Thursday, May 22, 2014

BADUY / RAWAYAN URANG KANEKES

Cek Urang Baduy Bag I :
DINA SASAKALA NGADEGNA DUNYA, NABI ADAM LAIN URANG ARAB
Tina Diktat : Baduy Rawayan Urang Kanekes, Ku Anis Djati Sunda

Tug nepika ayeuna, masih keneh loba anu boga pamadegan yen Urang Baduy teh jumlahna ngan 40 kuren. Ari karesep urang Baduy Cai lutung buruk nu digantung dina para seuneu, karedul mandi, teu baroga agama jrrd. Pamadegan eta dipahing ku Anis Djati Sunda sawargi anu kungsi nalungtik jeung anclub kana kahirupan urang Baduy salila puluhan taun ti taun 1967.” Da eta loba anu ngaduga-duga kana kahirupan urang Kanekes (Baduy) teh, diantarana anu tadi majar teh ngan 40 suhunan, anu jumlahna dipertahankeun. Teu boga aturan hirup, Padahal teu kitu, Urang Kanekes dina segi kahirupan geus miboga system anu lengkap, geus mangrupa peradaban turun tumurun, lain sakumpulan jalma liar nu teu nyaho kana aturan hirup, “ cek Anis Djati Sunda kanu nulis sawaktu jumeneng keneh.
Dina buku “Rawayan Urang Kanekes” Anis Djati Sunda nerangkeun yen sajatimah urang Kanekes ngarasa teu suka disebut Urang Baduy ku urang luar teh. Masarakat Baduy anu ayeuna kabagi ku tilu klasifikasi Jero-Luar jeung Dangka teh leuwih sugema disebut Urang Kanekes utamana masarakat Urang Tangtu (Baduy Jero) anu aya di Cikeuseik, Cikertawana jeung Cibeo. Urang Tangtu ngarasa sugema disebut Urang Kanekes kusabab memang ayana didesa Kanekes, ngan kusabab ayeuna geus umum disebuy “Baduy” ku urang luar, antukna sebutan Baduy ditarima najan kapaksa “ Siganamah pedah aya gunung Baduy jeung wahangan Cibaduy nu jadi sabab urang luar nyebut Urang Tangtu teh Urang Baduy pedah eta gunung jeung wahangan teh teu jauh di padumukan Urang Kanekes, “ cek Anis deui.
Urang Baduy boga anggepan yen maranehna teh katurunan Nabi Adam, tapi pamahaman Nabi Adamna beda jeung pahaman urang Islam ka Nabi Adam AS. Lengkepna aya dipedaran awal diciptakeunana alam dunya jeung jelema, “ Nyacahkeun riwayat urang dieu mah henteu meunang dipisahkeun jeung ngadegna Weweg Sampeg Mandala Pageuh, bisi dimarah para Batara, “. Weweg Sampeg Mandala Pageuh teh alam dunya. Mimiti ngadegna alam dunya cenah diwewengkon Kanekes. Ayana alam jeung manusa teu bisa dipisahkeun, sabab saumpama dipisah-pisah bisi dibenduan ku para dewa (bisi dimarah para Batara).
Dunya anu kuurang dicicingan teh asalna mangrupa hiji wujud barang anu “ ngenclong herang” ngambang di awang-awang. Tina anu ngenclang herang teh aya anu mimiti jadi teuas sagede “jangjang reungit”, nyaeta anu kiwari jadi Sasaka Pada Ageung atawa sok disebut oge Sasaka Pusaka Buana atawa Sasaka Domas, tempat pamujaan urang Baduy anu lokasina ditungtung kulon gunung Kendeng.
Sanggeus kitumah bagian-bagian sejen tinu ngenclong herang teh nungtutan jaradi teuas, nu ahirna duka sabaraha ribu tauh prosesna nu ngenclong herang teh jadi dunya anu ku urang dicicingan. Alam dunya ku urang Baduy disebutna teh “ Jagat Mahpar Palayangan Salawe Nagara” , atawa disebut oge “ Jagat Weweg Sampeg Mandala Pageuh”.
Ari anu mimiti teuas sagede jangjang reungit tea, anu kiwari jadi pamujaan urang Baduy, sok disebut Pancer Buana atawa Pancer Salawe Nagara nu hartina puserna alam dunya.  Sanggeus nu ngenclong herang jadi dunya, rada heubeul taya nu ngeusian. Ku lantaran kitu Gusti Nu Murbeng Alam anu cek urang Baduy mah disebut Nu Ngeresakeun/ Sanghyang Kersa/ Batara Tunggal harita teh nyiptakeun mahluk “manusa cikal” anu dingaran “ Putera Keresa”. Hanjakalna Putera Keresa teh sanggeus dewasa boga talajak adigung, takabur nepika dirina boga pamadegan yen ieu aing lahir sorangan taya anu nyiptakeun. “ Gagah sakali sakti sakali aing ieu, nepika bisa andeg sakitu,” cek kereteg hate Putera Keresa ku takabur-takaburna.
Sanajan sikep takaburna ngan saukur kereteg dina hatena, Batara Tunggal tuluy ngelingan bari nembongan mangrupa cahaya jeung sora , “ Cek Saha sia gagah sia sakti teh, cek saha ?, “ Ningal kajadian kitumah, Putera Keresa ngarasa hanjakal ku talajakna sorangan geus boga rasa takabur, manehna tuluy nyuuh kana bumi nepika beungeut jeung awakna rapet kana bumi, sang putera ngarasa isin ku paripolahna sorangan.  Tonggong Putera Keresa ngajelengelek jadi gunung-gunung anu saolah-olah meulit sakuriling dunya cek istilah urang Baduy mah “ Nonggongan jagat kendeng kumendeng sabudeur bumi,” Satuluyna Tonggong Putera Keresa anu mangrupa gunung-gunung disapanjang pulo Jawa disebut Tonggong Sanghyang Kendeng, malah pulo Jawa oge disebutna Nusa Kendeng anu nyirah ka Sang Hyang Sirah nunjang ka Sang Hyang Dampal. Sok disebut oge “ Nyangsirah ka jungkulan, nunjang ka Balangbangan,”.
Putera Keresa (manusa cikal) anu geus jadi pagunungan sabuder jagat balukar kaisinan ku sifatna takaburna, antukna disebut “Adam Kaisinan”. Inyana disebut oge Adam gagal. Gagal ku hasil nyipta anak nu kahiji, Sang Keresa tuluy nyiptakeun deui Putera Keresa. Anu ieu mah saluyu jeung kahayang Sang Keresa, dina pasipatannana kitu deui adeg pangadegna, estu matak pikaresepen hade hate tur hade budi, someah jeung handap asor. Putera Keresa nu ieu disebut oge Adam Putera Keresa atawa Adam Tunggal, nyaeta Nabi Adam anu jadi kapercayaan urang Baduy nepika ayeuna jeung sakumna panganut Sunda Wiwitan.
Adam Tunggal tuluy nurunkeun tujuh batara ka alam dunya nyaeta : Batara Cikal, Batara Patanjala, Batara Wisawara, Batara Wisnu, Batara Brahma, Batara Hyang Niskala jeung Batara Maha Dewa. Kabeh Batara baroga turunan iwal ti Batara Cikal. Unggal Batara ngrarundaykeun manusia anu jadi pangeusi alam dunya. Ari anu jadi luluhurna urang Baduy nyaeta Batara Patanjala, mimitina sang batara nurunkeun “tujuh sanghyang dalem” anu jadi bibit buit urang Baduy nyaeta :
1.Sanghyang Dalem Janggala karuhunna para Puun Cikeusik sacara turun tumurun nepika ayeuna.
2.Sanghyang Dalem Lagondi karuhunna para Puun di Cikertawayana sacara turun tumurun nepika ayeuna.
3.Sanghyang Dalem Putih Seda Hurip karuhunna para Puun Cibeo sacara turun tumurun nepika ayeuna.
4.Sanghyang Dalem Cinangka 5. Sanghyang Dalem Sorana 6. Sanghyang Dalem Nini Hujung Galuh 7.Sanghyang Dalem Batara Bungsu karuhunna para kokolot adat jeung masarakat baduy sacara turun tumurun nepika ayeuna.
Batara anu kagenep nyaeta Batara Hyang Niskala nurunkeun Genep Sanghyang Dalem anu marentah sarta jaradi karuhun didaerah –daerah sabudeureun wilayah Banten, diantarana :
1.Sanghyang Dalem Lumaju, marentah sarta jadi karuhun didaerah Bongbang.
2.Sanghyang Dalem Cakraitan marentah sarta jadi karuhun didaerah Karang.
3.Sanghyang Dalem Sekar Bondan, marentah jeung jadi karuhun didaerah Jampang.
4.Sanghyang Dalem Jaga Terus Alas marentah jeung jadi karuhun didaerah Sajira.
5.Sanghyang Dalem Jaga Terus Patala marentah jeung jadi karuhun didaerah Jasinga.
6.Sanghyang Dalem Sabakingking marentah jeung jadi karuhun didaerah Banten.
Sedengkeun batara anu sejenna nyaeta Batara Wisawara, Batara Wisnu, Batara Brahma jeung Batara Mahadewa jaradi cikal bakalna para raja, para pangagung jeung kabeh masarakat pangeusi “Salawe Nagara” (sakuliah dunya) sacara turun tumurun nepika ayeuna.Jadi nurutkeun kayakinan urang Baduy mah tetela Nabi Adam teh diciptakeun ku Sanghyang Keresa di Lebak Parahyang (daerah Baduy). Malah urang Baduy sok nuduhkeun hiji tempat anu cenah patilasanana Adam Tunggal ngababakan nyaeta dihiji kampung anu disebut Babakan Adam diwilayah desa Gombong wetaneun desa Kanekes.


