati Cianjur saterasna anu seuseueurnna nganggo gelar Aria Wiratanudatar “ cek Amung.Katerangan Amung tangtu bisa dijadikeun hiji sumber anu kudu ditalungtik ku nu wenang, komo bari aya bukti otentik anu geus ditaratas ku almarhum Drs Atja, salajengna mah kantun diteraskeun ku para sajarawan mangsa ayeuna. 




KABUPATEN CIHEA
Lian ti Cibagalung, kadaleman lain anu sajaman jeung kadaleman Cianjur nyaeta Cihea, hiji kadaleman anu diadegkeun ku Sultan Mataram. Cihea ayeunamah jadi ngaran pamarentahan desa di kacamatan Haurwangi Cianjur. Babad Cihea aya dua versi, hiji versi para kuncen nu kadua versi Yayasan Wargi CIkundul.

1.BABAD CIHEA Versi para kuncen Makam Dalem Pasir Mataram di Gn Cupu Desa Cihea Kec. Haurwangi / Asal Muasal ngaran Cihea, Ciranjang, Kutapinggan



Kacarioskeun di Mataram Sultan Amangkurat kangungan putra hiji wastana Pangeran Nurbaya. Ari Pangeran Nurbaya kagungan putra tilu nyaeta : Pangeran Nampabaya, Pangeran Lirbaya, sareng Raden Ayu Bengkulon.
Dina hiji waktu Pangeran Nurbaya sareng palaputrana ngayakeun babadamian tujuanna hoyong milarian daerah anu masih keneh kosong anu tiasa dibangun sangkan aya mangfaatna kanggo Kasultanan Mataram.  Dina babadamian eta sadayana sapuk nugaskeun Pangeran Nampabaya kanggo milarian eta daerah anyar teh, ti harita Pangeran Nampabaya sok disebat oge Pangeran Pelesiran. Kanggo ngalaksanakeun tugasna Nampabaya disarengan ku punakawanna nyaeta Nayakerta jeung Nayakerti, duanana sami jalmi bule.
Lalampahan milari daerah anyar eta ngawitan ti tebeh kulon teras rereb disisi wahangan Cilanang, tuluy ngaliwatan daerah Panyinangan nepika daerah gunung Puncak Larang. Dina lalampahan eta Pangeran Pelesiran ningali gunung anu euyeub digimbung manuk wallet. Ngaran eta gunung teh gunung Guha, digunung ieu rombongan ngarala sayang wallet pikeun bawaeun ka Mataram. Sarengsena diguha wallet sadayana tarurun ka hiji wahangan, Pangeran Pelesiran tuluy nanyakeun ka punakawanna ngaran eta wahangan, cenah eta teh wahangan Cinungnang kitu cek Nayakerta jeung Nayakerti . Tiluanana tuluy mapay eta wahangan ka lebar hilir nepika manggihan hiji tangkal kai nu disebut tangkal Tangkolo, kusabab katembongna aya mangfaatna tangkal teh rek dibawa keur bahaneun ka Mataram.
Ti wahangan Cinungnang, rombongan muru kulon nepika leuwi Pinggir, disisi leuwi ieu Pangeran Pelesiran nacebkeun iteukna tina tangkal kosambi bari inyana sasauran “ tah didieu pinagaraan teh” . Lalampahan tuluy diteruskeun ngulon nepika eureun di lebah Batu Tumenggung, batu tumenggung terus ditugaran keur bawaeun ka Mataram, “Babahanan keur bawaeun ka Mataram siganamah geus cukup, ayeuna urang neangan saha anu bakal nyekel kalungguhan eta nagara anyar “ kitu cek Pangeran Pelesiran . Lajusadayana terus muru ngulon seja nepangan Dalem Cikundul.
Dugi ka paseban kadaleman Cikundul, rombongan dibagjakeun ku Dalem Cikundul Raden Jayasasana/ Aria Wiratanu I, singketna sadayana pamaksudan dibadamikeun jeung Dalem Cikundul nyaeta rombongan ti Mataram eta teh keur neangan pinagaraeun jeung pamingpin anu loyog keur mingpin nagara anyar, Dalem Cikundul surti pisan kana kahayang Pangeran Pelesiran inyana tuluy masrahkeun kadaleman Cikundul jeung pangeusina ka Mataram. Sanggeus Dalem Cikundul masrahkeun nagarana keur Sultan Mataram , inyana dipiwarang angkat ka Mataram lansgung nepangan Sultan Mataram Amangkurat kanggo papasrahan nagara Cikundul.
Singket carita Dalem Cikundul sareng Nayakerta jeung Nayakerti laju miang ka Mataram, ari Pangeran Pelesiran mah nuluykeun lalampahan ka Ujung Kulon. Di hareupeun Sultan Mataram Nayakerta jeung Nayakerti ngajelaskeun yen Dalem Cikundul teh raja ti daerah kulon seja masrahkeun wilayahna ka Mataram, Sultan Mataram nyanggupan daek narima nagara Cikundul kalayan syarat Dalem Cikundul kudu ngalaksanakeun Tapa silanglang ti Mataram ka Cikundul. Pamenta Raja Mataram tuluy ditedunan Dalem Cikundul terus tapa silanglang ti Mataram ka Cikundul, antukna cek ieu dihayat nerangkeun yen lamun jiarah ka Cikundul kudumah bari tapa silanglang heula.
Sultan Mataram tuluy ngutus deui Pangeran Nampabaya, Pangeran Lirbaya, oge Nayakerta jeung Nayakerti sangkan miang deui ka wewengkon kulon, nyaeta daerah urut kakawasaan dalem Cikundul anu geus kosong bari babawaan sayang wallet, tangkal tangkolo, jeung batu tumenggung. Singket carita rombongan teh terus miang ka daerah urut pamarentahan dalem Cikundul, ngan samemehna sawaktu nepi ka lebah Muhara didinya Pangeran Lirbaya netelakeun ka lanceukna nya eta Pangeran Nampabaya yen inyana tinggaleun sayang wallet diwewengkon Pakidulan “ Akang mah saena mulih deui wae ka Mataram, wios abdi bade muru pakidulan heula “ kitu cek Lirbaya. Tuluy Nambaya jeung Nayakerta balik deui ka Mataram. Ari Lirbaya nuluykeun lalampahan ka Pakidulan jeung Nayakerti.
Di satengahing jalan, Pangeran Lirbaya kahujanan tuluy ngiuhan dilebah wewengkon Sindang Kolomot, inyana tuluy hanjat kalebah pasir di Cipetir, “ Sigana didieu loyog mun jadi pinagaraeun, ngan hanjakalna jauh ka cai,” cek Lirbaya ka ponggawana. Sawaktu hanjat kalebah lalamping pasir beulah kulon, bedil anu disoren ku Nayakerti ngajelegur sorangan, “ Ieu pasir urang ngaranan Pasir Jegur, kusabab bedil maneh ngajegur sorangan, “ cek Pangeran Lirbaya ka Nayakerti. Nepi ka gunung Salam duanana manggihan batu mangrupa ranjang, anu dihandapna ngaluarkeun cai nyusu, ku pangeran Lirbaya eta tempat tuluy dingaranna Ciranjang.
Nayakerti nalingakeun ka dununganana yen manehna meunang ilapat bakal meunang hiji ujian tinu Maha Kawasa. Ilapat eta ngabukti sawaktu dua-duana keur leureuh di batu korsi bari nyanghareup ka lebah kulon, Nayakerti ngareret ka lebah kulon ka lebah batu Tepas, tidinya manehna ningal putri jin anu keur ngebut-ngebutkeun karembong cinde, “ tuh geuning cocobi teh gusti, “ cek Nayakerti ka dununganana bari nunjuk ka putri jin. Pangeran Lirbaya tuluy mapatkeun aji kasaktenna ngaluarkeun hawa gede tina dirina mangrupa angin nu narajang ka eta putri jin, antukna karembong cinde nudipake putri jin hibeur kabawa angin tuluy ragrag dilebah hiji pasir, eta pasir teh tuluy dingarannan Pasir Cinde. Putri jin disampeurkeun ku Lirbaya, kusabab mangrupakeun hiji wanoja anu geulis kawanti-wanti Lirbaya kapincut sarta jangji rek ngawin eta putri jin anu ngaranna Raden Haji Sang Ratu Barakbak Putih. Kusabab kapincut ku ka geulisan putri jin, wahangan anu ngamalir teu jauh ti eta tempat antukna dingaran Cihea, anu hartina cahaya putri.
Samemeh ngawin sang putrid, Lirbaya menta ijin heula rek mereskeun heula lalampahan ka Pakidulan rek mawa sayang wallet anu tinggaleun. Rengse mawa sayang wallet, Pangeran Lirbaya laju asup ka nagara jin diLemah Pasagi ( Sirah Cihea) pikeun jatukrami jeung putri jin Raden Haji Sang Ratu Barakbak Putih. Sawaktu asup ka nagara jin Nayakerti mah dititah nungguan dialam manusa, diluareun nagara jin Lemah Pasagi. Rengse ngayakeun pesta nikah dialam jin, Nayakerti tuluy dititah mapagkeun Pangeran Nampabaya anu rek datang ti Mataram nyusulan dirina sangkan balik ka Mataram.
Sawaktu panggih deui jeung Nampabaya dihilir wahangan Cihea, Nayakerti dititah neang Lirbaya anu keur aya dialam jin di Lemah Pasagi. Singket carita sawaktu Pangeran Nampaya geus paamprok deui jeung Pangeran Lirbaya adina di sisi wahangan Cihea, Nampabaya ngajak adina sangkan balik ka Mataram, ngan Lirbaya narah, “ kang abdi mah parantos betah didieu sarta moal mulih deui ka Mataram” kitu jawaban Lirbaya ka lanceukna keukeuh moal balik deui ka Mataram. “ Duh rayi atuh papanggih jeung tatanya jeung akang teh ngan nepika wanci ieu, urang geus titis tulis bakal papisah salilana, “ cek Nampabaya ka adina, laju adi jeung lanceuk teh tuluy pagabrug paungku-ungku bari ceurik kusabab bakal papisah salilana, Nampabaya rek balik deui ka Mataram, ari Lirbaya rek netep di Cihea nilem di nagara jin Lemah Pasagi. Ti harita wahangan eta dingaranan Leuwi Cipatanya.
Pangeran Nampabaya tuluy mulih deui ka Mataram bari mawa babawaan meunang Pangeran Lirbaya, singket carita ka Sultan Mataram Amangkurat II Nampa Baya ngalaporkeun yen Lirbaya moal balik deui kusabab geus ngahiyang di Lemah Pasagi. Sultan Mataram tuluy ngeprikeun wadya baladna marentahkeun sangkan Pangeran Nampabaya nata nagara anyar di sisi wahangan Cihea, laju lalampahan muru nagri Cihea deui teh ngaliwatan heula palabuan Tegal make kapal laut tuluy ka Cirebon, ti Cirebon rombongan muru Garut bari reureuh heula didesa Nagara. Lalampahan dituluykeun ngaliwatan pagunungan diwewengkon Sukapura, Pamijahan, gunung Masigit, Pamucatan nepika wewengkon Pangkalan Cihea dina taun 1720-an, harita teh poe Saptu. Tuluy muka pasanggrahan  di wewengkon Pasanggrahan Cihea ayeuna.
Pangeran Nampabaya tuluy nempat-nempatkeun wadyabaldana nyaeta 15 kuren, lima kuren diparentahkeun ngajaga guha Walet di gunung Guha, lima kuren ngajaga tangkal Tangkolo, lima kuren deui ngajaga batu tumenggung, kabeh jumlahna aya 15 kuren. Nagara Cihea asalnamah teh di sisi Leuwi Pinggir, mangkalan didaerah Cihea ayeuna, pendopona didaerah Pasanggrahan. Samemeh beres pinagaraeun Pangeran Nampabaya ngangkat bupati Cihea munggaran nya eta Raden Nerangbaya putrana.  Raden Nerangbaya sanggeus jadi Bupati Cihea sok disebut Eyang Dalem Pasir.
Hiji waktu kadaleman Cihea kadatangan tamu di Jakarta,nyeta Raden Candrayasa alias Sogol, jeung anakna nyeta raden Candranata. Ku Nampabaya Raden Candranata ditikahkeun ka Raden Ayu Bengkulen. Dalem Pasir atawa Raden Nerangbaya mingpin Cihea lilana 50 taun, puseur dayeuh tuluy dipindahkeun ka lebah Batu Nunggul, Raden Nerangbaya tuluy nilem di Cihea, kalungguhan Bupati Cihea dipasrahkeun ka Raden Candranata, sanggeus marentah sababaraha taun Candranaya tuluy nilem kadieunakeun sanggeus nilem inyana sok disebut Eyang Semarang, kalungguhan bupati Cihea tuluy dipastahkeun ka raden Binarang Yuda Kusumah, ngan teu lila inyana oge tilem. Upeti kadaleman Cihea kungsi dibikeun ka kadaleman Bandung, sedengkeun wates kabupaten Bandung jeung kadaleman Cianjur dipisahkeun ku wahangan Cisokan . Pangna akhirna jadi bagian ti kadaleman Cianjur cenah kusabab Dalem Bandung eleh taruhan tina balap kuda jeung Dalem Cianjur.  Satuluyna kalungguhan Bupati Cihea dieusi ku sekeseler Dalem Cikundul nya eta Aom Habib, ngan darajat pamarentahan Cihea geus teu jadi deu hiji kabupaten deui kusabab diturunkeun ngan satingkat cutak bagian tina pamarentahan kadaleman Cianjur, puser dayeuhna oge dipindahkeun ka Ciranjang tuluy nagri Cihea diganti ngaranna jadi “Nagara  Kuta Pinggan”.
Dina katerangan sejenna timimiti taun 1912 Ciranjang asup jadi bagian ti kadaleman Cianjur, sedengkeun Cihea ngan saukur jadi ngaran desa bagian ti kacamatan Ciranjang. Ayeunamah desa Cihea teh kaereh ka kacamatan Haur wangi Kab. Cianjur, samemehna kungsi asup kana bagian kacamatan Bojongpicung Cianjur.
Sisillah Dalem Pasir Mataram / Rd. Nerangbaya / Wastunagara
Hartina Mataram : Mata jangan sekali-kali dilihat kepada yang haram.
(Rama) ti Raja Kuntoro Majapahit, : Nerang Baya bin Pangeran Nampabaya bin Pangeran Purbaya bin Prabu Kertawijaya bin Rd Suruh bin Rd Mundiwangi saibu sarama jeung Aria Banjaran rayina . Aria Banjaran rayina Rd Randukuning ti Mataram.
Ti Ibu. Sayyiditina Fatimah RA , Imam Husin  Sayydidita Fatimah , ka Imam Sajjad Zenal Abidin RA, ka Imam Zaenal Alam, ka Syeh Jumadil Qubro .
Syeh Jumadil Qubro kagungan putra Sayid jenal husein kagungan putra Sayid Muh Jumadil Qubro , kagungan putra dua nyaeta Syeh Maulana Ishak (walisongo), jeung Syeh Ibrahim Samarqondi. Syeh Samarqondi gaduh putra dua nyaeta 1. Raja Pandito, 2. Sunan Ampel.
Sunan Ampel gaduh putra 7 nyaeta :Siti Sariah, Siti Mutmainah, Siti Hafsah, Rd. Makdum Ibrahim, Rd Qosim, Dewi Murtasiah. Dewi Murtasimah ngadhup ka Rd Hasan/ Rd Fatah.   (ieu silsilah katampi ti kuncen makam H. Haeruman) 
 
