Thursday, May 22, 2014

SANG HYANG SIRAH

         HIKAYAT GUHA SANG HYANG SIRAH
Ku Luki Muharam, PAGUYUBAN PASUNDAN CIANJUR

Sang Hyang Sirah ayana ditungtung kulon pulo Jawa, mangrupakeun guha alam anu aya diwewengkon Kab. Pandeglang. Sang Hyang Sirah dikaramatkeun pisan kusabab dipercaya tempat patilasanna Prabu Siliwangi jeung Kian Santang.
Sang Hyang Sirah mangrupakeun salah sahiji tempat nu dipercaya minangka tilas tilemna Prabu Siliwangi, lian d Sang Hyang Sirah aya sababaraha tempat lainna anu dipercaya minangka tempat ngahyangna Prabu Siliwangi saperti basisir laut Tegal Buleud di Ujung Genteng Kab. Sukabumi, kampung Pajajaran di Majalengka, Leuweung Sancang, jsb. Jadi dimana atuh ngahiyangna Prabu Siliwangi anu sajati ? Siganamah kabeh oge bisa wae aya benerna, kusabab sawaktu Prabu Siliwangi Sri Baduga wafat taun 1521 M, lebu jasadna anu diasupkeun kana kendi-kendi leutik dipendem disababaraha tempat di Tatar Sunda, tapi naha atuh riwayatna bisa beda-beda ? sigana etamah lalakon anu datang kabeh dieunakeun sanggeus kendi lebu jasad Prabu Siliwangi dipendem di eta tempat, wallahu alam !
Ari riwayat Sang Hyang Sirah sabenerna mangrupakeun bagian tina Babad Kian Santang. Kacaritakeun guha Sang Hyang Sirah ti jaman raja-raja Sunda remen dipake niis atawa mujasmedi para raja-raja Sunda, jadi lain ngan saukur Prabu Siliwangi wungkul, tapi raja-raja Sunda jeung Galuh luluhurna Prabu Siliwangi resep nyepen di Sang Hyang Sirah. Sakumaha dipedar dina Babad Kian Santang, sawaktu Kian Santang takluk ka Syeh Ali (katurunan Sayyidina Ali RA) di Mekkah kusabab kasaktianana teu bisa ngimbangan kasaktian Syeh Ali, Kian Santang laju miguru ka Syeh Ali sababaraha taun nepika jadi ulama punjul, malahmah nepika dibere ngaran ku Syeh Ali keur Kian Santang nyaeta Syeh Rohmat. Samemehna dina bagian awal Babad Kian Santang dicaritakeun yen Kian Santang oge kungsi mujasmedi heula di Sangyang Sirah lilana 40 poe 40 peuting samemeh inyana nepungan Syeh Ali di Mekkah. Nyepen di Sang Hyang Sirah minangka salah sahiji syarat pikeun Kian Santang samemeh bisa tepung jeung Syeh Ali, sakumaha pituduh wangsit nu katarimana. Sanggeus nyepen di Sang Hyang Sirah, Kian Santang dianugrahan gelar ngaran Galantrang Setra
Sanggeus ngarasa cukupn galap elmu agama Islam di Mekkah di Syeh Ali. Sunan Rohmat atawa Kian Santang tuluy balik deui ka Pakuan puseur Dayeuh karajaan Pajajaran di Bogor pikeun nepungan Prabu Siliwangi ramana. Sanggeus paamprok jeung ramana, Kian Santang ngajak Prabu Siliwangi sangkan asup agama Islam, malah pangajakna ditepikeun sababaraha kali, nepika sang Prabu ngarasa anakna rek merangan dirina kusabab mamaksa sangka asup agama Islam. Boh bisi kajadian perang jeung anak, Prabu Siliwangi ngesat diri, ngarolos ti karaton muru Sang Hyang Sirah jadi brahmana.
Kacaritakeun di Mekkah Syeh Ali hayang mere kanyaah ka Kian Santang muridna kujalan ngahadiahkeun kitab Al Qur-an, ngan kudu kamana masrahkeunana ?  Inyana meunang pitiuduh ti Nu Maha Kawasa, sangkan mawa eta Al Qur-an ka Sang Hyang Sirah. Geus kitumah Syeh Ali miang ka pulo Jawa rek nepungan Kian Santang di Sang Hyang Sirah. Geus kersaning Alloh SWT, di guha Sang Hyang Sirah Syeh Ali panggih jeung Prabu Siliwangi anu geus jadi Brahmana, tidinya duanana uplek ngobrolkeun bag-bagan kapercayaan sewang-sewangan ka Gusti Nu Murbeng Alam, nepika Prabu Siliwangi kataji ku bag-bagan agama Islam anu dipedar ku Syeh Ali, antukna Siliwangi asup Islam harita keneh bari tuluy diwuruk maca Al Qur-an jeung diwejang elmu Tauhid.
Syeh Rohmat atawa Kian Santang anu keur geten nyebarkeun agama Islam di wilayah Pajajaran titinggal ramana, hiji peuting meunang impian panggih jeung Syeh Ali guruna di guha Sang Hyang Sirah, dina eta ilapat Kian Santang dititah mawa Al Qur-an anu disimpen di guha Sang Hyang Sirah. Teu diengke-engke, isukna Kian Santang tuluy muru Sang Hyang Sirah arek mawa kitab Al Quran hadiah ti Syeh Ali. Ngan sawaktu nepika guha Sang Hyang Sirah, Kian Santang reuwas ngadenge aya sora anu keur maca Al Quran di jero guha, sawaktu disampeurkeun leuwih reuwas deui anu maca Al Qur-an ramana anu salila ieu ngejat ti karaton Pajajaran.
Atuh duanana papada ngudarkeun kasono antara bapa jeung anak, sang Prabu Siliwangi ngadadarkeun pangalamanana paamprok jeung Syeh Ali nepika inyana asup agama Islam dibimbing langsung ku Syeh Ali. Kian Santang atoheun pisan ningali kanyataan ramana geus meunang asup agama Islam kalayan suka rela, Prabu Siliwangi tuluy menta ka anakna sangkan Al Quran bawa Syeh Ali tetep disimpen di guha Sang Hyang Sirah pikeun dirina ngadeukeutkeun diri ka Alloh SWT, Siliwangi oge nitipkeun sangkan Kian Santang nuluykeun tahtana jadi raja Pajajaran, kusabab Siliwangi rek netep di Sang Hyang Sirah nepika ajal datang. Ngadenge pedaran kitu Kian Santang nedunan kahayang ramana anu rek netep di guha Sang Hyang. Geus kitu Kian Santang miang deui ka tatar Priangan nuluykeun hancana nyaeta nyebarkeun agama Islam.
Sedengkeun nasib Prabu Siliwangi diguha Sang Hyang Sirah teu kasabit deui, ngan dijero guha aya batu titinggal Prabu Siliwangi anu disebut batu Kuran. Engkena Batu Kur-an di jieun oge ku Syeh Maulana Mansyur di Cikadueun Banten,minangka pangemut dirina ka Batu Kuran di guha Sang Hyang Sirah titinggal Prabu Siliwangi.       
Catetan : Sang Hyang Sirah teu aya hubunganana jeung guha cai Sang Hyang Tikoro di Rajamandala Bandung Barat.


No comments:

Post a Comment