Ari Sunda Wiwitan hartina Sunda Poko, Sunda Asal, Sunda Mimiti. Dina sababaraha lalakon Pantun Pajajaran Tengah (Pantun Bogor) dicaritakeun yen agama Pajajaran te disebut Agama Sunda nyeta agama Kasampurnaan. Kecap Sunda teh hartina “Wareh nu nyieun sampurna” (bagian anu nyampurnakeun). Agama Sunda Wiwitan sakumaha anu dianut ku urang Baduy sabenerna ngagem faham monotheisme sakumaha hadirna Batara Tunggal atawa Nu Ngersakeun. Urang Baduy percaya ku ayana Gusti Alloh Nu Maha Esa, pikeun urang Baduy Nungersakeun tetep tunggal najan Nu Ngersakeun nyiptakeun Adam Tunggal nu tuluy ngarundaykeun para Batara. Urang Kanekes rutin ngalaksanakeun muja ka Nu Ngersakeun, ari tempatna mun urang Tangtu Cikeusikmah disasaka Pada Ageung mun urang Tangtu Cibeo di Sasaka Parahyangan masing-masing sataun sakali, mungguh mikawanoh kana wujudnya Nu Ngersakeun Urang Baduy boga falasafahna nyaeta , “ Nu muhung di ayana, tanpa waruga tanpa rupa, teu kaambeu-ambeu acan, tapi wasa disakarepna bae, “. (Luki Muharam)

No comments:

Post a Comment