 BABAD CIHEA VERSI YAYASAN WARGI CIKUNDUL
 “ Cihea, Tapak Kakawasaan Mataram di Cianjur. “
(Wahangan Cihea di desa Cihea, ngaranna dijadikeun ngaran kadaleman )
Cihea ayeuna mah ngan mangrupa salah sahiji pamarentahan desa di wewengkon kacamatan Bojongpicung Kab. Cianjur, Cihea oge ngaran wahangan badag anu ngamuara di Citarum. Lawang gintung ka Desa Cihea diantarana lembur Bantar Honje, sasak Bantarhonje ayeuna keur direhab basa poe Minggu (29/7) sawaktu sim kuring lalanto ka ieu pilemburan. Najan hawana masih keneh sejuk, leuweung masih keneh aya hejo ngeplokna, jalan desa ka ieu wewengkon rusak parna, sakolepatmah katempona pangwangunan ekonomi di ieu pilemburan teh masih keneh tinggaleun. Paimahanana masih keneh suasana lembur Sunda baheula, masih keneh loba imah panggung kayaning pondasina oge make tatapakan batu keneh atawa imah panggung anu kolongna dijadikeun kandang hayam.
Warga didinya taya nu nyaho yen dina mangsa abad 18 Masehi, Cihea kungsi jadi hiji kadaleman bawahan Kasultanan Mataram, ulah waka ka wargana heula, cacakan tokoh masarakatna oge saperti Otang (63) manten Kepala Desa Cihea dua periode ( 1980-1990 ) ngabige sawaktu ditanya sajarah Cihea “ Anu gaduh buku sajarah Cihea teh almarhum pun aki, tah eta buku teh teras ditambut ku penilik kebudayaan ti Dinas P dan K kacamatan, nanging teu diuwihkeun deui tos sababaraha taun dugika ayeuna, janten sim kuring oge pareumeun obor “ cek Otang anu keur humaregung keuna ku kasakit panon sawaktu dianjangan ku Galura diimahna di kampung Bantarhonje Desa Cihea Kac. Bojongpicung Cianjur, 15 Km ti puseur dayeuh Cianjur. Rada nenggang ti wewengkon ieu lembur, aya makam Bupati Cihea pernahna di ponclot gunung Cupu, kuurang dinya sakumaha dina nisana disebutna teh Embah Dalem Pasir Mataram jujuluk pikeun Raden Nerangbaya, kuncena oge henteu apaleun yen eta teh makam Raden Nerangbaya, da keukeuh boga pamadegan yen eta teh makam salah saurang wali anu sajaman jeung Sunan Gunung Jati.
Ti mana lalakon tapak Bupati Mataram anu kungsi aya di Cihea, aya hadena dimimitian ku ningal kana pamadegan sajarawan ti Univesitas Pajajaran Bandung (Unpad) Rieza.D. Dienaputra dina “ Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat “ ngebrehkeun yen nepika mangsa pamarentahan Bupati Cianjur Aria Wiratanudatar ka IV / Dalem Sabirudin (periode 1727-1761 M) disabudeureun Padaleman Cianjur masih keneh aya kadaleman sejen kayaning Padaleman Cipamingkis, Cikalong, Cibalagung, Cimapag jeung Cihea. Ngan nurutkeun katerangan buku Sejarah Kanjeng Dalem Cikundul anu dikaluarkeun ku Yayasan Wargi Cikundul tahun 1996 nerangkeun yen Kadaleman Cihea geus aya sawaktu Bupati Cianjur masih keneh diwengku ku Dalem Cikundul / Aria Wiratanu I / Bupati Cianjur I (1640-1686) sarta pusat pamarentah Cianjur oge harita sawaktu masih keneh di Cikundul.
Awalna-awalna tapak kakawasaan Kasultanan Mataram aya di Cianjur mimitina teu leupas tina kaayaan lemah cai mangsa harita. Diriwayatkeun, dina Taun 1645 di puser dayeuh Kasultanan Mataram sakumaha buku “ Sunan Giri “ karya Umar Hasyim taun 1976, Pangeran Aria Prabu Adi Mataram diistrenan jadi Sultan Mataram make gelar Susuhunan Amangkurat I (1645-1647). Ngan talajak Sunan Amangkurat I beda pisan jeung Sultan Agung bapana anu anti pisan Walanda, Amangkurat I mah justru ngaraketkeun maneh jeung Walanda, malah sakumna bawahanana salawasna dicuriga rek baruntak kamanehna. Korban kabengisan Sunan Amangkurat I, diantaran Pangeran Alit adina pituin nu dihukum pati, Bupati Cakraningrat I adi beuteungna Amangkurat I oge dihukum pati, malah 6000 ulama anu protes ku sikepna nu jauh tina agama ditelasan kalayan masal dialun-alun Kertasura, puseur dayeuh Mataram. Malah kusabab selirna anu panggeulisna nya eta Ratu Malang gede timburu sarta cua ka 43 selir sejenna, kalayan enteng Amangkurat I tuluy marentahkeun algojo sangkan ngahukum pati 43 selirna anu dipika cua ku Ratu Malang.   Kabengisan Amangkurat I lumaku oge ka Sultan Cirebon minantuna pituin, sabab sakumaha kanyataan sajarah, Kasultanan Cirebon ahirna serah bongkokan jadi bawahan Matarm, malah ahirna Sultan Cirebon / Pangeran Karim palastra dijero tahanan akibat dicuriga rek baruntak ka mitohana nya eta Amangkurat I, Pangeran Karim tuluy dikurebkeun di gunung anu mencil di Jogjakarta minangka hiji raja tahanan, tidinya Pangeran Karim dijuluk Panembahan Girilaya.
Kusabab Cirebon ahirna jadi bawahan Mataram, sakabeh wilayah urut jajahan Cirebon oge jadi milik Kasultanan Mataram, kaasup wewengkon sabudeureun Citarum lebah kulon. Kadaleman Cikundul (Cianjur) anu harita diwengku ku Dalem Cikundul masih keneh mangrupa kadaleman anu mandiri, ngan sakumaha talajak Amangkurat I anu salawasna curiga ka bangsana sorangan, manehna tuluy ngangkat satria Mataram ngaran Tumengung Nampabaya sangkan muka wilayah koloni Mataram lebah kulon wahangan Citarum pikeun ngamata-mata sakumna sikep pulitik para Bupati Sunda, saperti Dalem Cikundul, Dalem Cipamingkis, Dalem Cibalagung, jeung Dalem Cimapag boh bisi boga rencana nyusun kakuatan rek baruntak ka Mataram.Dina muka pamarentahanana Tumenggung Nampabaya ngabuka kadaleman Cihea, manehna make ngaran wahangan anu caina ngamuara ka Citarum nya eta wahangan Cihea, ahirna jadi Kadaleman Cihea bagian ti Mataram.
Dina ngajalankeun tugasna, Nampabaya dibantu ku adina pituin nya eta Tumenggung Lirbaya minangka Patih Kadaleman Cihea. Sangkan apal kadaerah sabudeureunana, Tumenggung Lir Baya tuluy ngayakeun silaturahmi ka para Dalem sejenna, tadina mah bari rek sakalian nalungtik jeung ngawas ti kadeuketan sikep pulitik para Dalem Sunda, kaasup Dalem Cikundul naha bener rek baruntak ka Mataram. Kacaritakeun, sanggeus raket deukeut jeung para dalem Sunda, Lirbaya ahirna boga kasimpulan yen Bupati Sunda teh teu aya anu boga maksud rek baruntak ka Sultan Mataram. Kukituna Lirbaya tetep ngajalin duduluran jeung para Bupati Sunda. Ngan raketna hubungan Lirbaya jeung para bupati Sunda teh mawa akibat goreng keur dirina, manehna ahirna dicuriga ku Amangkurat I rek milu ngadukung Bupati Sunda baruntak ka Mataram. Ku ayana kajadian kitu, Tumenggung Lirbaya ngarasa hanyelu, ngarasa difitnah ku Sultan Mataram susuhunanana sorangan, ahirna nurutkeun dongeng rahayat, Lirbaya tuluy nilem di hulu cai Cihea lebah Batu Jagur, manehna ngaleungit ninggalkeun alam nyata pindah ka alam jin. Narima kajadian kitu, Tumenggung Nampabaya ahirna sadar yen tuduhan Lirbaya rek baruntak ka Mataram teh teu ngabukti, malah anu puguhmah Tumenggung Lir baya teh geus hasil bisa ngajalin duduluran jeung sakumna Bupati Sunda. Sanggeus tilemna Lirbaya, Tumenggung Nampabaya kaserang kasakit parna, nu asalna tina rasa hanyelu dirina teu bisa ngabela nu jadi adi, nepika ahirna pipisahan jeung dirina. Nampabaya tuluy balik deui ka Mataram, nepika palastrana di Mataram. Kusabab geuring nangtung ngalanglayung.
“ Ari pamendak abdi mah kieu, Tumenggung Lir baya teh nilem kusabab nikah ka putri jin anu karajaannana aya di Hulu cai Cihea, teras sanggeus tilem. Tumenggung Nampabaya ngaraos hanyelu teras nyecebkeun iteukna. Teras tina liang urut nyecebkeun iteuk teh kaluar cai ngocor, anu ahirna jadi hulu wahangan Pananyaan. Dinamian wahangan Pananyaan kusabab ngagambarkeun lalakon Tumenggung Nampabaya anu tatanya kasasaha neangan adina anu ahirna aya katerangan yen Lirbaya geus nilem ka alam jin “ cek Wawan Kusmiran (36) tokoh pemuda Bojongpicung anu kabeneran apal kana dongeng rahayat kawinna Lirbaya ka putri jin anu karaton jinna aya di Batu Jegur.
“ Dalem Pasir Mataram “
     
