Saturday, May 24, 2014

PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA


PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA

Kabupaten Cianjur lian ti kasohor ku tauco atawa manisannana kasohor oge dina ngolah laukna saperti pespol gurame, beuleum laukna, kasohor oge ku pais lauk bibitna, utamana pais lauk tulang rangu hartina cucuk tulangna oge moal matak nyocog lamun dikeremus teh. Taya nu apal sacara pasti asal muasal asakan-asakan khas Cianjur eta, ngan sawaktu ngobrol jeung Rd. Teddy Achdiyat (60) salah saurang pangusaha di Cianjur anu paduli kana kalangsungan budaya Cianjur, manehna boga dongeng ngeunaan asal-muasal pais lauk hipu cucukna.
Cek Teddy anu boga teureuh Dalem Muhyidin / Bupati Cianjur Aria Wiratanu Datar ka IV (periode taun 1761-1776) asal muasal sagala asakan eta lauk teh cenah mimitina tina karesep Dalem Kancra Pejabat Bupati Cianjur anu nyangkring gelar Raden Tumenggung Wiranagara (periode taun 1833-1834).
Nurutkeun buku “ Sajarah Cianjur Sareng Raden Aria Wiratanu Dalem Cikundul Cianjur “ karya Bayu Surianingrat ngebrehkeun yen Tumenggung Wiranagara teh putrana Bupati Cianjur Adipati Prawiradireja I anu marentah Cianjur samemehna. Sanggeus marentah ti taun 1813 nepika taun 1833 Adipati Prawiradireja I menta pangsiun ka Walanda, sarta menta sangkan dirina diganti ku Wiranagara anakna. Ngan kusabab Wiranagara kasohor boga talajak resep moro jeung marak lauk, ku Walanda teu diidinan, tapi kusabab Prawiradireja I oge keukeuh pamentana ditedunan. Wiranagara antukna dijadikeun pupuhu Cianjur kalayan catetan Wiranagara ngan diangkat salaku Wakil Bupati ( Wld = waarnement regent) jeung dibere mangsa uji coba dua taun. Saumpama bisa nembongkan talajak hade dina marentah kadaleman Cianjur, Wiranagara bakal tuluy diangkat jadi Bupati, ngan lamun inyana masih keneh bolay kana jabatan wakil bupatina, bakal dipocot.

“ Kumargi resep kana marak lauk kancra, Eyang Tumenggung Wiranagara mangsa jumenengna sok disebut Dalem Kancra. Karesepna kana marak sareng ngecrik teh sanes kanten, dugi ka wewengkon Pakidulan Cianjur oge diaprak ku mantenna, marak lauk kancrana teh di leuwi Cibuni di pakidulan Cianjur “ cek Teddy. “ Lauk kengeng marak sarta ngajaring sareng ngabedahkeun teh teras diolah janten sagala asakan, ngan Dalem Kancra sok omat-omatan sangkan dina maisna lauk teh kedah nepika nyerep sangkan cucukna oge bisa dikeremus. Ku resep-resepna kana olahan lauk, saur dongeng cenah Dalem Kancra mah sok imeut pisan upami nuang lauk teh, teu sidikna dugi ka dicrokcrokan jeung keremus jeung cucuk-cucukna ‘ cek Teddy deui.
Talajak Dalem Kancra anu resep moro jeung ngala lauk teh mawa matak kana tugasna salaku kapala daerah . Tumenggung Wiranagara remen ninggalkeun kawajibanana melaan karesepna dina moro jeung marak lauk, puncak kakesel panjajah Walanda ka Wiranagara sanggeus mangkir tugas sawaktu Cianjur katiba musibah bituna gunung Gede Cianjur anu sakitu rongkahna. Tumeunggung Wiranagara teu aya ditempat tugasna sawaktu gunung Gede bitu taun 1833,  inyana kalahkan sukan-sukan marak lauk disejen tempat. Tumenggung Wiranagara ngan sataun nyangkring jabatan wakil Bupati, tuluy digantikeun ku rayina benten ibu nya eta Dalem Kusumahningrat / Dalem Pancaniti anu kasohor nyiptakeun Cianjuran.
Sanggeus palastra Dalem Kancra / Tumenggung Wiranagara dikurebkeun di Kampung Pasar Baru Kelurahan Pamoyanan Cianjur Kab. Cianjur. (Luki Muharam)

1 comment:

  1. https://jawarajuragan.blogspot.com/2009/12/juragan-lenong.html?showComment=1532730911558#c6990548242578623819
    Agen TOGEL 4DPOIN,Online Terpercaya.
    Minimal Deposit Dan Withdraw 20.000
    Keterangan Lebih Lanjut, Anda Bisa Hubungi Disini.
    ★ Pin BBM : D1A279B6
    ★ Pin BBM : 7B83E334
    ★ Whatsapp : +85598291698
    ★ Skype : Poin.4D
    ★ Line : +85598291698

    ReplyDelete