Sunday, May 11, 2014

NAGARA URANG CEK PANTUN BOGOR

“NAGARA URANG CEK PANTUN BOGOR”

Kaayaan nagara geus beuki pihawatireun, bencana alam dimana-mana, kasus-kasus korupsi dipilampah ku para elit politik anu sakuduna jadi suri tauladan masyarakat. Lain wae oknum anggota DPR, atawa pejabat pamarentahan, dalah Mahkamah Konstistusi oge Akil Muhtar anu harita Ketuana kagerus kasus korupsi, padahal salila ieu MK teh dianggap institusi pangluhurna saumpama hayang merjuangkeun kaadilan hukum.
Tibaheula keneh, Pantun Bogor geus ngaramalkeun kaayaan nagara sanggeus Pajajaran burak taun 1579 bakal siga ayeuna. Tokoh misterius Aki Uyut Baju Rambeng geus biasa noropong kaayaan alam nusantara ratusan taun kahareup, padahal inyana hirup dina taun 1800 di kampung Jasinga Bogor. Dina lalakon Ronggeng Tujuh Kalasirna diungkapkeun yen kaayaan bakal saperti ayeuna sakumaha gambaran Pantun “       
anu jareneng raruhur pangkat tapi ngaleuleuwihan wates kakawasaan, anu jadi pandita (ulama) tapi mahiwal tina kapanditaanana, anu bararenghar sareba sugih tapi kajembaran arinyana kabeh teh hanteu sawajar. Anu tarani tapi udar tina tali paranti, anu salingkuh bari ngan nganyeyeri bae.”