(Makam Dalem Pasir Mataram / Raden Nerangbaya Bupati Cihea I di gunung Cupu Desa Cihea Kac. Haurwangi Kab. Cianjur)
Pikeun ngeusi jabatan Bupati Cihea anu kosong, Sultan Mataram ahirna ngangkat Raden Nerangbaya anakna Tumenggung Nampabaya jadi Bupati Cihea. Harita Nerangbaya minangka budak ngora anu anyar panganten, manehna ngadahup ka salah saurang juru tari karaton Kasultanan Mataram nya eta Raden Ayu Baron. Nerangbaya jeung Raden Ayu Baron samemehna henteu boga bayangan yen Kadaleman Cihea beda pisan jeung kahirupan karaton Kertasura anu sarwa lengkep jeung sarwa gampil nedunan kahayang duniawi. Sanggeus ngamukim di Cihea, kaayaan kadaleman Cihea anu walurat, bari loba leuweung geledegan keneh ahirna mawa goreng kana rumah tangga Bupati Cihea ieu, Raden Ayu Baron teu betah cicing di Cihea, manehna hayang hirup senang saperti kaayaan di karaton Kertasura, Mataram. Ahirna, Raden Nerangbaya jadi kaganggu dina marentah kadalemanana, antukna minangka pangkat Bupati wibawana nyilorot diantara bawahanna, kusabab manehna teu bisa ngokolakeun pamarentahan kadaleman, jeung teu bisa teges kanu jadi pamajikan. Puncak kajadian, ahirna Raden Ayu Baron nusud atawa kabur kalayan lelencepan ninggalkeun Nerangbaya salakina, tujuanna rek balik deui ka Mataram.
Eukeurmah kaayaan Kadelaman Cihea kitu, katambah-tambah aya kabar yen Sunan Amangkurat I kabur ti karaton Kertasura kusabab kadeseh ku pasukan pambaruntak Pangeran Trunojoyo anu didukung rahayat jeung ulama, Trunojoyo teh nya eta incuna Bupati Madura Cakraningrat I anu ditelasan ku Amangkurat I. Sunan Amangkurat I ahirna perlaya di wewengkon Tegal Arum sanggeus katarajang kasakit jiwa, inyana tuluy disebut Sunan Tegal Arum. Dalem Cikundul Bupati Cianjur milu prihatin ku kaayaan Kadaleman Cihea anu acak-acakan sanggeus ditinggalkeun ku Tumenggung Nampabaya jeung Tumenggung Lirbaya, kukituna demi rasa duduluranana jeung Lirbaya, inyana tuluy ngutus Raden Lumaju Wastu Nagara ti Cipamingkis pikeun nepungan Bupati Cihea Nerangbaya sangkan Nerangbaya daek nepungan Dalem Cianjur di Cikundul. Singget carita, Nerangbaya tuluy miang ka Cikundul, pikeun kalumangsungan pamarentahan kadaleman di Cihea tuluy dititipkeun ka Raden Lumaju Wastu Nagara.
Sanggeus titirah sababaraha waktu lilana di kadaleman Cianjur di Cikundul, sarta meunang piwejang ti Dalem Cikundul, Raden Nerangbaya ahirna ngarasa geus siap marentah deui kadaleman Cihea, ngan dumasar wejangan Dalem Cikundul manehna kudu neangan heula Raden Ayu Baron, muguhkeun heula status kulawargana. Singget carita, sanggeus upruk-aprak sarta tatanya kasasaha, Nerangbaya ahirna panggih jeung Raden Ayu Baron dina kaayaan geuring parna kacapean di lebah Parung Areuy lebah kuloneun sisi wahangan Citarum. Sanggeus duanaa silih hampura, sarta sadar ku kasalahanana sewang-sewangan, ahirna Raden Ayu Baron mulang kakalanggengan. Rengse ngurebkeun istrina, tiharita Nerangbaya tuluy marentah deui jadi Bupati Cihea kalayan Patihna Raden Lumaju Wastunagara.
Sewangan, di Mataram kajayaan Pangeran Trunojoyo ngan dua taun, inyana tuluy kaered ku pasukan Amangkurat II anu dibantu ku Walanda. Trunojoyo perlaya tiwas ditelasan  ku Amangkurat II anu ahirna diistrenan ku Walanda jadi Sultan Mataram. Ngan tangtu bae, bantuan ti walanda teh henteu cuma-cuma, ahirna sababaraha wilayah Mataram kudu dibikeun ka Walanda minangka buruhna, kaasup Kadaleman Cihea. Narima khabar kitu Bupati Cihea Nerangbaya narah narima, manehna boga pamadegan leuwih hade ngagabung jeung karajaan Gagang anu mangrupa konsorsium sababaraha kadaleman anu narah dijajah ku Walanda, karajaan Gagang teh dipingpin ku Dalem Cikundul, kalayan anggotana nya eta Dalem Cibalagung, Dalem Cipamingkis, Dalem Cikalong, Dalem Cimapag jrr. Sanggeus jadi bagian ti Karajaan Gagang, Bupati Cihea tuluy ngadahup ka Nyi Mas Karangan putrina Dalem Cikundul, sanggeus wafat Raden Nerangbaya dikuburkeun diponclot gunung Cupu anu ayeuna aya dina pamarentahan desa Cihea Kacamatan Bojongpicung Cianjur. Ku urang dinya Raden Nerangbaya disebutna teh Embah Dalem Pasir Mataram, malah ngaran Nerangbaya mah taya nu apaleun kaasup kuncen makamna.
Lalakon karajaan Gagang teu loba kacaturkeun deui dina sajarah, malah ti saprak kadaleman Cianjur diparentah ku Dalem Aria Wiratanu II / Dalem Tarikolot (1686-1707) Cianjur geus jadi bawahan Mataram, tuluy sanggeus dibikeun ku Mataram ka Walanda, kadaleman Cianjur jadi jajahan Walanda nepika mangsa pajuangan ngaraih kamerdekaan lemah cai taun 1945

        
              









                  SAJARAH “MAMAOS CIANJURAN”
        ku   R. A. HANAFIAH WIRADIREDJA
                             
                                          
Sapertos anu tos kauninga ku para wargi, seni Sunda Cianjuran dipikawanoh kusakumna urang Priangan, mangrupi sahiji sekeseler mamaos tina sakumna seni budaya nu aya di tatar Sunda sapertos ; CIGAWIRAN, CIAWIAN, GARUTAN, CIREBONAN ssjb.Kumargi sim abdi dilahirkeun di Cianjur tur tileuleutik hirup di Cianjur, kalawan ngagaduhan sifat resep tur mikadeudeuh dibareng ku rasa nyaah kana seni mamaos Cianjuran , jorojoy aya emutan hoyong maluruh sajarahna mamaos Cianjuran, ti iraha .?, taun sabaraha…?, aya mamaos Cianjuran, saha anu ngawitan ngulikna..??.

