Sunday, May 11, 2014

Mangsa Medal Prabu Siliwangi / Sri Baduga

 Mangsa Medal Prabu Siliwangi “ (HUT Prabu Siliwangi )


Sawatara poe kaliwat budayawan Anis Djati Sunda (ADS) mere kabar ngaliwatan sms yen naskah mangsa medal Prabu Siliwangi anu kungsi leungit kalayan misterius salila puluhan taun geus kapanggih deui , tuluy sanggeus tepung diimahna di Jln. Veteran I, Gang Kaum IV no. 88 Kota Sukabumi, Jumaah (25/12)  Anis masrahkeun fotokopian tulisanna anu aya katerangan mangsa lahirna Sri Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi ,  “ Katerangan ieu kungsi rek dimuat dina buku Sejarah Jawa Barat sawaktu gubernurna Bapa Solihin GP. Diantara anggota tim panulusuran sajarah anu dijieun Gubernur aya Saleh Danasasmita (alm), tah ku Saleh naskah Mangsa Medal Prabu Siliwangi rek diasupkeun jadi salah sahiji katerangan, ngan dumadakan katerangan teh leungit teu puguh raratanna, harita Saleh tuluy nanya ka sim kuring naha naskah sarupa nu sim kuring aya keneh ? ngan sawaktu dikotektak tetela nu sim kuring oge ilang, “ cek Anis. Sanggeus 36 taun ilang, tanggal 5 Desember 2009 naskah teh kapanggih deui.

Naskah Mangsa Medalna Sri Baduga Maharaja mangrupakeun bagean ti Pantun Bogor, kaasup Pantun Gede / pantun penting nu nyaritakeun para raja, sedengkeun Pantun Bogor leutikmah biasana ngan nyaritakeun hal kahirupan sapopoe sabudeureun karaton, jeung masarakat. Anis jeung Saleh Danasasmita diwarisan Pantun Bogor ku sesepuh Bogor Rakean Minda Kalangan / Rd. Mochtar Kala. Ayeuna kari ADS nu masih keneh aya dikieuna dina umur 70 taun (ADS dilahirkeun di Kp. Ciemas Jampang Kulon Kab. Sukabumi 7 Mei taun 1939), sedengkeun Rakean Minda Kalangan jeung Saleh Danasasmita geus lila mulih kakalanggengan .  “ Naon pentingna katerangan mangsa medalna Prabu Siliwangi ? atuh kacida pentingna pikeun sajarah Sunda. Sabab sapadegan sim kuring nepika ayeuna tacan aya hiji katerangan anu netelakeun iraha-irahana titimangsa medalna Prabu Siliwangi. Nu pabalatak beja teh semet inyana ngadeg raja di sababaraha nagara kaasup di Pakuan Pajajaran, oge semet catetan jumlah pamajikanna anu cek Juru Pantun mah ayakana 151 urangna, “ cek Anis. ADS jeung Saleh Danasasmita oge henteu gampang meunang eta katerangan, sanggeus sawatara taun dipercaya minangka ahli waris Pantun Bogor, hiji waktu duanana di caluk kumpul diimahna Rd. Mochtar Kala, “ Pa Mochtar Kala ngumpulkeun sim kuring jeung Saleh Danasasmita, cenah kuring jeung Ki Saleh geus kapilih ku karuhun pikeun ngawariskeun Pantun Bogor kaasup dijerona soal Mangsa Medal Prabu Siliwangi, sabab ngan kuring jeung Ki Saleh anu mibanda jiwa saharigu, sasusu sahate jeung sarancage, “ pokna. 


Unggal diturunkeunana Pantun Bogor teu beunang dicatet tapi ku jalan verbatim (dikte) kaasup waktu Rakean Minda Kalangan mere katerangan mangsa medalna Prabu Siliwangi, dina eta catetan cek Anis nurutkeun istilah pantun Aki Uyut Baju Rambeng mah disebut Pantun Gede tetela jentre pisan mangrupa hiji informasi ngeunaan medalna Hyang Siliwangi nu dina prasasti Batu Tulis Bogor mah katelah ku sebutan Sri Baduga Maharaja, eta catetan kalayan teges nyebutkeun yen , “ …Sanghyang Siliwangi medal dina poe Kasa lemah windu suda mangsa, cadrakala nawa mangsa guna desa, mung dina itungan mangsa urang amrik mah nimbal ditunggul kapitu wulan kapanca, “ Mun ditafsirkeun ku itungan-itungan jeung tarjamah kiwari diantarana teh kieu : 1. Poe kasa = poe kahiji = Radite. 2. Lemah = 1,  windu = 8 = tanggal 18 bulan Suda Mangsa (bulan Desta bulan Karo) . 3. Nawa Mangsa Guna Desa = 9631 dibalikeun jadi 1369. Sedengkeun tahun Saka 1369 sarua jeung taun 1447 Masehi. 4. Mangsa urang Amrik = kalender urang Amerika (Masehi). 5. Tunggul Kapitu Wulan Kapanca sarua jeung tanggal ka 7 bulan ka 5 hartina tanggal 7 Mei. Jadi mun dicindekeun mah itung-itungan poe tanggal jeung bulan sarta taun lahirna Prabu Siliwangi teh nya eta : Radite 18 Suda Mangsa (bulan Desta, Karo) 1369 Saka sarua jeung poe Minggu  7 Mei 1447 Masehi. “ cek Anis. Anu helokna najan ieu naskah ditulis abad 18 M, geus aya basa Amrik, anu galib pikeun singgetan nagada Amerika jaman ayeuna. “ Saheulaanan mah samemeh aya hasil panalugtikan nu leuwih otentik fakta kasajarahanana, katerangan ieu bisa digunakeun geusan mielingna, tah kitu nyanggakeun ka para sejarawan katut budayawan , “ pokna. ( Luki Muharam / Sukabumi)

No comments:

Post a Comment