Aya dina kajayaan dianggapna bakal langgeng, nepika boga sikep sawenang-wenang. Jadi Bupati atawa Gubernur teh nu sakuduna ngabela kapentingan warga, kalahkah sabalikna digunakeun ku sababaraha oknum bupati/ walokota jeung Gubernur keur ngakaya sorangan jeung kulawargana. Samodel anu tumiba ka urang Banten, Tubagus Chaeri Wardana alias Wawan adina Gubernur Banten sawaktu lanceukna tacan asup bui, manehna meunang jujuluk “ Gubernur Jenderal “ Banten ku para pejabat jeung pangusaha, jujuluk eta nandakeun Wawan boga kakawasaan anu gede di Banten padahal ngan saukur ngamamfaatkeun jabatan lanceukna. Ciri-ciri kakawasaan anu sawenang-wenang ieu digambarkeun dina ugeran pantun saperti kieu :
Jelema-jelema anu dibendon Dewa, baris harayang sakti leuwih ti resi. Harayang kawasa unggul ti dewa. Harayang jaya punjul bae ti papada…laju engkena mararaksa mudu alam nurut bae kasakahayang arinyana sakarep-karep. “
Dina bagian lain digambarkeun sikep gumede jeung rasa aing para pangawasa otoriter anu diramalkeun bakal aya dina kahirupan urang sarengse Pajajaran runtag ratusan taun kaliwat , saperti ugeran pantun :
 Ngaing teh raja rajaning raja. Anu sagala bener pangbenerna. Anu wasa ngatur jaman. Euweuh deui raja anu unggul ti aing. Ngan ngaing anu bisa ngelehkeun sakabeh raja anu sajaman jeung ngaing.”
Tangtu gambaran diluhur lain ngan saukur warga Banten, gambaran kakawasaan anu sawenang-wenang kitu kungsi kaalaman ku bangsa urang dina jaman penjajahan, jaman orde lama, komo deui dina jaman Orde Baru mah. Malahmah saking kawasana, pamarentahan Orde Baru wani ngangkat budaya Jawa minangka budaya anu pangluhurna di Nusantara. Sajarah raja-raja Jawa kumplit dipedar dina buku-buku sejarah. Puncakna ngagul-ngagul kajayaan karajaan Majapahit. Sedengkeun suku-suku lain teu dibere tempat saeutik-eutik acan dina buku-buku sejarah di sakola-sakola. Kaasup sejarah Sunda. Malah ngahaja kunu anti Pajajaran disebar dongeng-dongeng anu ngahina ka Pajajaran. Dina mangsa Orde Baru anu ngagungkeun budaya Jawa Pajajaran teh disakompet daun keun jeung sarupaning elmu hitam, Pajajaran teh siluman meong, pellet, jrd.
Lain jaman Orde Baru wungkul, sawaktu jaman kakawasaan Kasultaanan di Jawa oge saumpama medar sejarah, kajadian perang sawaktu Kasultanan Banten, Cirebon jeung Demak ngarurug Pajajaran disaruakeun jeung perang agama antara Islam jeung agama Sunda. Antara pasukan utusan Waliyulloh anu suci ngagempur Pajajaran anu sasar. Hal eta diugerkeun dina Pantun Bogor anu unina kieu :
 Lamun aya keneh patilasan Pajajaran anu nyesa. Laju arinyana mapay-mapay deui lacak-lacak jaman baheula. Tapi marapay teh bari ngaruksak. Sabari najan jaman geus kaliwat ratusan taun keukeuh bari ngahaharuwan majar teh Pajajaran teh kapir anu jaradi setan.
Laju anu ngahaharuwan mararaksa jeung arinyana pabisa-bisa ngareka carita nyarieun dongeng dipajarkeun uga. Beuki lila beuki poek wae pamikiran arinyana, beuki julid wae hate arinyana.
Arinyana diperdaya ku monyet-monyet beureum angen. Ku setan-setan anu ngarupa jelema, ku kapir-kapir tapi barisa ngaji. Anu hanteu bae daek bisa ngarti yen batu teh henteu diurut Pajajaran wae, dipupusti diparunjung teh.
Dewa jurig jeung dedemit henteu ngancik dina batu anu ditulis wae, henteu dumuk dina batu anu ngarupa jalma bae, tapi arayana teh dina pikir anu teu sapamanggih, dina hate anu teu hade.”
Malah nepika ayeuna loba keneh masarakat anu percaya kana dongeng Sasakala Leuweung Sancang anu eusina nyaritakeun Prabu Siliwangi anu diudag-udag Kian Santang dipaksa asup Islam. Siliwangi tuluy ngahiyang salin rupa jadi meong siluman. Padahal jelas-jelas dongeng eta buatan lawan-lawan Pajajaran anu hayang ngahina Prabu Siliwangi,ha lieu dibenerkeun ku Prof. Dr. Hj. Ninna Lubis, MS dina buku Transformasi sejarah Sunda, malah ceuk Nina dongeng eta teh ngajiplak carita Prabu Brawijaya V anu diudag-udag Ku Raden Fatah sangkan asup Islam, tuluy Brawijaya ngahiyang di gunung Lawu.  
Ajaran karuhun dina jaman karajaan Sunda oge dianggap ajaran primitive, jeung tinggaleun jaman isu ieu geus hasil diterapkeun ku bangsa Eropa ka pamikiran bangsa urang anu ahirna make elmu- elmu barat dina ngokolakeun bangsa anu disebut sekuler, misahkeun peran ulama tina nagara, misahkeun peran Resi dina kahirupan kanagaraan. Padahal dina jaman Sri Baduga Maharaja konsep Tri Tangtu dina pamarentahan geus ngajadikeun karajaan Pajajaran dipikagimir ku nagara lain dina bidang pertahanan jeung ekonomi, konsep Tri Tangtu ngaadu maniskeun antara Hak Raja anu marentah, jeung hak Resi anu nyekel undang-undang nagara dumasar ajaran agama Sunda, jeung hak Rama anu jadi penasihat Raja. Dina jaman Sri Baduga Maharaja anu jadi Resi / Bramesta nyaeta Ki Purwakalih sedengkeun anu jadi Rama nyaeta Sang Kuwanen / Prabu Anom Surawisesa. Pendeta anu kapilih jadi Bramesta ngan saurang tina ratusan pendeta, dipilihna oge teu sagawayah, tapi dumasar pamilih para dewa ditingalina tina suluk-suluk bentang dilangit.