Kuayana eta patarosan-patarosan ngadorong sim abdi  ngawitan maluruh sajarah mamaos Cianjuran, sok sanaos mung ukur bekel tekad sareng kadeudeuh mulasara seni mamaos Cianjuran, sim abdi nyobi-nyobi nyusun ieu catetan “Sajarah Mamamos Cianjuran”, malah mandar aya manfaat kanggo balarea anu sami mikadeudeuh ieu seni mamaos. Namung sateu acanna neda agung nya paralun jembar pangaksama, rehna tangtos dina  ieu catetan sajarah teh seueur kakirangan, boh dina tatabasa, titimangsa oge sajarahna, rumaos tuna pangaweruh dina widangna kalayan bahanna oge mung saukur kengging tetelepek tumaros kapara sepuh sareng para ahli, anu kiwari tos teu aya dikieuna. Teu aya deui anu dipihareup, mugi ieu catetan “sajarah” janten hiji panggeuing sareng pangdorong ka para putu kiSunda anu akhli dina widang
sajarah kapayun kanggo nyusun hiji buku “sajarah” anu langkung euyeub sareng ilmiah.

Kukituna bilih bae aya pihak anu bade ngelereskeun, ngirangan oge nambihan timpah tipayun rewu nuhun anu kahatur.
Panutup hatur tinu nyusun, sakali deui neda agung cukup lumur jembar pangampura rumaos ku katunaan.

                                                                        Baktosna,
                                                          Rd. A. Hanafiah Wiradiredja (taun 1984)
 Rd. Hanafiah disebat oge Gan Emed (alm) ramana Yus Wiradiredja Doktor ahli Mamaos nu dumuk di Bandung dosen STSI Bandung. Nu nulis nampi ieu riwayat ti Pak Iskandar Wiradiredja putrana Gan Emed rakana Yus Wiradiredja.


                                 
                                           





ASAL MULA

Numutkeun katerangan anu kantos kakempelkeun ku pribados, nungawitan ngagali sareng ngamumule seni pantun nyaeta dalem Muhidin anu katelah Aria Wiratanu Datar IV bopati Cianjur ka V (1761~1776).Saparantos dalem Muhjidin pupus kabopatian diteraskeun ku putrana dalem Aria Enoh katelah Aria Wiratanudatar V, nyepeng kalungguhan bopati Cianjur ka VI (1776~1813).
Saleresna dalem Aria Enoh kagungan 17 rai, namung bade dua wae anu bade dipedar didieu, anu aya hubungananana sareng seni mamaos Cianjuran, nyaeta  R.Aria Wasitaredja (rai nomer 5), katelah dalem dina widang seni, sareng rai nomer 2 (isteri) jenengan Ny. Rd. Tanjungnagara. 
Dalem Aria Enoh (Aria Wiratanudatar V) anu ngulik kana amengan maenpo (silat)anu saterasna turun tumurun dugi ka R.H. Ibrahim, Cikalong kulon, anu saterasna nyiptakeun ameng Cikalongan. Ari rayina nu ka 5 nyaeta R. Aria Wasitaredja ngulik kana pantun-pantun dongeng raja-raja baheula, oge ngulik kana jejemplangan nyaeta mangrupi
mamaos, anu aya kakaitanana sareng sajarah raja-raja baheula.

Rayi dalem Aria Enoh anu isteri nyaeta Ny. R. Tanjungnagara ditikah ku hiji ulama ti Banten, anu ngarundaykeun putra-putu anu jaranten ulama anu kamashur, diantawisna nyaeta putuna jenengan R. Wiradiredja, patih Cianjur, anu saterasna diangkat janten bopati gelar,  R. Aria Prawiradiredja, saparantos ngecagkeun kalungguhanana linggih di Kaum, Cianjur katelah dalem Sepuh, dugi pupusna taun 1834.
Nalika jumeneng anjeunna ngaheuyeuk dayeuh tur nyesepuhan dina kaagamaan, tug dugi ka ayeuna Cianjur kawentar sareng janten babasaan dina tilu hal nyaeta ; Ngaos, Mamaos sareng Maenpo.

Wangsul deui kana mamaos anu katelah Cianjuran, sakumaha anu disebat diluhur nyaeta R. Wasitaredja (dalem Seni) anu teras-terasan ngulik mamaos, harita masih mangrupi papantunan - jejemplangan – dedegungan, anu saterasna ieu ulikan diteraskeun ku kapi putuna (putuna dalem Aria Enoh/Aria Wiratanudatar V) nyaeta aom Hasan (saparatos nyepeng kalungguhan bopati (1834~1862) katelah dalem Aria Kusumahningrat, kaceluk alim sareng sholeh kana agama, ngarundaykeun ulama-ulama di Cianjur. Sajabina ti sholeh dalem Aria Kusumahningrat, neraskeun ulikan eyangna (R. Wasitaredja)  dina widang papantunan-jejemplangan-dedegungan, dina hal ieu seueur pisan kaluarbiasaan dina hal elmu kabatinan sareng elmu kalahiranana, panjang teuing upami dipedar sadayana mah. Numutkeun carios anu turun tumurun, kabiasaan dalem Aria Kusumahningrat upami bade ngadangding hiji lagu jejemplangan, papantunan atanapi dedegungan estu tartib pisan, anjeuna tara lesot tina saum sareng wengina tara petot munajat ka Nu Maha Kawasa, kujalan nyepi diri di pancaniti sababaraha wengi dugika kenging ilham (wallahu alam kumaha),  kuseringna anjeunna ngisat diri dipancaniti dugi ka katelah dalem Pancaniti.

Salamina anjeunna tara linggih di kabupaten, kajabi upami aya kaperyogian sareng nepangan geureuha.Saparantos kenging ilham anjeunna teras lugay tipanyepian ngabujeng tempat panyimpenan gamelan, nu aya dipancaniti, teras nabeuh dugi ka parantosna.Saparantos reres ngagamelan lajeng anjeunna nyaur rai-raina anu tos biasa ngolah wirahma lagu.Ari rai-rai anu kamashur ngulik/nyipta lagu papantunan-jejemplangan-dedegungan sareng rarancagan dina rupi-rupi laras, aya tilu nyaeta : 1.R. Ardinegara, 2. R. Habib Kusumaadinegara,  3. R. Suriakusuma.

Dedegungan sareng rarancagan dugika kiwari seueur sareng sering keneh dimamaoskeun, numutkeun para seniman sepuh aya 28 lagu dedegungan ciptaan dalem Pancaniti (pangapunten teu acan kapaluruh).Dalem Pancaniti upami ngadangding lagu sok nyandak lalakon dina jaman “PAJAJARAN MURBA”, sapertos ;
1. Waktosn Dewi Asri bade nepangan panutanana R. Mundinglaya disisi 
    walungan Cikoleberes (daerah Bogor ayeuna), anu mana Dewi Asri sateu 
    acan nepangan R. Mundinglaya sok metik heula kekembangan ti taman 
    diiring para emban, sanggakeuneun ka R. Mundinglaya.
    Ieu lalakon ku dalem Pancaniti disanggi janten lagu “ Mupu Kempang”.

2. Saparantos R. Mundinglaya tepang sareng Dewi Asri, teras sempal   
    guyon    anu akhirna
    R. Mundinglaya unjukkan ka Dewi Asri, yen anjeuna nampi timbalan ti 
   jeng rama nyaeta Prabu Siliwangi, ngemban tugas kedah nyusul kawiati 
   pikeun ngala Layang Sasakadomas kanggo  tumbal nagri Pajajaran. 
   Lalakon ieu ku dalem Pancaniti disanggi janten lagu “Pangapungan”.

Kacapi anu sok dianggo dina jaman dalem Pancaniti disebat “Guling Putih”, saur dalem Pancaniti ;
Guling Putih mah
Kawatna matak tibelat
Tutup kacapina matak marungkawut
Inangna sok mawa dangiang
Liangna matak ngahudang rasa
Puretna matak nineung
ari kelungna matak kaduyung..!!

Sadayana lagu-lagu dangdingan dalem Pancaniti, saparantos diolah deui ku para saderekna lajeng diwulangkeun ka wargi-wargi landes, istuning rikip pisan ngawulangkeunana, teu kenging bocor kaluar kabupaten, estu kanggo kulawargi kabopatian bae. Sumber : catetan ; R. Ibrahim Obing, panghulu kapungkur, anu pupus di Tanggeung,  Cianjur taun 1942. katerangan ; R. H. Ipung Prawirasudibja, katua Komisi Sajarah kabupaten  Cianjur, pupus 3 Mei 1970.

 JAMAN DALEM ARIA PRAWIRADIREJA II (1864 ~ 1910)

Saba’da dalem Pancaniti pupus (1862) kalungguhan bopati diteraskeun ku putrana Aom Alibasah katelah dalem Prawiradiredja II, sok disebat oge dalem Marhum. Dina jaman dalem Aria Prawiradiredja II, kabudayaan dina widang seni tambih majeng sareng jembar,
Kumargi dalem Aria Prawiradiredja II ngala ka rama resep sareng nyaah kana kasenian.
Sajabina tina mamaos, dalem Aria Prawiradiredja ngayakeun pangajaran ngibing dipirig ku gamelan, sesepuhna waktos harita nyaeta R. Ece Madjid, buyutna Aria Wasitaredja, ari nu ngibingna jaman harita sadaya pangreh praja sapertos, patih, para wadana, para camat  aya oge sawatara padamel kabupaten, malihan waktos harita mah upami aya wadana atanapi camat anu teu tiasa ngibing kalintang matak aebna.
Dalem Aria Prawiradiredja II kagunganan dua parangkat gamelan rampasan, nyaeta si Arum sareng si Malati. Dalem oge miara hiji “Badaya”, wanoja anu tiasa nyirimpi kanggo nyarengan para pangibing pameget. Sajabani kana ngibing dalem oge seneng sareng mulasara seni Wayang Golek, harita unggal malem Minggu sok aya pagelaran di kabupaten.
Dalang anu sohor jaman harita  nyaeta R. Karta ti Warungkondang, anu biasa janten juru kakawenna harita teu aya sanes R. Ece Madjid.
Waktos jaman dalem Aria Prawiradiredja aya tilu inihong dina widang mamaos nyaeta ;
1. R, Djajawiredja
2. Aong Djajalahiman
3. R. Ece Madjid

Asihna dalem ka R. Ece madjid langkung-langkung ka nu sanes, kumargi katiasana dina widang seni langkung onjoy tinu sanes. R. Ece Madjid sajabina anu parantos kasebat tipayun, sajabina tina mamaos, ngacapi, rebab sareng suling anjeuna tiasa oge nabeuh alat musik barat sapertos, gitar, piano sareng biola. R. Ece Madjid sering mintonkeun katiasana midangkeun lagu-lagu dedegungan ku piano. Kaistimewaanana R. Ece Madjid dina perkawis ngadangding lagu, kanggo kawih atanapi kanggo biantara dalem sok tiasa didadak harita keneh. Ieu kaahlianna nurun ka kapi alo anjeunna di Pasarbarau, Cianjur nyaeta R. Didi.Dina jaman harita papantunan, jejemplangan sareng dedegungan tambih jembar, namung bae masih diwanti-wanti teu bocor kaluar kabupaten, nya kitu anu diajarna mung wargi-wargi dalem anu lalandes.

Aya paripaos, piring oge sok paketrok sareng pisin, nyakitu deui harita duka naon alatanana dalem bendu pisan ka R. Ece Madjid, dugika sababaraha lamina R. Ece Madjid tara diajak nyarios, tara ditaros ku dalem, anu teu dipikahartos ku R.  Ece Madjid naon alatanana, naon kalepatanana ka dalem. Bakat ku bingung R. Ece Madjid harita lunta ka pakidulan ngabujeng ka R. Nitikusumah anu waktos harita janten wadana Sindangbarang (harita namina Cidamar) kenging sababaraha minggu natamuna di Sindang barang.
Dina taun 1880 pangersa dalem ngersakeun bubujeng (moro) banteng ka pakidulan disarengan ku kapi saderekna  R. H. Ibrahim Obing anu harita janten halipah di Sindangbarang, R. H. Ibrahim Obing parantos biasa nyarengan dalem upami bubujeng, margi R.H. Ibrahim Obing kawentar pamatang kahot, sareng kaanggo ku dalem.R.H. Ibrahim Obing kawentar oge jago maenpo asuhan/murid R. Ibrahim di Cikalong.Saparantos dalem jengkar moro, dalem katambias teras naek ka hiji pasir anu rada luhur, maksadna milari jalan, eta pasir disebatna Pasir Leuweung Cipondok.

(Makam Rd.Etje Madjid di Kp. Pamoyanan Tonggoh Kel Pamoyanan Kec. Cianjur Kab. Cianjur)

Barang dugika punceur pasir dalem kagagas ninggali kaendahan alam, plung plong matak waas, katinggali laut kidul ombakna pating suruwuk, kasorot cahaya panon poe pating gurilap. Harita dalem ras emut ka R. Ece Madjid, teras dalem nimbalan salah sawios pangiring supados milari R. Ece Madjid, anu diwaler ku R. Ibrahim Obing, yen R. Ece Madjid kaleresan nuju natamu di R. Nitikusumah, di Sindangbarang. Enggalna R. Ece Madjid sumping ngadeuheus dalem di Pasir Leuweung Cipondok.Barang prok R. Ece Madjid pendak sareng dalem, gapruk dalem ngarangkul ka R. Ece Madjid bari nangis, saterasna saparantos lubar kasono, dalem miwarang ka R. Ece Madjid kanggo ngadamel rumpaka kaendahan alam anu katinggal harita. Kalayan henteu talangke R. Ece Madjid harita keneh
ngagalantang ngebrehkeun kaendahan alam harita.
Rumpaka laut kidul sanggian R. Ece Madjid sadayana aya 27 pada, mung hanjakal teu kapapay laratan sadayana.
                                                                         

Dina hiji waktos dalem Aria Prawiradiredja nampi uleman ti dalem Bandung R. Kusumadilaga, anu katelah dalem Karang Anyar. Dalem Bandung sami-sami seneng kana mamaos. Dalem Cianjur harita angkatna mung disarengan  ku R. Ece Madjid, anu biasana sok disarengan kudua panyuling nyaeta pa Rais mun henteu pa Ahim asuhan R. Ece Madjid, anu harita mah masih barujangan.
Sadugina ka Bandung dalem Cianjur ditampi kalayan kabingahan ku dalem Bandung, harita dalem Bandung parantos sasayagian ngempelkeun para ahli mamaos urang Bandung, reres biantara pangwilujeng disambung ku mamaos pangbagea ka tamu, giliran tatamu ngawaler mamaos pangbagea. Dalem Aria Prawiradiredja rada ewed kumargi harita teu nyandak juru suling, lajeng masihan isarat ka R. Ece Madjid,  R. Ece Madjid teu talangke lajeng mundut widi ka pribumi bade nambut piano nu aya dikabupaten, saba’da diwidian ku dalem R. Kusumahdilaga, lajeng R. Ece Madjid ngalagukeun lagu-lagu dedegungan nganggo piano.
sadaya hadirin teu aya anu henteu colohok, rehna nembe nguping, lagu-lagu dedegungan dimaenkeun ku piano. Sateucan ngecagkeun kalungguhan bopati dalem Aria Prawiradiredja II, kantos kaselir dianugrahan “Bintang Oranye Nasau” kupamarentah Walanda, anu didugikeun ku Residen di Bandung.
Kuaya kitu dalem Aria Prawiradiredja II kedah angkat ka Bandung kanggo nampi ‘bentang”, harita oge nya kitu mung disarengan ku R. Ece Madjid.
Singkatna barang dugi ka Kersidenan di Bandung, harita tos hempak bara bopati sa-Priangan sareng para tamu kanggo ngawilujengkeun ka dalem Prawiradiredja II, saparantos ngempel sadaya para tatamu, haleuang bopati Bandung biantara dina rumpaka pupuh Dangdanggula, ngawilujengkeun sareng ngiring bingah ka bopati Cianjur.
Reres biantara bopati Bandung, dalem Aria Prawiradiredja II, ngisaratan ka R. Ece Madjid supados ngawaler kana biantarana bopati Bandung.
Lajeng R. Ece Madjid ngadeg teras ngawaler kana biantara pangwilujeng bopati Bandung, kalayan didadak harita keneh. Rengse biantara waleran ger emprak asa kaeundeur gedong kersidenan, malah tuan Residen mah dugika gogodeg, bakat ku kataji.

NYEBARNA MAMAOS KABALAREA
Saparantos dalem Aria Prawiradiredja lungsur tina kalungguhan bupati, kalungguhan bopati diselang ku Patih Demang Natakusumah salami dua taun, dalem Aria Prawiradiredja II pupus dina taun 1920.
Salajengna kalungguhan bopati Cianjur dicepeng ku R. Muharam Wiranatakusumah (1912~1920), anu kawitna camat Cibeureum, Tasikmalaya.
Tingawitan harita mamaos Cianjuran dipiwanoh kubalarea. Harita R. Ece Madjid linggih di Pasarbaru Cianjur, ngawitan ngawulangkeun mamaosna di Pasarbaru, Cianjur ka kandang wargi landes.
Harita anu langsung kawulang ku anjeuna teu aya sanes ;
  1. R. Yasin
  2. R. O. Natanagara
  3. R. Idroes Wiradiredja
  4. R. Muhjidin Wiradibrata
  5. R. Cicih Wiradiredja
  6. R. Encang
  7. R. Ipung Prawirasudibdja
  8. R. Didi, sareng seueur deui anu teu kacatet.

Wuwuh lami, tambih mashurna mamaos Cianjuran, wuwuh seueur anu sarumping ngalap elmu mamaos ka R. Ece Madjid.Saparantos ngawulang mamaos ka para wargi di Pasarbaru, R. Ece Madjid lajeng ngawulangkeun elmu mamaosna kaluar ti Pasarbaru, Cianjur, nya eta kapara padamel Pakauman, diantawisna ;

  1. R. Muhammad Djuwaeni, panghulu Sukabumi (dina taun 1916 nyanggi  kawih “Kentar Ayun”)
  2. R. H. Husen……………., panghulu Bogor
  3. R. Ibrahim Obing (dina taun 1921 nyanggi “Pangkur Madenda”)
  4. R. H. Mahmud, Naib Cisaat (dina taun 1916 nyanggi “Kentar Cisaat”)
  5. R. Kartayaman ……..
  6. R. Mani ………….
  7. R. Dudu ……….
  8. Rais …..
  9. Ahim ….
  10.  Ibu Anah, garwa R. Bohari …….., Komis kabupaten
  11.  R. Uci Sasnusi, teras ngalih damel ka Bandung
  12.  R. Isa …… (Aang Isa)
  13.  R. Enti ….., kalipah Cilaku
  14.  R. Ondang
  15.  R. Cacih Djarkasih, Kaum, Cianjur, harita nembe umur 11 taun, mung henteu lami
kumargi R. Ece Madjidna kabujeng pupus, mung kawulang jejemplangan-papantunan-sareng dedegungan. Saterasna mah R. Cacih Djarkasih ngalap elmu ngacapi ka bapa Askaen tukang kacapi kahot di Cugenang.Tambih dieu tambih seueur anu ngaguru mamaos Cianjuran ka R. Ece Madjid, sajabina ti ngaguru mamaos oge aya anu ngaguru nyuling, diantawisna Rais sareng Ahim.
Anu ngaguru tambih nambihan kuayana kasumpingan dalem Wiranatakusumah dalem ti Bandung anu harita disarengan ku kalipah Apo, R. Ihot, R. Emung Purawinata, sareng bapa Uce  tukang kacapi ti Sasakgantung, Bandung.Sadaya rombongan diwulang ku R. Ece Madjid disaksian ku R. Ipung Prawirasudibja.Bapa Uce saparantos diwulang R. Ece Madjid tambih lami tambih sohor di Bandungna.Sadaya anu kantos diulang ku R. Ece Madjid, ngawulangkeun deui ka muridna, kitu sareng kitu, dugi ka ieu seni mamaos Cianjuran, sumebar sa Pasundan.
                                           