Ku ajaran Sekularisme anu datang ti Barat, peran resi dileungitkeun antukna Raja marentah teu make aturan agama. Udagan nagara-nagara Barat nyaeta materialis, kabeh diukurna ku lobana kaungtungan dunya duit, jeung rajakaya. Akibatna sanggeus puluhan taun kabukti, loba jalma pinter kabalinger, pejabat anu teu amanah, lingkungan anu raruksak. Padahal saumpama urang tuhu kana ajaran karuhun saperti urang Baduy moal aya sigana musibah banjir jeung longsor siga ayeuna.
Laju sanggeus sagala kajadian bencana jeung turunna moral kahirupan tumiba ka nagara urang, antukna loba anu saradar loba jalma anu ngaguar deui ajaran karuhun / nenek moyang. Kusabab geus kabuktian yen system hirup karuhun anu kungsi dianggap tinggaleun jaman jeung kampungan teh tetela kabuktian boga ajen inajen anu luhung. Malah kurikulum Pendidikan Nasional anu diterapkeun di sakola-sakola ayeuna ngagali deui atikan karuhun nu disebut Pendidikan berbasis Karaktek Bangsa. Sanggeus sawatara taun nyoko kana pahaman ti Barat.
Kasadaran kana kaluhuran ajaran karuhun oge ngajadikeun loba nu maluruh deui ajaran karuhun diunggal suku, kitu deui anu maluruh Kasundaan, kajadian eta geus kagambar dina pedaran pantun Bogor anu unina :  Laju eta anu keukeuh bae panasaran marapay lacak-lacak anu geus samar, anu laas diusap jaman, engke ngan saeutik dina bilangan, tapi rancage dina hate bari teguh ajeg dina tangtungan. Eta anu saeutik dina bilangan teh, ku dia muru dibantu, tapi sanggeus kudia disilok heula, sina sasar heula dina kasmaran, sina liyeur heula dina katineung… “
Dina pedaran diluhur ditegeskeun anu mapay-mapay deui tapak karuhun teh teu gampang, bakal meunang ujian heula sarta ngalaman nepika sasar jeung lieur heula, jeung deuih kapan henteu saeutik anu ngaku-ngaku nyaho ajen inajen karuhun Sunda laju mere informasi ka balarea anu sasar anu justru beda jeung sakuduna, sakumaha geus ditegeskeun dina Pantun Bogor “ Jeung arinyana pabisa-bisa ngareka carita, nyarien dogeng nu dipajarkeun uga. Beuki lila beuki powek wae pamikiran arinyana,”
Ruksakna moral jeung ruksakna alam, saumpama disusut nu sabenerna aya andil oge ti urang-urang Sunda keneh anu geus ninggalkeun Kasundaanana, hal eta ge geus diramalkeun dina Pantun Bogor sawaktu Hyang Tunggal rek nyiptakeun alam samesta dipedar kieu :
Kacaritakeun Ki Lengser murag ti Kahyangan kaalam dunya, kabeh dewa paburincay megat dimana Ki Lengser muragna. Laju Sang Hyang Wenang jeung Sang Hyang Wening marentah ka para dewa “ Cegat dilebah pengkolan ka Batu Tulis,” cek Sang Hyang Wenang. “ Batu Tulis anu mana ?” cek para dewa. “ Batu Tulis anu engke. Anu engke jaga dijaman Raja Panyelang baris mimiti diruksak, mimiti dicurat-coret heula, laju engkena digempur, “ cek Sang Guru Hyang Tunggal. “ Saha anu baris ngaruksak eta batu ?..” cek para dewa. “ Bangsa Sunda, tapi rawayan arinyana anu engke jaga nyorang disarebut bangsa Pajajaran Bantar Sagara jeung balad-baladna, “ cek Sang Guru Hyang Tunggal. 
Malah dina Wangsit Siliwangi leuwih ditegeskeun yen diantara para pangawal raja oge aya anu teu nurut ka Prabu Siliwangi nyaeta para pengawal anu inditna ka belah wetan. Kusabab anu tuhu ka Siliwangi mah anu milu tapak lacak Prabu Anom Kian Santang ka lebah Kidul, jeung anu ngaler oge anu ngulon. Pangawal anu indit kabelah wetan teh anu rek hianat ka Pajajaran, nyaeta rek babakti ka Kasultanan Banten, jeung Cirebon.
Rundayan pangawal anu ka wetan ieu najan masih boga getih Sunda sakaturunan bakal ngamusuhan ka urang Sunda anu hayang deui ngadeg kajayaan samodel Pajajaran. Malah urang Sunda anu kawetan ieu ngadukung penjajahan lemah cai saperti kauger kieu :
“Anu pang aratohna nyaeta anu misah ka beulah Wetan, naha aratoh ? Kusabab sawaktu jaman Pajajaran ngadeg, arinyana najan pangkat ku raja hanteu kapake, ku somah teu dipikaresep, ari gawe di urut musuhmah sugan we…
Engke jaga nyunyusah bangsa Sunda, jaradi gara-gara Sunda pagirang-girang tampiyan.
Masing nyaraho, kajayaan ngilu jeung dia. Rawayan dia engkena bakal marentah, jaradi pangkat ditanah Sunda. Arinyana baris kamalinaan, diburitna baris keuna babales.” 
Najan sagala kajadian geus tumiba kanagara urang ku lobana kasus korupsi, ruksakna alam kusabab loba hirup teu tuhu kana agama jeung ajaran karuhun, anu anti kana budaya Sunda masih loba malah nepika ayeuna tacan tembong pamarentah daerah anu bener-bener mikamelang kana kalumangsungan budaya Sunda. Paham-paham ketimuran anu ngagungkeun kaluhungan budi pekerti tacan dilarapkeun deui. Nepika iraha ? taya anu nyaho ngan Aki Uyut Baju Rambeng mere gambaran kieu “ Dina runtagna Pajajaran lain Raja Sunda anu eleh tapi memang bangsa Sunda anu eleh, kadeseh dina jaman harita, kadeseh dina jaman kiwari. Malah eleh dina jaman anu bakal datang. Kadeseh, kaelehkeun salilana Opat Jaman nu heubeulna opat kali jangkep saratus taun, “.

Dina Pantun Bogor Prabu Siliwangi wasiat ka sekeseler Sunda ngaliwatan Ki Lengser, sangkan tetep tuhu merjuangkeun nanjeurna budaya Sunda tepika iraha bae, unina kieu : Ka Sia Lengser Ngaing Mihape : Amun ngaing ninggang di apes, mudu jadi babatang dipangperangan, jaga kusia ngaran Pajajaran ulah bisa datang ku laas diusap jaman, ulah bisa lebur ngawun-ngawun, ulah beunang ku angin dibawa leungit,” (Luki Muharam).

No comments:

Post a Comment