TRADISI KUDA KOSONG
Disusun tina sababaraha sumber ku Luki Muharam Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).
Tradisi Kuda Kosong matuh digelar saban milangkala Kabupaten Cianjur unggal tanggal 12 Juli, umur tradisi Kuda Kosong ampir sarua jeung umur Kabupaten Cianjur 336 taun. Tradisi ieu mangrupakeun kariaan warga Cianjur warisan mangsa Bupati Rd. Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala / Dalem Tarikolot (1691-1707) anu meunang anugrah ti Sultan Mataram Amangkurat II (1680-1702) di Kertosuro Jawa /Solo Jawa Tengah ayeuna. 
Mangsa harita pulo Jawa masih keneh aya dina kakawasaan penjajahan Mataram ti jaman Sultan Agung / Rd. Mas Rangsang (1613-1645), Sunan Amangkurat I / Rd.Syahidin (1645-1677) nepika jamanna Sunan Amangkurat II / Rd.Ameral (1680-1702). Kitu oge tatar Sunda, sababaraha karajaan gede ahirna tunduk ka Mataram kayaning Galuh taun 1595 , Sumedang Larang taun 1620 , Kasultanan Cirebon jeung kabupaten-kabupaten lainna tunduk ka Kasultanan Mataram anu asalna jadi rebutan antara Banten, Cirebon jeung Sumedang Larang.
Kabupaten Cianjur mangsa Dalem Aria Wiratanu II kakarak pisan ngadeg, puser dayeuhna masih keneh di lembur Pamoyanan,  pendopo bupati mangsa harita masih keneh di lokasi gedong Bale Rancage ayeuna, waragadna oge basajan pisan masih keneh imah panggung, tacan kapangaruhan ku gaya arsitektur Walanda. Dalem Aria Wiratanu II disebut oge Dalem Tarikolot, asalnamah salah saurang senopati di kabupaten Cibalagung anu dipingpin ku Aria Natamanggala I Bupati Cibalagung anu diangkat ku Sultan Agung Mataram kalayan gelarna Rd. Mas Babad Angsal atawa Satria Kinayungan.
Dalem Tarikolot nami gumelarna mah Rd. Wiramanggala, inyana putra cikal Dalem Cikundul /Aria Wiratanu I, dijadikeun senopati di Cibalagung kusabab dipernahkeun ku ramana, ari Natamanggala I Bupati Cibagalung kaitung masih  adi angkat Dalem Cikundul, kusabab ramana Natamanggala I nyaeta Sunan Girilaya adi sapaguron Dalem Aria Wangsagoparana ramana Dalem Cikundul sawaktu duanana masantren di Pasantren Amparan Jati Cirebon dina mangsa Sultan Cirebon Panembahan Ratu I / Pangeran Mas ( 1570-1649) buyutna Sunan Gunung Jati Cirebon.    
Sawaktu jadi senopati di Cibalagung, Rd. Wiramanggala nyongcolang pisan komarana kusabab pinter jeung tarapti mereskeun tugas-tugasna nepika wibawana dianggap sajajar jeung Dalem Cibalagung Natamanggala, antukna duanana rebutan pangaruh pikeun jabatan Bupati Cibalagung. Hal ieu mawa kahariwang Dalem Cikundul boh bisi kajadian perang sadulur, kukituna ku Dalem Cikundul, Rd. Wiramanggala dijurungkeun sangkan muka pamarentahan sorangan, anu ahirna muka pamarentahan Kabupaten Cianjur ti mimiti taun 1691.
Mangsa pamarentahan Dalem Aria Wiratanu II, aya dina transisi dua kakawasaan penjajah nyaeta Kasultanan Mataram jeung Belanda. Kasultanan Mataram ti jaman Sunan Amangkurat I raket pisan jeung Belanda, matak kitu teu heran loba pambaruntakan dimamana, katambah-tambah talajak Sunan Amangkurat I anu bengis tur curigaan pisan ka bangsna sorangan boh bisi rek ngarebut tahta, malah kulawargana sorangan loba anu dibunuh ku manehna, puncak kabeginsanana sawaktu ngabunuh rebuan ulama ahli waris walisongo anu dianggap rek baruntak. Sunan Amangkurat I digulingkeun ku Trunojoyo pahlawan asal Madura anu malespati ka Sunan Amangkurat I kusabab kabeh kulawarga di bunuh,tarekah Trunojoyo ngarebut tahta Sultan Mataram dibantuan ku Kraeng Galesong raja ti Makasar, Sulawesi. Sanggeus ngarolos nyalemetkeun diri ti karaton, Sunan Amangkurat I wafat di Tegal Arum inyana diracun ku anakna nyaeta Rd. Ameral anu hayang jadi Sultan, nepika ayeuna Amangkurat I disebut oge Sunan Tegal Arum, kusabab dimakamkeun di lembur Tegal Arum nu ayeuna kaereh ka Desa Pasarean, Kec. Adiwerna Kab. Tegal Jawa Tengah.
Pangeran Trunojoyo teu lila jadi Sultan Mataram inyana marentah ti taun 1677- 1680, Trunojoyo digulingkeun tuluy di bunuh ku Raden Ameral anakna Sunan Amangkurat I anu didukung ku Belanda. Sanggeus jadi Sultan Mataram Rd. Ameral make gelar Sunan Amagkurat II. Sawaktu diangkat jadi Sultan Mataram, Amangkurat II geus masrahkeun sababarah kabupaten di pulo Jawa ka Belanda minangka males jasa ngabantuan dirina, diantarana daerah pantura tatar Sunda. Kacaritakeun hiji waktu Amangkurat II ngirimkeun Rd. Ronggo utusanana ka Cianjur sangkan nepungan Dalem Aria Wiratanu II. Rd. Ronggo nepikeun amanat Sunan Amangkurat II anu nitah Bupati Cianjur sangkan datang seba ka Sultan Mataram anu nandakeun kabupaten Cianjur serah bongkokan jadi bagian ti kakuasaan Mataram. Dina jaman Dalem Cikundul wewengkon Cianjur taya anu ngajajah kusabab Belanda keur geten mantuan Amangkurat I mareman pemberontakan-pemberontakan di Jawa Tengah jeung Jawa Timur, sedengkeun Kasultanan Cirebon geus teu aya hubungan deui jeung Cianjur, sabab ahirna Cirebon oge serah bongkokan ka Mataram kitu deui Sumedang Larang.
Narima parentah Sunan Amangkurat II sangkan seba ka Mataram , Dalem Aria Wiratanu II ngarasa perlu ngabadamikeun heula jeung adi-adina anu harita jadi penasehatna di pendopo kayaning Rd. Natadimanggala /Dalem Aria Kidul jeung Rd. Wiradimanggala / Dalem Aria Cikondang  jrrd.  Nurutkeun Babad Cianjur nu disusun ku Syarifah Didong taun 1971 ngeceskeun yen ahirna Bupati Cianjur harita serah bongkokan ka Sultan Mataram ngaliwatan Serat Kalih anu dibawa ku Dalem Aria Kidul ka Mataram. Surat Kalih eusina kieu :


Serat Kalih Sembah Pangabakti :
Medal saking iklasing wedaya, abdi dalem Sunda Kilen kang dahat budi punggung,kangte senggah pasiten gusti. Kita Ing Pamoyanan tepining Cianjur Aria Wiratanu II, mugi konjuk ing dalem Kanjeng Sinuhun Ing Mataram sasampuning kadya sapu niki.
Kebak Dalem nyaoskeun raga, nagri sareng isine, pitik katur sumangga kersaning dalem,kaula darma teungga, ayahan pakulun.Cipta Ulun kumaula sing dalu, mun nyadong adoh jeung Gusti sumangga raga kasrah
Anu pihartieunana nyaeta Bupati Cianjur masrahkeun negri Cianjur sapangeusina nepika meuri jeung hayam oge rek dipasrahkeun ka Sultan Mataram. Dina surat eta ditandeskeun yen saupama Bupati Cianjur sulaya kana jangji baris siap narima hukuman ti Sultan Mataram.
Proses nyieun Surat Kalih oge teu sagawayah, samemehna Dalem Aria Wiratanu II barembag jeung rayi-rayina dipaseban pendopo. Sanggeus barembag antukna diputuskeun yen Rd. Natadimanggala / Dalem Aria Kidul ditugaskeun yieun eta surat jeung nganteurkeun surat ngawakilan Bupati Cianjur ka Kertosuro nepungan Sunan Amangkurat II. “ Eh Ari Adi Aria Kidul, naha mana ngeunah-ngeunah teuing, kakang teh taya bisa kitu, ieu rasa serat moal gagal. Jeung deuih mungguh kakang taya deui nu patut mawa ieu serat iwal ti rayi pribadi ngawakilan kakang, “ cek Dalem Aria Wiratanu II ka Aria Kidul adina. “ Sumuhun timbalan kakang, tadinamah manawi ieu pun adi Aria Cikondang, peupeuriheun atuh midamelna teu kersa, kari mawana atuh piraku, “ cek Aria Kidul semu guyon ka Dalem Aria Cikondan adina. “ Tah kaulamah embung, da kakang ge ngarti, ngan bisi urang Jawa kumeta,bisi aya gajah meta munding ngamuk kula bagianana, “ cek Aria Cikondang. Kitu diantarana dialog Dalem Wiratanu II jeung adi-adina sawaktu nyusun Surat Kalih.
Surat Kalih dibungkus lawon bodas sakumaha kabiasaan harita saumpama ngirim surat ka Sultan Mataram , berangkatna Aria Kidul ka Mataram oge dikawal puluhan prajurit pilihan sarta babahan saperluna. Lalampahanana naek kuda, diperkirakeun lilana tilu bulan kusabab kondisi jalan harita,masih keneh loba leuweung geledegan anu ditempatan mangpirang-pirang binatang gangas. Unggah gunung turun gunung, mipir pasir, mapay cadas lungkawing, bari sakapeun dipegat ku para begal sarta kudu daek tarung heula meruhkeun serangan begal.
Sawaktu nepika ka karaton Kertosuro, kabeneran harita keur karumpul para bupati bawahan kasultanan Mataram ti mamana diuk mendeko nyanghareupan Sunan Amankurat II, Serat Kalih langsung ditepikeun ngaliwatan papatih. Sanggeus maca eta surat, Sultan Mataram kataji pisan “  He Wong Sunda, kang medi iki tulisan, utusan Pamoyanan bagja satemenna kamu raden Pangiarsa,” ceuk Sultan Mataram anu nitah sangkan Dalem Aria Kidul madep langsung ka hareupan Sultan. “Nun Paduka, abdi dalem dinuta kakang, nyaoskeun sembah baktos, ping kalih welingipun mulewatan sowan, pribadi saking katahwagelan teu kiat lumaku,” cek Dalem Aria Kidul bari ngahaturkeun sembahna. “ Sun tarima persetya kakang ngireki, lawan sun tarima sun hakenmintera, “ cek Sultan Mataram. Samemeh miang deui ka Cianjur, Sultan Mataram ngabahanan hadiah anugrah ka Dalem Aria Kidul mangrupa pisalineun sapangadeg jeung hiji pendok emas.        
Dina sejen versi nandeskeun yen satemenna Kabupaten Cianjur teu kungsi tunduk ka Kasultanan Mataram, najan harita kondisi ekonomina walurat kusabab umur kabupaten oge tacan sababaraha lila, dibandingkeun jeung kakuatan Kasultanan Mataram anu gede sarta didukung Belanda. Dalem Aria Wiratanu II tetep ngutus Dalem Aria Kidul adina mawa Surat Kalih ka Mataram ,ngan nepika ayeuna tacan kapaluruh serat kalih anu eusina beda pisan jeung Serat Kalih nu tadi. Malah Dalem Aria Wiratanu II ngabahanan beas tilu siki, pedes tilu siki jeung pare tilu siki keur Sultan Mataram anu hartina yen najan Cianjur tacan bisa ngawangun kamakmuran siga Kasultanan Mataram,tetep boga harga diri, saumpama aya kakuatan anu ngajorag ka Cianjur moal burung teu dilawanan, kitu symbol siki pedes jeung lainna anu dibawa ka Sultan Mataram.
Sultan Mataram, apaleun pisan kana kaayaan Cianjur, sarta rek ngaraketkeun duduluran jeung Cianjur lain rek ngajajah. Kukituna sawaktu Dalem Aria Kidul miang deui ka Cianjur inyana dibahanan hadiah bikeuneun ka Bupati Cianjur kayaning kuda Eropa jalu, keris ditaratas inten berlian boga Sultan Mataram ,malah eta keris teh langsung dicabut tina cangkeng Sultan, nu katilu tangkal Saparantu. Cianjur pikeun Sultan Mataram kaasup istimewa disaruakeun jeung Banten katut Cirebon,sabab cek ieu riwayat daerah anu kungsi dibere tangkal Saparantu di tatar Sunda ngan Cianjur, Banten jeung Cirebon.
Kuda jalu Eropa ngandung suluk anu hartina Cianjur kudu ngaronjatkeun pangwangunan sangkan gancang ngajaul karaharjaan, gancangna lir ibarat lumpatna kuda Eropa anu harita kasohor boga dedegan jangkung gede tur balap lumpatna. Ari tangkal Saparantu teh tangkal anu umurna bisa abadi, hal eta ngandung suluk yen kabupaten Cianjur kudu abadi salilana. Sedengkeun suluk keris Sultan Mataram, nandakeun raketna hubungan duduluran Mataram jeung Cianjur,malah dina suluk eta keris ngandung harti yen saha wae anu bakal ngarurug Cianjur bakal di lawan ku Mataram.


(iring-iringan Kuda Kosong biasana digelar dina pawai pembangunan anu ngurilingan kota Cianjur unggal milangkala Kab. Cianjur. Foto ti Intenet)

Gugurna Dalem Aria Cikondang jeung pemberontakan Prawatasari
Ngan henteu kabeh gegeden Cianjur saluyu kuayana hubungan hade jeung Mataram. Dalem Aria Cikondang anu boga watek dedegler katambah-tambah ahli maenpo jeung kadugalan teu panuju pisan kuayana hubungan raket Cianjur jeung Mataram kusabab Mataram raket jeung Belanda, ngan hanjakalna riwayat gugurna Aria Cikondang nepika kuburanana aya tilu di wewengkon Cibeber taya anu ngaguar dina sababaraha buku babad Cianjur. Dina sumber tradisional dicaritakeun yen jasad Dalem Aria Cikondang dibagi tilu, mastakana dikurebkeun digunung Pucung, ragana dikurebkeun di sisi wahangan Cikondang Cibeber, dampal sukuna di kurebkeun digunung Wesi,hal eta kusabab Aria Cikondang ngagenggem ajian pancasona, cenah anu ngagenggeum aji pancasona awakna teu neurak ku pakarang jeung pelor, jeung teu bisa paeh, hiji-hijina syarat cenah jasadna kudu dipisah-pisah. Anu jadi patanyaan, naha aya hubunganana atawa henteu sikep Dalem Aria Cikondang anu anti Mataram jeung Belanda jeung pambaruntakan Haji Prawatasari ka Belanda dijaman Dalem Aria Wiratanu nepika jaman bupati Cianjur Dalem Aria Wiratanu III/ Rd. Astramanggala (1707-1727).
Haji Prawatasari berontak ti taun 1703 nepika taun 1707,inyana ahirna dihukum pati di alun-alun Kertosuro ku Belanda tanggal 12 Juli 1707. Nurutkeun panalusuran Yoseph Iskandar sawargi, negeskeun yen saenyana Prawatasari teh anak bungsu Dalem Cikundul,ngan kusabab baruntak ka Belanda silsilahna dihapus tina rundayan Dalem Cikundul kusabab mangsa harita hiji aeb saumpama boga dulur atawa kulawarga anu baruntak ka Belanda, dianggapna teh karaman / rampog, saperti sebutan Belanda ka Ki Bagus Rangin nyaeta Karaman Van Java, anu lumaku oge ka Pangeran Diponegoro jeung Prawatasari.
Sigana ha lieu oge lumaku ka Dalem Aria Cikondang anu sejarahna taya nu mikawanoh saolah ngahaja dihapus. Bisa wae Aria Cikondang ngagabung jeung Prawatasari baruntak ka Belanda, nepika inyana jadi buronan Belanda saperti halna Prawatasari. Ngan perjuangan Aria Cikondang ahirna tamat sanggeus Belanda mere ultimatum ka Aria Cikondang, yen bakal nyangkalak Bupati Cianjur saumpama Aria Cikondang teu daek masrahkeun diri ka Belanda. Rd. Wiradimanggala / Aria Cikondang ahirna masrahkeun diri ka Belanda pikeun ngabelaan lanceukna anu jadi Bupati Cianjur, ha lieu oge dilarapkeun ku Belanda ka Prawatasari,mangsa harita para Bupati di tatar Sunda diancam saumpama teu bisa nyangkalak Prawatasari dina tempo 6 bulan baris dicangkalak ku Belanda dianggap sakongkol jeung perjuangan Prawatasari. Ahirna Prawatasari milih meuntas ka Jawa Tengah, melaan para Bupati di tatar Sunda.
Sawaktu masrahkeun diri ka Belanda, laju Dalem Aria Cikondang dihukum pati dihareupeun regu tembak,ngan weleh taya hiji oge pelor anu bisa teurak kana awak Aria Cikondang. Malahmah ceuk ieu riwayat Aria Cikondang kalahkah ngeunah seuri ningali anggota regu tembak anu taak teu bisa ngalaksanakeun hukuman kusabab inyana weduk, kitu deui sawaktu ditugel mastakana ku algojo, nepika mastaka Aria Cikondang ngagorolong ka taneuh pisah jeung ragana,tapi kusabab inyana ngagenggem elmu pancasona geutihna anu ngeclak kana bumi / taneuh ngajadikeun raga anu asalna misah di tugel teh nyambung deui, nyambung deui jagjag walagri deui,nepika algojo pasrah teu bisa walakaya.
Ngan dasar taya elmu anu panutup, teu lila aya hiji demang urut batur saguru jeung Aria Cikondang anu mere bongbolongan sangkan Belanda bisa maehan Dalem Aria Cikondang, nyaeta kudu nyangcang awak Aria Cikondang suku jeung sirahna bari ditarik ku sababaraha kuda anu pasilan-silang arahna. Tarekah kitu teh kudu dilaksanakeun wanci tengah poe, sarta dilaksanakeun di luhureun cai wahangan anu ngamalir supaya sanggeus pegat awakna Aria Cikondang, getihna bisa dipalidkeun ku ngamalirna cai moal kungsi getihna ngeclak na taneuh.
Sanggeus Mataram ngalaksanakeun saran ti Demang anu hianat, Aria Cikondang gugur, ragana anu dicangcang beuheung jeung sukuna kabagi dua sanggeus ditarik ku sababaraha kuda dimasing-masing dipeuntaseun wahangan Cikondang di Cibeber Cianjur. Raga Aria Cikondang/ Rd. Wiramanggala mastakana dikurebkeun di ponclot gunung Pucung ari awakna di sisi wahangan Cikondang. Eksekusi eta kalawan tragis disaksian ku Bupati Cianjur Aria Wiratanu II anu ngaheruk,nyeri ningal gugurna Aria Cikondang ku cara kitu. Kajadian anu dialaman ku Aria Cikondang, kaalaman oge ku Pangeran Rangga Gempol I / Pangeran Suriadiwangsa (1602-1625) Bupati Sumedang anu gugur sanggeus dihukum pati ku Sultan Agung Mataram, jasad Pangeran Rangga Gempol aya tilu, dampal sukuna dikurebkeun di pemakaman Lempuyang Wangi Yogyakarta Kaler, ragana dikurebkeun di Jln. Krasak pemakaman Sultan Yogya Kota, sedengkeun mastakana dikurebkeun di Banyusumurup didaerah Imogiri Yogyakarta Kidul. Rangga Gempol dihukum pati kusabab dituduh rek baruntak ka Sultan Agung Mataram. Aria Cikondang jeung Rangga Gempol ngan conto leutik ku kabengisan Kasultanan Mataram sawaktu ngajajah tatar Pasundan,loba deui para bupati Sunda anu dialapatina dihukum pati ku Sultan Mataram. Penjajahan Mataram ditatar Sunda rengse sanggeus dipasrahkeun ka Belanda ngaliwatan perjanjian tanggal 19-20 Oktober taun 1677 jeung 5 Oktober 1705.
Tradisi Kuda Kosong
Cag riwayat gugurna Aria Cikondang anu teu panuju Cianjur raket jeung Mataram anu didukung ku Belanda. Kacaritakeun lalampahan Aria Kidul anu balik deui ka Cianjur bari mawa hadiah ti Sultan Mataram Amangkurat II kayaning kuda Eropa, tangkal Saparantu jeung Keris.
Sapanjang jalan ka Cianjur, ngahaja kuda Eropa teh teu ditaekan ku Aria Kidul, inyana boga pamadegan yen eta kuda teh lain keur tunggangeun dirina, tapi tunggangan Bupati Cianjur kusabab eta kuda hadiah Sunan Amangkurat II keur Bupati Cianjur. Kadatangan rombongan Dalem Aria Kidul ti Kertosuro dibagjageun pisan ku Bupati Cianjur Aria Wiratanu II jeung warga Cianjur. Satepina di pendopo disolawatan, dikukusan ku menyan bodas, dibura ku nini paraji supaya teu kaweur pangacian. Kuda, keris jeung tangkal Saparantu langsung dipasrahkeun ka Aria Wiratanu II ku Dalem Aria Kidul. Bupati Cianjur henteu ngaengkekeun langsung narima keris,bari tuluy naek kuda anugrah Sultan Mataram. Sedengkeun tangkal Saparantu tuluy dipelakeun di alun-alun Cibalagung.Ti harita ampir saban aya karamean, kuda jeung keris remen diaben sapanjang puser dayeuh Cianjur jadi hiji tradisi nu disebut tradisi Kuda Kosong.
Tradisi Kuda Kosong jeung Rd. Suryakancana 
Tradisi Kuda Kosong diaben saban taun ku unggal Bupati Cianjur samemeh datangna penjajah Jepang taun 1942. Biasana diarak-arak unggal kariaan muludan, Kuda Eropa oge katurunana dijaga pisan ku kuncen anu digaji ku Bupati. Ngan sanggeus Jepang asup ngajajah,tradisi kuda kosong teu dipidangkeun deui, harita anu jadi bupati Cianjur nyaeta RAA. Surianata Atmaja (1934-1943),jeung R. Adiwikarta (1943-1945) . Sanggeus Jepang serah bongkokan ka Sekutu taun 1945, jabatan Bupati Cianjur dicangking ku R. Yasin Partadireja, R. Iyok Muhamad Sirodj, R. Abas Wilagasomantri. Dina mangsa ieu kariaan Kuda Kosong tacan deui dipidangkeun.
Sawaktu bupati Cianjur dicangking ku menak Bandung Rd. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950) inyana hayang meunang pangangkeun ti urang Cianjur kusabab inyana lain bupati pituin asli Cianjur. Ngan najan lain putra pribumi Cianjur Dalem Ateng daria pisan ngamumule seni Cianjur jeung tradisi has Cianjur kayaning yasinan unggal malem Jumaah di Pendopo, jeung ngahirupkeun deui seni tradisi lainna kayaning mamaos jeung maenpo. Dalem Ateng teu putus-putus nepungan para tokoh di Cianjur menta kamandang sangkan tradisi has Cianjur hirup, inyana remen silaturahmi ka ulama jeung tokoh Cianjur sejena mangsa harita.
Dalem Ateng hayang ngahudangkeun deui tradisi Kuda Kosong has Cianjur, kukituna inyana meunang saran ti hiji tokoh awewe sakti urang Cidaun anu mere jalan tata cara tradisi Kuda Kosong, ngan tradisina beda jeung tradisi Kuda Kosong titinggal Dalem Aria Wiratanu II. Tradisi Kuda Kosong anu baris dipidangkeun deui disaruakeun jeung tradisi Kuda Kosong anu aya di Ciamis nyaeta ngondang raja lelembut Onom ka Pendopo Ciamis kujalan arak-arakan Kuda Kosong.
Dumasar saran paranormal ti Cidaun, tradisi Kuda Kosong ditambahan ku tradisi ngalinggihkeun jeung ngalungsurkeun raja lelembut ka kamar kosong paranti sasaji di pendopo Cianjur. Tradisi Ngalinggihkeun nyaeta ngulem Rd. Suryakancana raja lelembut nu ngageugeuh gunung Gede Cianjur nu dipercaya putra Dalem Cikundul bupati Cianjur munggaran. Nu kahiji nyadiakeun sarupaning sasaji anu dipercaya jadi kaseneng Rd. Suryakancana, eta sasaji teh dipernahkeun di rohangan husus pikeun Rd. Suryakancana di pendopo Cianjur nu disebut Kamar Kosong. Sasaji disiapkeun dina malem rek diayakeunana arak-arakan Kuda Kosong. Sedengkeun pikeun tungganganna disiapkeun kuda jalu pulas hideung, jeung deuih peuting samemeh kariaan kuda teh kudu dimandian langsung ku Bupati Cianjur, ari caina kudu nu asalna ti cai kahuripan di makam Dalem Cikundul di Desa CIjagang Cikalong Kulon Cianjur jeung cai ti sumur pangguyangan Badak putih. Isukna baris diayakeun tradisi Ngalinggihkeun Rd. Suryakancana ti Kamar Kosong ka Kuda anu rek diarak. Sawaktu Rd. Suryakancana rek dilinggihkeun, kabeh gegeden Cianjur ngabaris hareupeun kamar kosong ngabagjakeun raja jin Rd. Suryakancana anu rek dilinggihkeun kana kuda ti kamar kosong. Rd. Suryakancana dilinggihkeun kujalan digandong ku kuncen, ngaliwatan para gegeden anu sungkem ka Rd. Suryakancana anu dipercaya hadir bari digandong ku kuncen,sanggeus dilinggihkeun kana kuda tuluy diarak sapanjang kota Cianjur. Disebut kosong, sabab taya saurang oge anu numpakan eta kuda, ngan pikeun anu percaya eta kuda teh ditunggangan ku Rd. Suryakancana.
Rengse ngurilingan kota, dituluykeun ku tradisi Ngalungsurkeun Rd. Suryakancana tina Kuda ka Kamar Kosong, ampir sarua jeung tradisi Ngalinggihkeun. Dina tradisi Ngalungsurkeun, Bupati Cianjur jeung gegeden lainna geus baris ngajajar ngabagjakeun Rd. Suryakancana anu baris dilungsurkeun ti Kuda ka kamar kosong ku kuncen anu ngagandongna.
Tradisi Kuda Kosong anu ditambahkan ku tradisi ngalinggihkeun jeung ngalungsurkeun Rd. Suryakancana tuluy dipertahankeun nepika jaman bupati Cianjur Ir. Wasidi Swastomo, MSi (2001-2006). Ngan ku Bupati Wasidi tradisi Kuda Kosong dilarang dipidangkeun deui timimiti taun 2001 kusabab aya pangrojong ti para ulama Cianjur ngaliwatan Silmui (Silaturahmi Umat Islam),ulama boga pamadegan yen tradisi Kuda Kosong nyimpang tina Syariat Islam kusabab aya tradisi anu ngangkir mahluk halus nyaeta Rd. Suryakancana ti gunung Gede.
Teu kabeh satuju kana larangan eta, utamana para aktivis budaya ti paguyuban pasundan, dewan kesenian cianjur, lembaga kebudayaan Cianjur jrrd. Antukna ngaliwatan sababaraha kali musarawarah antara ulama jeung aktivis budaya diputuskeun yen Tradisi Kuda Kosong bisa dipidangkeun deui asal tradisi Ngalinggihkeun jeung tradisi Ngalungsurkeun Rd. Suryakancana dihapus. Nepika ayeuna Kuda Kosong bisa dipidangkeun deui sanggeus kariaanana disampurnakeun deui saperti asalna dina jaman Bupati Cianjur Aria Wiratanu II anu teu ngahubungkeun jeung hal-hal mistik. Ngan Kamar Kosong di pendopo mah geus teu aya, diganti fungsina jadi perpustakaa, kitu deui di Ciamis tradisi Kuda Kosong keur raja lelembut Onom jeung kamar Khususna geus dihapus taun 1980-an. (Minggu, 5 April 2013) 







          Rundayan Bupati Cianjur
1.R.A. Wira Tanu I / Dalem Cikundul (1677-1691)
2. R.A. Wira Tanu II / Dalem Tarikolot (1691-1707)
3. R.A. Wira Tanu III / Dalem Dicondre (1707-1727)
4. R.A. Wira Tanu Datar IV / Dalem Sabirudin (1927-1761)
5. R.A. Wira Tanu Datar V / Dalem Muhyidin (1761-1776)
6. R.A. Wira Tanu Datar VI / Dalem Enoh (1776-1813)
7. R.A.A. Prawiradiredja I / Dalem Sepuh (1813-1833)
8. R. Tumenggung Wiranagara / Dalem Tonggoh (1833-1834)
9. R.A.A. Kusumahningrat (Dalem Pancaniti) (1834-1862)
10. R.A.A. Prawiradiredja II / Dalem Alibasyah (1862-1910)
11. R. Demang Nata Kusumah (1910-1912)
12. R.A.A. Wiratanatakusumah (1912-1920)
13. R.A.A. Suriadiningrat (1920-1932)
14. R. Sunarya (1932-1934)
15. R.A.A. Suria Nata Atmadja (1934-1943)
16. R. Adiwikarta (1943-1945)
17. R. Yasin Partadiredja (1945-1945)
18. R. Iyok Mohamad Sirodj (1945-1946)
19. R. Abas Wilagasomantri (1946-1948)
20. R. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950)
21. R. Ahmad Suriadikusumah (1950-1952)
22. R. Akhmad Pena (1952-1956)
23. R. Holland Sukmadiningrat (1956-1957)
24. R. Muryani Nataatmadja (1957-1959)
25. R. Asep Adung Purawidjaja (1959-1966)
26. Letkol R. Rakhmat (1966-1966)
27. Letkol Sarmada (1966-1969)
28. R. Gadjali Gandawidura (1969-1970)
29. Drs. H. Ahmad Endang (1970-1978)
30. Ir. H. Adjat Sudrajat Sudirahardja (1978-1983)
31. Ir. H. Arifin Yoesoef (1983-1988)
32. Drs. H. Eddi Soekardi (1988-1966)
33. Drs. H. Harkat Handiamihardja (1996-2001)
34. Ir. H. Wasidi Swastomo, Msi (2001-2006))
35. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2006-2011)

36. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2011-2016)       

1 comment:

  1. "Bandar togel singapore terbaik indonesia

    Agen TOGEL 4DPOIN,Online Terpercaya.
    Minimal Deposit Dan Withdraw 20.000
    Keterangan Lebih Lanjut, Anda Bisa Hubungi Disini.
    ★ Pin BBM : D1A279B6
    ★ Pin BBM : 7B83E334
    ★ Whatsapp : +85598291698
    ★ Skype : Poin.4D
    ★ Line : +85598291698 "

    ReplyDelete